Mang H, damang? Assalamualaika Sanes hoyong ngawilah-wilah tapi da kitu jantena.
Nu dikintunkeun ka japri pribadi teh diantawisna ngeunaan cara (metoda/teknik): ari cara mah didugikeun ka umum tiasa janten `rame teu puguh' margi masing-masing gaduh carana nyalira sareng can tangtos sami. Sedengkeun, bawiraos mah nu kedah dipentingkeun mah jantena .kayaning janten muslim atanapi nyunda ngeunaan cara mah nya satiasa-satiasana atanapi sakaresepna bae hoyong mangga diwartosan henteu nya teu sawios-wios sing mendakan nu langkung copna .nu penting sami-sami jaranten. Kaduana, Kaetang seueur nu nengetan `Kisunda/urang sunda' tapi teu kersa lalebet langsung. Komo nyusul tepus ngeunaan dongeng kampung kawas nu ti sim abdi langsung di millist. Duka naon nu jaranten emutanana. Ari sim abdi mah hoyongna di ka pribadi keun mangga henteu mangga, ..asal peryogieun sareng tiasa abdi ngajelaskeun mah mangga teh teuing. Mugi ulah lepat panampian Baktosna Eddy Nugraha ------ Kang Eddy, Ari rek barang kirim mah atuh tong diwilah-wilah sagala. Der, der, we atuh. Geura pek kirimkeun ka balarea. Moal burung ditandean. Ngirim ka saurang, ka dua urang, da sarua wae ongkosna mah jeung ngirim ka sakabeh warga lin? Hehehe. salam, mh --- In kisunda@yahoogroups.com, mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote: --- Eddy Nugraha <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Dongeng sim abdi ngeunaan tapa moal waka dilajengkeun > heula dikintun ka millist, sapertos biasa wae, > sementawis urang kintun ka email pribadi kanu > peryogieun, hatur nuhun oge ka akang..teteh bapa.. > nu nyusul tepus ngalangkungan japri pribados. ___ _ _ _ ___ ____ ___/ __| |_ _ _ __| (_)___| __|__ / _ \\__ \ _| || / _` | / _ \__ \ / /\_, /|___/ \__|\_,_\__,_|_\___/___//_/ /_/ __________________________________________________ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com --- End forwarded message ---