Tah.. tah.. tah.. geuning masih keneh aya harepan... :)
hatur nuhun atuh kasadayana..!
datiparang <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
atawa datang we ka lembur kuring.. rarasaan di imah aya (boga)
sababaraha hiji.
geura cuang tataan nu aya keneh di imah:
boboko,said,tampir,ayakan,aseupan,dulang,seeng,hihid,pangarih,hawu,dudukuy,halu,rancatan,bedog,salang,coet,mutu,sirib.
asana mah garu, wuluku, lisung, masih bisa diteangan... di lembur kuring mah..
gambarna sabagian geus diasupkeun ka multiply,ngan saeutik keneh pisan. cobian
we toong di dudiherlianto.multiply.com
dh
On 12/4/06, MSasmita <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Ari musium nu ngahususkeun mah raraosan teh teu acan aya, cobian we ameng ka
Musium Sribaduga di Tegalega Bandung, asana mah aya sakedik.
Bukuna aya, judulna Peperenian, aya gambarna, kenging Ahmad Hadi/Geger
Sunten/ citakan ka 15 taun 2005/kandelna 225 kaca.
Pangaos antawis 20-25 rebu (sing pinter nawis we)
Gambarna sanes wangun foto, tapi kenging ngagambar manual.
Ieu buku eusina kalintang euyeub, ti ngawitan ngaran anak sasatoan,
kekembangan, patukangan,wangunan, pakakas jste.
MSas
----- Original Message -----
From: Patwa Nugraha
To: urang sunda
Sent: Tuesday, December 05, 2006 10:27 AM
Subject: [Urang Sunda] tumaros perkawis pakakas tradisional sunda
Punten baraya.. manawi aya nu terang musium perkawis pakakas tradisional
sunda (tikawit pakakas nu di pawon dugika kanggo di kebon) ?
boboko, aseupan, seeng, dulang, siwur, hihid, pangarih.. jsb..
bubu.., kecrik, badodon, jsb..
waluku, garu, jsb..
bedog, kaneron, enong, rancatan, jsb..
....jsb.. jsb ?
--
::daluanggebisatinabincurang::
---------------------------------
Cheap Talk? Check out Yahoo! Messenger's low PC-to-Phone call rates.