Heu heu heu ...

kang OTA (Ono Taryono .. ari A na naon nya ?) ....

Budak kuring sakola di TK, sabulan mayarna 4 rebu yen, sabab kuring kaasup
jalma teu mampu .. he .. he ... Di dieu nu sakola dianggap teu boga
panghasilan, sing enya oge meunang beasiswa, sabab lamun dijumlah dina
sataun, cenah pangasilan bersihna teh bakal kurang ti 1,4 juta yen. Pangala
bersih ieu hartina duit nu bakal disimpen di bank keur tabungan, geus
dikurangan keur kaperluan sapopoe.

Dina mayar imah, kuring cicing di imah pamarentah kota, mayarna oge 15 rebu
yen, 30 persen tina total nu kudu dibayar kunu boga pangasilan. Mayar
asuransi kasehatan oge kurang leuwih 2 rebu yen sakulawarga. Lamun berobat
ka rumah sakit, meunang fasilitas nu sarua tur mayarna oge angger 30 persen
tina nu kudu dibayar. Teu kabayang mun kudu mayar leuwih gede, meureun sieun
rek ka rumah sakit oge. Jadi ... ceuk kuring mah teu kudu kabeh gratis tanda
pamarentah mampu, tapi "proporsional" (naon nya basa Sunda na ..)

Geus ah bisi panjang teuing

budhi
kurono kopo 241


On 11/28/06, [EMAIL PROTECTED] <[EMAIL PROTECTED]> wrote:


Sapuk, pikeun Kang Budhi mah mayar SPP teh cukup 25 rebu we, ngan *25 rebu
yen* lain *25 rebu rupiah* heuheuheu...
Apanan Kang Budhi mah sapopoena oge de Jepun lin...?!


OTA
MT Haryono Kav. 4-5



kuring mah lain teu resep kanu gratisan teh, ngan leuwih resep deui kanu
adil.

sakola gratis lain teu hebat, ngan lamun nu asup sakola ka dinya anak
direktur BUMN upamana, nu gajina sabulan leuwih ti saratus juta, ceuk kuring
mah asa teu adil. meureun hadena mah bayaran sakola teh ditempo tina
pangasilan kolotna, asa wajar mun anakna pa direktur mayar SPP 5 juta
upamana, ari keur pantaran kuring mah *cukup we 25 rebu* oge...

aya kitu sakola model kitu nya ?

budhi
kurono kopo 241,_._,___






--
budhi at urang-sunda dot or dot id

Reply via email to