pamiarsa sadayana, bari ngantosan rapat nu sok telat bae, si kuring rek
ngacaprux...

kuring boga babaturan keur SMA. sobat dalit nepi ka ayeuna. manehna teh
sabenerna mah lanceuk kelas. ngan teu naek di kelas hiji alis ngendog.
padahal teu bodo-bodo teuing siga uing. beh dieu kapanggih. harita manehna
tara sakola. ngadon ulin di stasion. sakapeung sok bari mabok mansion
house. naon sababna? nyeri hate. peurih pisan karasana, cenah. naha ku
naon kitu?

sok we ku maneh bayangkeun, boga indung unggal poe ceurik di imah. sigana
nyeri hate kabina-bina, dikakaya kunu jadi bapa. lanceuk2 kuring jeung adi
kuring tangtu we ambek sagede gunung kanu jadi bapa. tapi piraku kudu
ngagaplok kolot mah? antukna dipendem dina hate. beuki nyeri. hirup asa
teu purun. komo sakola...

alah ieung? naha kumaha kitu bapa silaing?

kawin deui, kehed! cenah...

beu...

kuring-keur SMA oge- boga babaturan nu unggal poe mabok gele jeung boat.
panasaran, da piraku ari ngan ukur gaya atawa gaul mah. beu teuing,
manehna oge sarua jeung sobat nu tadi. nyeri hate alatan indungna
dinyenyeri ku bapana nu kawin deui.

beu...

teu euweuh batur nu ngarandapan kanyeri kapeurih nu nyesa jadi gegedoh
hate nepi ka kolot ku kajadian eta, si bapa nyandung alias ngogo karep.

loba kajadian, urang sunda nu rada sukses usaha, pikeun aktualisasi diri,
lain nyieun pausahaan-divesifikasi tea, tapi kalah ka nyandung. atukna
rumah tanggana rajet, pausahaan bangkrut, anak rarusaks.

kalolobana urang can nepi ka bisa make ayat eta.

--------
ayat kontekstual
loba ayat nu turun sanggeus hiji kajadian, diturunkeun pikeun ngajelaskeun
atawa mere pituduh pikeun hiji kajadian. nu cek kuring mah disebutna ayat
kontekstual. mun aya deui kajadian samodel kitu, tah koncina atawa setirna
eta ayat. loba masyarakat nu can siap narima eta ayat. siga kecap adil nu
jadi sarat nyandung. gampang nyebut, hese prak. adil ka pamajikan nu
kolot, da ongkoh manehna rido bakat ku nyaah ka zalaki atawa daripada
ditalak da hirup pastina jadi riweuh ari jadi  randa mah-komo bari teu
bisa usaha.
nu jarang dibahas, adil ka barudaks.

ayat nyandung turun sabada perang. harita tentara islam loba nu tewas di
medan perang. loba randa. pakait jeung konteks budaya arab nu harita nepi
ka ayeuna geus siap dina budaya nyandung, kaluar ayat eta.

di arab ti baheula nepi ka ayeuna, loba zalu nu nyandung. di saimahkeun,
nu kolot di lantey luhur, nu ngora dihandap, jst. cek kuring sabab budaya
masyarakatna geus kitu. beda jeung urang, nu boga hate beda, leuwih
leuleus da dicipta ku alamna nu teu tandus bin gersang siga di jazirah
arab.

Islam agama nu bisa dideukeutan ku nalar, logika, otak jeung hate. matak
aya kecap Qolbu sagala-dijadikeun merek ku Gymnastiar, manajemen qolbu
tea. ayat munggaran oge apan Bacalah, atas nama tuhanmu. ieu hartina, kudu
nguteuk. loba tungtung ayat nu make panutup: mun maraneh malikir, atawa
mun maraneh nyaraho. ieu hartina ngahartikeun ayat -oge nyanghareupan
hirup- kudu make uteuk jeung hate. komo ayeuna ceuk cenah loba hadist
palsu. palsu henteuna kudu ditalungtik ku uteuk ti
sungapanana-asal-usulna,saha nu ngarawina, jst. sarua jeung ayat qur'an,
kudu apal keur aya kajadian naon harita, nepi ka ayat2 nu khas eta turun.

Hate
jelema hirup ku akal: uteuk jeung hate. aya jurus ti pangeran mun bingung
nangtukeun hiji urusan: ijtihad, alias pake hate! heuheu.

mudah2an we tujuh anak Gymnastiar ti ceu Ninih, moal nepi ka ngalaman
kanyenyerian siga babaturan SMA kuring..!

geus ah, dicarekan euy ku kolot. rapat geus jalan teu ngabandungan.
mj

http://geocities.com/mangjamal










Kirim email ke