Cih...... sarua kang sok pada ngece....!

Anak kuring 10 taun, jeung 7 taun awewe deuih, kadang-kadang sok ngomong
basa "kasar", ku indungna mah sok dicaram, tah ku kuring mah tara di caram,
keun antepkeun hayang nyaho lah.

Keun lah meh basa Majalengka teu tumpur.


On 11/30/06, Agus K PAKUSARAKAN <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

  ceuk kuring mah basa sunda moal di tinggalkeun salami.. nu namina undak
unduk basa ulah pati teuing di elu elukeun..
kuring boga dulur ti pamajikan cindekna mah adi beuteung uing..
manehna lain teu hayang ngomong ku basa sunda
mung sieun da' basa sunda na kasar (ceunah)
tah hiji tugas kanu sok nyarios ku basa sunda lemes, mun bisa ulah moyok
kanyu nyarios sundana kasar amah manehna teu sieun ngomong basa sunda, da'
kumaha atuh kabisana ukur nu kasar, komo di tangerang rada ka teluk naga
mah.. basana aing dewek dia sia jeng sajabana...
oan di bandung mah di poyok meureun mun kitu.. "ihh basa sunda na kasar"



On 11/29/06, Nandar Robbyana < [EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>    abdi sapagodos sareng Pa Maman yen basa sunda teh bakal ditinggalkeun
> ku urang sunda aya sababaraha perkawis numatak urang sunda teu nganggo
> bahasa Sunda, diantawisna urang sunda nu hijrah ka hiji daerah anu bahasana
> sanes bahasa sunda, putra2 urang bakal mayunan dina masalah bahasa, urang
> sunda anu linggih ditanah sunda tapi ngadumuk diwewengkon anu seueur kaum
> pendatang otomatis barudak urang nganggo bahasa nasional.
>
> punten ieu abdi gaduh patarosan mugia para wargi kusnet tiasa masihan
> pencerahan:
> 1. ari nudisebat urang sunda teh anu kumaha?, naha trah sunda anu
> ibu-ramana sunda bolongkotan, urang diluar trah sunda tapi dina tingkah
> paripolah anu munjul teh masalah kasundaan.
>
> hatur nuhun
>
> yayan, Bogor
> *ucep wahyudin <[EMAIL PROTECTED] co.id>* wrote:
>
>  Saur Akang mah Neng Ina basa sunda teh  moal tumpur. Ari basa sunda nu
> ayeuna mah tos kalebetan basa sangsekerta jeung arab atanapi eropah
> kemir basa sunda, tomat basa inggris,indonesa
> gamparan sunda,sendal ing ind
> jalmi sunda,manusa sangskt, man ingrs
> jandela portugis naon sundana ?
> rahayat arab, cacah sunda
> www.hr-uwj.com
>
> *Ina Ratnawulan <[EMAIL PROTECTED] >* wrote:
>
>  haduh lucu pisan ieu Kang...
> dugi ka akey2an sorangan
>
>
> ----- Original Message -----
>
> *From:* mamangantra2000 <[EMAIL PROTECTED]>
> *To:* urangsunda@yahoogroups.com
> *Sent:* Friday, November 24, 2006 4:22 PM
> *Subject:* [Urang Sunda] Fwd: Basa Sunda Tereh Tumpur?
>
>
>  --- In Baraya_Sunda@yahoogroups.com, "Rahman" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Tulisan meunang Kang Tata...meunang mulung tina MP. RH
>
> Basa Sunda Tereh Tumpur? Nov 23, '06 5:24 PM
>
> Ngajawab ieu patalekan sabenerna enteng bangga. Enteng, da memang
> tinggal ngajawab. Naon hesena ngajawab? Tapi oge bangga sabab lamun
> hayang ngajawab kalawan bener tangtu kudu dirojong ku rupa-rupa
> alesan
> nu ngarojong jawaban urang. Jadi? Ah kuring mah moal ngajawab, rumasa
> kurang elmuna. Keun eta mah bagean para ahli anu memang rubak
> bekelna.
>
> Kahariwang yen basa Sunda bakal tumpur memang asup akal, lamun urang
> nengetan basa Sunda nu dipake ku sabagian gede kalangan nonoman
> Sunda.
> Basa nu dipake geus pabaliut jeung basa deungeun atawa basa sejen,
> utamana basa Indonesia 'jakartaan'.
>
> "Aduh, nggak mau maneeehh.." (pemeo temporer taun 90-an, euweuh
> hartina iwal ti nembongkeun kagumbiraan. Contona: wanoja panggih
> jeung
> jajaka kasep, terus nyarita ka baturna papada wanoja, "Aduuh, nggak
> mau maneh.. na eta mah mani kasep-kasep teuing nya?")
> "Urang mah mun ngobrol jeung si eta pasti keketawaan.." (maksudna:
> seuseurian)
> "Bapa urang ge bangga urang bisa rengking hiji.." (maksudna: reueus)
> "Besok meunang teu urang maen ka rumah?" (maen dina basa Sunda
> hartina
> ngadu, judi. Padahal di dieu tangtuna ge maksudna ulin).
>
> Loba keneh sabenerna kalimah-kalimah anu direumbeuy ku basa
> Indonesia,
> nu hartina baris jadi nyaliwang lamun urang pengkuh nyekel kana
> tetekon kana basa Sunda anu 'bener'. Sanajan kitu, kadang-kadang
> kuring sok mikir sorangan. Basa teh pan diciptakeunana pikeun
> komunikasi anu tujuanana sangkan nu ngobrol jeung nu diajak ngobrol
> papada ngarti kana naon anu diobrolkeun atawa anu jadi jejer obrolan.
> Lamun nilik kana tujuanana, atuh meureun teu salah sapanjang nu
> ngobrol make basa Sunda campur aduk teh papada ngarti, da tadi ge
> tujuanana teh nya komunikasi tea. Nyambung, mun cek barudak ayeuna
> mah.
>
> Nya ieu pisan anu kadang-kadang nu ngondang pebentar paham teh. Cek
> kaum 'konvensional', komunikasi teh lain saukur papada ngarti, tapi
> oge kudu bener, boh kekecapanana, boh undak usukna. Cek kaum
> 'moderat', keun we rada teu bener oge, nu penting mah daek keneh
> ngagunakeun basa Sunda, tinimbang lapur pisan. Malah cek nu
> 'revolusioner' mah, rek ngobrol make basa naon ge nu penting mah
> nyambung, papada ngarti, na make kudu riweuh sagala?
>
> Sababaraha pamanggih nu disebut di luhur nepi ka ayeuna masih terus
> dipadungdengkeun. Ngan keur sakuringeun, idealna mah nonoman atawa
> generasi ngora angger kudu apal tur ngarti mana basa Sunda
> nu 'bener',
> sabab ieu teh modal nu kacida gedena. Cenah eta dina waktu ngobrol
> jeung babaturanana make basa Sunda 'teu bener', keun we teu nanaon,
> nu
> penting manehna nyaho kumaha basa Sunda nu sakuduna. Mun teu kitu,
> tangtu baris aya 'gap' anu beuki anggang antara generasi 'kolot'
> jeung
> generasi ngora, da masing-masing boga 'basa sorangan' tea.
>
> Carana? Nya kudu aya komunikasi antara kolot jeung budak tea. Lengkah
> awal nu kacida utamana, euweuh deui iwal ti ngatik tur ngajak barudak
> di imah sewang-sewangan sangkan wawuh kana basana sorangan. Ulah
> ngarasa reueus mun anak urang - nu indung bapana pituin urang Sunda -
> palahak polohok teu ngarti basa Sunda.
>
> Anu kadua, mun budak salah ngomong basa Sunda, ulah diseukseukan.
> Anggur deukeutan, terus perenahkeun kumaha kuduna. Lamun dicarekan,
> tibatan jadi bener, budak kalahka tinggar kalongeun. Tungtungna kalah
> hoream nyarita ku basa Sunda, sabab sieun dicarekan tea. Lapur weh
> mun
> geus kieu mah.
>
> Kadang-kadang sok loba dongeng pikaseurieun mun pangangguran nengetan
> basa Sunda barudak jaman kiwari. Di handap ieu aya sababaraha dongeng
> nu dicutat tina pangalaman guru basa Sunda di SD.
>
> Soal Basa Sunda
> Teruskeun kalimah-kalimah di handap ieu ku hidep.
>
> Soal : Ibu tuang, abdi ....
> Jawab : hoyong.
> Soal : Bapa angkat, abdi ....
> Jawab : ngiring.
> Soal : Ulah sok huhujanan bisi ....
> Jawab : diteunggeul.
> Soal : Cikaracak ninggang batu laun-laun jadi ....
> Jawab : tarik.
> Soal : Nini kulem, abdi ....
> Jawab : oge.
>
> Nu ieu mah soal basa Indonesia, dijawab ku budak anu 'nyunda' pisan.
>
> Soal : Pencuri itu lari tunggang ......
> Jawab : tonggeng.
>
> Keur mimiti ngadenge dongeng-dongeng tadi, kuring ngagakgak. Tapi
> lila-lila kalah ngahuleng. Enya kitu basa Sunda teh tereh tumpur?
> Tetela, ieu teh pikiraneun urang sarerea.
>
> --- End forwarded message ---
>
>
>
>
>  ------------------------------
> Sekarang dengan penyimpanan 1GB
> 
http://id.mail.yahoo.com/<http://sg.rd.yahoo.com/mail/id/footer/def/*http://id.mail.yahoo.com/>
>
>
>  ------------------------------
> Want to start your own business? Learn how on Yahoo! Small Business.
> <http://us.rd.yahoo.com/evt=41244/*http://smallbusiness.yahoo.com/r-index>
>
>


--
----------------------------------------------------------------------
AGUS PAKUSARAKAN
08128377662, 02193264068
www.hr-uwj.com (mangga geura deu2l dulur urang rek manggung
----------------------------------------------------------------------
Koperias Amanah Sunda
www.inkas.wordpress.com
www.azzoman.wordpress.com
---------------------------------------------------------------------
http://aguspakusarakan.blogspot.com/
http://geocities.com/prabu_siliwangi
http://geocities.com/lodaya_9
http://azzoman.indonetwork.co.id/
http://siliwangi.blogs.friendster.com



Reply via email to