Sampursun...ngiring mairan teh Lies...

Tuuuuhhhh, nyaaaaaaa, teh LIES, geuning Ari Manusa-na mah KITU, beda jeung 
Kitab Tulisan anu bisa disoehkeun ku Manusa, kawasa Alloh teu bisa dihalangan 
ku Manusa, sanajan sok di Cap Kafir ku paningal panon buncelik Manusa, tapi 
mungguh Alloh mah cantangtu sarua.

Numawi urang kedah ati-ati dina Tekad-Ucap-Lampah kapada Manusa teh, da puguh 
ge BIBIT-na Sarua ti Roh-Alloh anu ditiupkeun tea, Hirupna oge Kersaning 
Widi-Na. Jadi lalaworana nganilei, mirosea tur ngalanggar hak-hak Jalma kupedah 
beda rupa, adat, budaya tur label Kayakinanana asa kaleuleuwihan, tekad teh 
ingkar kana Takdir, kana Kersa sareng Pangersana Alloh SWT anu buktos pada 
karumelip ngalalana babarengan di ieu Alam.

sakitu heula
baktos
Agus Wirabudiman.
 
  ----- Original Message ----- 
  From: L Parish 
  To: Kusnet 
  Sent: Friday, December 08, 2006 5:10 PM
  Subject: [Urang Sunda] Litvinenko dimakamkeun sacara Islam



  Subhanallah, Astagfirullah ....
  Tilas mata-mata KGB Alexander Litvinenko anu karacunan/diracun ku radioactive 
polonium-210 di London, meunang hidayah ti Allah. 
  Piisukaneun maot manehna convert jeung wasiat menta dimakamkeun sacara Islam. 
Kamari samemeh dimakamkeun, Almarhum Litvinenko dianteurkeun ku solat ghoib di 
Central Mosque London. Cek pamimpin masjid layonna teu dibawa ka masjid 
lantaran hariwang bisi radiasi. 

  Lies.

Reply via email to