Tah panuju pisan ieu topik teh, sok atuh ka para kuncen anu luhur ku pangaweruh 
na, geura kaluarkeun elmu na, insya Allah sim kuring seja mulungan , mugia anu 
di pulung ku sim kuring teh bakalan manfa'at ka sim kuring hususna, atuh ka 
baraya sadayana umumna, amiin, sanes alim mairan sim kuring teh, namung maklum, 
teu aya bahan, hehehe, alias bodo balelo, insya Allah ari sim kuring aya bahan 
mah, tangtos ngiring mairan oge.

Wassalam

Nata
  ----- Original Message ----- 
  From: Waluya 
  To: urangsunda@yahoogroups.com 
  Cc: Baraya_Sunda@yahoogroups.com 
  Sent: Friday, December 08, 2006 3:06 AM
  Subject: [Urang Sunda] "Dunya ngurilingan Panonpoe" atawa sabalikna?


  Tadina mah kuring moal kapapanjangan soal "Dunya ngurilingan Panonpoe", 
  sabab nyangka soal ieu teh GEUS DITARIMA ku sarerea. Tapi sanggeus maca 
  fatwa ulama "salafus Sholih" jeung deuih ceuk Kang Dadi Karnadi nu di 
  Malaysia, yen dalil-dalil nu dicandak ku Sang Ulama, teu diragukeun deui. 
  Kuring, nu kungsi diajar rada "serieus" dina sains (elmu pangaweruh soal 
  alam), asa boga kawajiban, nerangkeun saeutik soal "Dunya ngurilingan 
  Panonpoe".

  Ahli elmu pangaweruh nu mimiti nerangkeun nepi ka jelas, yen sabenerna mah 
  dunya teh ngurilingan panonpoe, Nicholas Copernicus, nu lahir di taun 1473 
  M, di Polandia (jadi 600 taun katukang). Jaman harita, acan aya nu disebut 
  teleskup, Copernicus ngaluarkeun teorina, ukur tina bukti-bukti tina 
  nengetan gerak bentang-bentang dilangit. Jadi Coperncius jenius pisan, 600 
  taun katukang, dimana alat-alat acan aya, aya jelema geus mikir kitu. 
  Bandingkeun jeung ayeuna, alat-alat geus sakitu caranggihna, malah aya nu 
  mikir sabalikna (panonpoe ngurilingan dunya).

  Naon nu dijieun acuan/bukti ku Copernicus yen dunya teh sabenerna 
  ngurilingan panonpoe? loba sabenerna mah, tapi ieu salah sahijina, nu urang 
  oge BISA NGALAKUKEUN, teu kudu elmuwan wae. Di langit, salian ti panonpoe 
  jeung bulan, aya bentang-bentang. Diantara bentang-bentang nu jumlahna 
  jutaan dilangit, aya bentang anu molotot wae, teu ngiceup-ngiceup. Tah ieu 
  sabenerna laen bentang, tapi disebutna PLANET. Planet nu gampang katingali 
  ku urang lamun tatanggahan nempo langit, aya dua, nyaeta bentang Timur nu 
  leuwih katelahna Venus jeung planet nu warnana beureum, katelahna MARS.

  Bentang dilangit peuting, katingalina siga ngurilingan dunya, hiji bentang 
  nu katempo jam 19:00, posisina robah lamun kasubuhnakeun, lamun difoto 
  terus-terusan sapanjang peuting, bakal katingali yen bentang-bentang 
  dilangit teh "leumpang" ka arah wetan. Planet oge sarua siga kitu, tapi 
  lamun urang nengetan lintasan Planet Mars (bentang warnana beureum di 
  langit, tapi teu ngiceup2) bakal katingali yen Mars teh teu salawasna kitu. 
  Kadang-kadang Mars teh katingalina sarua jeung bentang nu sejen gerak ka 
  wetan, tapi sakapeung, Mars teh henteu obah, MALAH CICING, terus mundur, nu 
  sejen ka wetan, Mars malah ka kulon. Aneh pan? kunaon pangna kitu?

  Copernicus bisa nerangkeun gejala ieu, ceuk manehna, sabab Dunya jeung Mars 
  sarua ngurilingan panonpoe, ngan bedana teh Dunya mah dina lingkaran jero 
  ari Mars di lingkaran luar, Lingkaran lintasan bumi diameterna langkung 
  leutik ti lingkaran lintasan Mars. Bumi ngurilingan paonpoe leuwih gancang 
  tinimbang Mars. Hiji waktu Bumi/Dunya teh nyusul Mars, tah akibatna keur nu 
  nempo di Bumi, nempo Mars teh siga CICING terus mundur!. Teu percanten? 
  mangga tatanggahan ka langit, unggal peuting, tengetan gerak planet Mars, 
  sarerea oge bakal mendakan gejala ieu.

  Tangtos wae, keur ayeuna mah, ku kamajuan teknologi, soal Dunya ngurilingan 
  Panonpoe teh, buktina satumpuk, GEUS TEU BISA DIBANTAH DEUI. Jadi umpama 
  aya fatwa/ tafsir ulama tepi ka nyebutkeun yen panonpoe ngurilingan dunya, 
  ieu ulama teh ngan ngandelkeun tekstual (nu katulis) dina Kitab Suci, tapi 
  embung nafsirkeun sacara "kontekstual" (nu sok dianggap nafsirkeun ayat suci 
  sangeunahna, kumaha kuring) . Akibatna agama siga PATULANG-TONGGONG jeung 
  elmu pangaweruh. Umpama 600 taun katukang mah teu nanaon, sabab Copernicus 
  oge, teu wanieun medalkeun bukuna soal ieu, ngan sanggeus kolot pisan, 
  manehna kakara wani, ukur sababraha taun sateuacan manehna ngantunkeun. 
  Copernicus teu ngalamanan di"caci maki" ku kaum agamawan, tapi nu nuluykeun 
  faham "heliosentris" ieu, ngalaman hal-hal nu teu ngeunah ti kaum agamawan.

  Jadi? ...... hayu ah urang kritis dina pamikiran, ulah sagala DITEUREUY 
  BULEUD teuing, da ulama oge jalma lain malaikat!

  Baktos,
  WALUYA



   

Kirim email ke