> tah kumargi sakitu.. nya salira oge ulah maksakeun paham pluralisme
didieu.. da' saemut simkuring mah seuseurna didieu sok sanaja plurisme
oge teu sapertos salira mani ngaluarkeun sakabeh elmu pangaweuh pikeun
ngayakinkeun wirehing ali jeng ahlul baet eta titinggal rosul keur
umatna padahal sakaterang simkuring titinggal rosul keur urang ukur
Al-quran jeng hadist sanes ali RA sareng ahlulbait anu sanesna da'
nabi/rosululolloh mah teu nepotisme sapertos pamimpin jamana ayeuna.. 

Neda pangapunten yeuh kang...Jigana mah sanes anjeuna
maksakeun...sanaos karaos ku akang AP sapertos anu maksakeun...upami
sim kuring mah reueus aya dulur urang anu tiasa mukakeun sakitu
mundelna...anu katingal mah jigana kang Agus teh hoyong
"ngajentre"keun naon atuh anu nuju "dipais" teh...
naha bade mais anu daun/cangkang wungkul, atanapi oge sareng eusina...
kumargi islam mah cangkang sareng eusi, kumplit...
saurna mah...aya 2 jangjang anu kedah dipigaduh ku urang...
dimana salah sawios jangjang urang potong atanapi teu gaduh jangjang
dua...moal tiasa ngapung...
mangga hartoskeun/pilarian (upami kersa) bae 2 jangjang eta
naon?...oge ngapung kamana?...
 
> cindekna.. nya pasaualan iyeu urang teundeun di handeuleum sieum
tunda dihanjuang siang paranti nyokot ninggalkeun..
> da' nepi ka yahoo seep quotana oge perkawis iyeu mah moal angges..
> 
> tina pedaran salira anu terakhir iyeu simkuring tiasa nyimpulkeun
wirehing salira mangrupi salah sahiji ti kaum syiah..
walhuaalambisawab... iyeu karek prakiraaan si kuring anu jauh tina
bodo komo pinter mah tebih pisan..

Upami nilik2 dina seratan2 anjeuna, oge "submitt-an2" anu sanes na...
kang AW mah...teu gaduh, alias diajar ninggalkeun bandera2 syareat,
anu karaos/katingalna sakitu seueur simbul2 wungkul...
upami bade oge, jigana mah ku abdi dipasihan bae hiji bandera kanggo
kang Agus W, nyaeta mahzab "Amaliah"...hehe anu tuturunan tina faham  
wahdattul wujud.
hartosna...bahasa wahdattul wujud mah hiji...
da wujudmah ayana dinu hiji...mung hiji nu ngagaduhan sifat Wujud mah...
bahasana sapertos kieu...
ari pejabat teh kan jalmi, berarti jalmi mah butuh barangtuang da
jalmi mah kedah tuang...
berarti rahayat biasa oge sami jalmi wujudna, kedah tuang oge ulah
saukur pejabat wungkul...
janten weh kaditu kana amaliah...
panginten...

> Salira Agus Bw Nyerat oge
> ................... eeeeh keke heula bade tumaros ari Kang Agus P
parantos jatuk rami? heheheheh, waktos nuju KOPDAR teu tataros dugi
kadinya...heheheh, hihihih :-).
>  Upami pamadegan kang Agus P teu panuju kana kawin beda Agama, ulah
dilakonan...iyeu cigana salira teu ninggalai kana ngaran anu ku kuring
di pake "Al Fakir Abu Hafizh" (nu fakir bapana Hafizh)
> janten si kuring lain geus nikah deui malih mah geus boga turunan

sok kadinya jodokeun ti ayeuna, samemeh ka batur oge hade lamun ka nu
deket heula, dulur salembur babakan sunda...hehe

Reply via email to