Kamari teh kungsi ngaluuhan acara "Gelar Seni Tari & Musik Khas Sunda" nu 
diayakeun di Bogor Trade Mall (BTM), salah sahiji Mal anyar di Bogor.  Acara 
ieu dikokolakeun ku Yayasan Tatar Pakuan (YTP) nu gawe bareng jeung HiSS 
(Himpunan Seniman Sunda).  YTP teh hiji organisasi enggal di Bogor mah, ari 
HiSS mah tos ngadeg babaraha taun.

Acara ieu kenging pangrojong ti kantor Dirjen Kesatuan Bangsa dan Politik Dep. 
Dalam Negeri, oge Pemkot jeung Pemkab Bogor.  Nu nyugemakeun acara ieu oge 
disponsoran ku babaraha pausahaan, diantarana pausahaan operator telepon 
seluler, BUMN, pausahaan multinasional, teu ka kantun oge pausahaan nasional 
ngiring ilubiung, sagedengen eta, tangtos wae BTM jeung pujasera BTM lantey 3 
tempat acara ieu dilangsungkeun.

Pangeusi acarana mah seuseueurna ti sanggar seni nu aya di sabudeureun Bogor 
jeung ti sakola-sakola.  Acara digelar ti tabuh hiji siang dugi ka tabuh lima 
sonten.

Mangrupa-rupa seni sunda nu dipintonkeun, saperti tari merak, rampak sekar, 
tembang cianjuran, kawih sunda populer, rampak gendang, calawak (calung, lagu & 
lawak) tapi pangseueurna mah mintonkeun tari jaipong kreasi.

Di tengah pagelaran diseling ku "orasi budaya" ku Bah Eman Sulaeman, pupuhu 
Yayasan Hanjuang Bodas. Hanjakal harewosan kuring ka Bah Eman sangkan acara ieu 
dikaitkeun jeung mieling Dewi Sartika teu dipalire, hilapeun meureun Bah 
Eman-na.

Panongtonna ge kawilang seueur, ti kawit barudak SD --nu dipiwarang ku 
guru-guruna, paminat seni sunda, oge masarakat umum nu memang ngahaja shoping 
ka ieu Mal.  Salah sahiji nu jadi panarik ati panongton, meureun ku ayana 
doorprize di sela-sela acara.

Saur panata calagarana, acara ieu teh pikeun test case, nu hoyong ditingali teh 
aya keneh henteu respon boh ti pamarentah, sponsor, oge masarakat umumna kana 
seni sunda. Upami acara ieu ka wilang sukses, kapayun baris diayakeun deui 
acara samodel di mal atawa karamean nu sanes.  Pan di Bogor tos seueur mal 
ayeuna mah, malih mah nu nuju diwangun ge leuwih ti dua.  Upami seueur manggung 
mah, pan seniman teh moal koreh-koreh cok deui....

Baktos,
pun hendra
 
 
---------------------------------
Have a burning question? Go to Yahoo! Answers and get answers from real people 
who know.

Kirim email ke