Kuring nyoba ningali tina sudut pandang (tuh kan basa indonesia
he..he..he...) anu beda.
kajeun salah oge, EGP.

Khususna ti sisi barudak ngora salaku pangwaris basa sunda.

Kondisi psikologis barudak ngora anu masih keneh labil jeung gampang
kapangaruhan, mangrupakeun salah sahiji sabab tara dipakena basa sunda "yang
baik dan benar", atawa dicampur ku basa sejen.

Conto: "keun ke ku saya dibenerkeun"
Naon hesena ngomong: "keun ke ku abdi/urang/kuring dibenerkeun"

Naon sababna leuwih milik kecap "Saya" tibatan "urang/kuring/abdi"?

Geuningan masalah na mah dina "RASA".

Kecap "saya" karasana teh "aman", teu kasar, teu lemes.
Beda lamun make kecap "urang", rasana Kasar.
atawa make kecap "Abdi", rasana lemes.
malah lamun make kecap "kuring", rasana katinggaleun jaman.

(Ka anu ngomongna make "Saya", sok siah ngaku..... pasti embung kasar tapi
oge males lemes, malah teu sudi teuing disebut kampungan)

Ahirna kalimah-kalimah basa sunda teh dina sababaraha bagian anu nunjukeun
Kasar atawa Lemes, diganti ku basa anu "Netral".

Tuh geuning, masalahna mah dina Kasar jeung Lemes.

Malah lamun ditengetan leuwih jauh, tina masalah kasar lemes teh, nepi kana
lebah "Harga Diri".
Lamun urang ngomong sunda anu lemes, tangtu bakal disangka "Urang Kampung".
Sedeng lamun urang ngomong sunda kasar, tangtu bakal disangka "Teu nyakola".

Anu ahirna, kalolobaan jalma sunda ayeuna, lewih milih "Cari aman".
Ngomongna di campur ku kecap sejen, supaya rasana netral.

Padahalmah, kasar lemesna basa eta teh mangrupakeun ciri kabeungharan basa.
Teu kudu gengsi lamun urang ngomong lemes atawa kasar.
oge ka anu ngadengekeun, teu kudu ngarasa "teu dihargaan" lamun panggih
jeung jalma anu ngomong kasar/basa loma.

Ku kituna baraya,
Geus lah ayeuna mah urang silih bebaskeun hate. Batur rek ngomong basa
lemes, rek ngomong basa loma, teu kudu ngahakiman.
Nu pentingmah maksud caritaan manehna katarima ku urang.



On 11/29/06, kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

  Ari ceuk kuring mah gampang pisan, sarua bae jeung sesebutan pikeun
jalma sejen. Urang nyebut "urang Sunda" sami bae sareng kasus "urang
Inggris", nu nujul kana harti yen eta jalma teh boga getih Sunda atawa
sarakanana aya di tanah Sunda; atawa jalma nu boga getih Inggris atawa
sarakanana di Tanah Inggris. Jadi ulah olohok mun aya jelma hideung lestreng
ciples urang Aprika n

Kirim email ke