Assalamu'alaikum Wr Wb
Sampurasun palawargi sadayana....
Langkung tipayun hapute e e e en anu saageung-ageungna kasadaya palawargi, 
khususna ka Kang Agus Pakusarakan anu ku simkuring dipihormat. Ampun puuuuun 
paralun kedah puksu-paksa kasami-sami Manusa mah, anu sami-sami ngagaduhan Akal 
jeung Tarekah ti Alloh SWT, kantenan upami jalmi ngaraos teu geunah kupedah 
pedaran simkuring, hapunten saageung-ageungna kasadayana.

Hapunten bilih lepat tampiiii, simkuring ngaguar teh estuning kudadasar boga 
Akal pamikir bisi dipake salah mikir, tur kadorong pedah kaluar Fatwa 
Kufur-Kafirkeun maksakeun ummat Islam sadunya tunduk Ka Raja, kudu tunduk kana 
Titah Raja sanes nu kieu namina Maksa ka ummat Islam teh? ari System Kerajaan 
eta, nepotisme heunteu? sami sareng Al-Qur'an+Hadist henteu?, kumaha ceuk 
Ulama2 Mazdhab (naon wae)? Tah ieu anu jadi pamikiran keur simkuring baris 
ngaguar Pluralisme.
Naha BENER simkuring teh Kufur lamun boga paham Pluralismeu?, Naha BENER 
simkuring teh teueu ngabela AGAMA ISLAM lamun boga paham Pluralismeu anu 
kabeneran sarua jeung pamikiran kang Jalaludin Rahmat?, estuning simkuring mah 
tutulisan teh neangan anu BENER mungguh Al-Qur'an+Hadist.

Atuh simkuring nuliskeun sabagean Pidato Nabi saw di Ghodir Khum, pan ieu oge 
AL-HADIST anu ngariwayatkeun yen Nabi ngangkat Ali kucara langsung salaku 
Pamingpin di Ghadir Khum aya 110 perawi-perawi ti kalangan para Shohabat, 
dimana nami-nami shohabat éta aya dina kitab-kitab Mzdhab Sunni/Ahlussunah 
Waljamaah, dikutip ku 84 perawi-perawi hadist di kalangan Tabi'in, 360 
perawi-perawi dikalangan Ulama Sunni/Ahlussunnah Waljamaah anu nyantmkeun 
Hadist Al-Ghadir. 26 Ulama Ahlussunnah Waljamaah (Sunni) anu nyepeng Hadist 
Al-Ghadir.
Catetan nami 110 perawi-perawi ti kalangan para Shohabat, aya disimkuring 
sareng nami Kitabna, ngan ari kabeh kitabna-mah simkuring teu kabedag melina. 
catetan ieu oge pamere ti lanceuk jeung adi ipar simkuring.

Titingal urang AL-QURAN, nerangkeun heunteu ayat-ayatna perkawis Ahlul Baet? 
kumaha suraoh Al-Ahzab ayat 33 (tiantawisna).
Jueng Hadist, aya anu ngariwayatkeun Hadist Nabi saw heunteu perkawis kautamaan 
Ali r.a, Incu Nabi saw nerangkeun para Imam ti Ahlul Baet?

Cobi tingal dina bacaan Sholat nalika Attahiat, hehehehe, keur nalika 
budak....:-)
"Allohumma Sholli 'ala Muhammad Wa'ala Ali (Keluarga) Muhammad", "Kama 
Shollaita 'ala Ibroohim wa'ala Ali (Keluarga) Ibroohim", dst...

Naha kuayana Hadist Al-Ghadir tur bacaan Sholawat ka Aali (Keluarga) Nabi saw,  
kangjeung Nabi saw teh Nepotisme kitu? atawa ah bohong Hadist Ghadir Khum teh, 
jieunan Hadist Syi'ah waee?, apan anu ngariwatkeun jeung Kitab2na ogenan aya ti 
Suni anu sok diangge ku Ahlussunnah jeung Manhaj Salaf. (Bade diangge rujukan 
nuhun, heunteu mah teu sawios-wios, moal matak untung jeung rugi keur simkuring 
mah)...heheheh...hihihihi ...:-)

Atuh ka Kang Kumincir ngahatur keun nuhun kana ngalempengkeunnana, simkuring 
mah reueus lamun aya nu ngalelempengkeun teh, tawis kaangken..tur nyaaheun 
kasimkuring, heheheh, heheh, nuhun ah, janten kedahna "hirup katungkul ku pati, 
paeh teu apal di mangsa"...leres nuhun Kang.

Saterasna simkuring nyutat Hadist-Hadist anu sok dianggo di Syi'ah lain berarti 
kuring Madzhab Syi'ah, simkuring nyutat Hadist-Hadist anu sok dinaggo di Sunni 
lain berati kuring Madzhab Sunni. apanan ieu dina raraga Silih Asah, silih 
tukeur kanyaho, lain silih ENCAP syiah/suni jrr, bisi simkuring salah mikir, 
salah pamadegan, salah Laku lampah.
Lamun Simkuring salah, mangga lereskeun ku AL-Quraan+Hadist. manawi palawargi 
kagungan katerang kango ngabantahna HADIST AL-GHADIR anu dijantenkeun rujukan 
kusimkuring, tangtos simkuring baris nampi pisan.

Hatur nuhun ka Kang JK, leres pisan simkuring mah mung ukur ngajentrekeun 
tikawit Syari'at sareng Hakikat mungguh Al-Qur'an+Al-Hadist anu kamamhum 
kusimkuring, diawurkeun di ieu milist teu aya sanes bilih pamikiran simkuring 
salah, tamada simkuring kabaraya Urang Sunda di ieu milist nyuhunkeun paparinan 
pangwurukan...

sakali deui, hapunten anu kasuhun.
Wassalamu'alaikum Wr Wb
Rampes
baktos
Agus Wirabudiman.

Reply via email to