> <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> aya informasi "Perkecoaan" atanapi per"cucungukan". Umurna bangsa 
> eta mahluk teh tos ampir rebuan taun numutkeun panalungtikan 
> CARBON DATING. anu jadi patarosan: kunaon teu ngayakeun evolusi 
> jadi gajah kitu atanapi jadi monyet?? kumargi kitu teori evolusi 
> darwin teh GAGAL total.

Horseh .... Teori Darwin runtag. Ke Kang, Teori Darwin mah sanes 
soal cucunguk jadi gajah, monyet jadi jalma. Tapi unina kurang 
leuwih kieu, Hiji species mahluk terus-terusan nyaluyukeun dirina 
jeung lingkungan, dina usahana ngalanggengkeun speciesna. Akibat ku 
nyaluyukeun dirina ka lingkungan, makhluk hirup bisa robah, boh dina 
kabisaaan, boh dina bentuk fisikna (evolusi). Contona maung lodaya 
di urang. Maung Lodaya Sumatera awakna leuwih gede tinimbang maung 
Jawa, maung jawa leuwih gede tinimbang maung lodaya Bali (geus 
punah). Kunaon sababna kitu? tingali we pulona. Pulo Sumatera pan 
leuwih gede ti jawa, jawa leuwih gede ti Bali. Lamun Maung Lodaya nu 
netep di Bali, awakna tetep badag jiga di sumatera, bakal punah, 
sabab awak gede, perlu dahareun loba, ari Pulo Bali pan leutik, 
dahareun maung teu saloba di Sumatera.

Tah, tidinya oge geus katingali ..pan, yen mahluk hirup teh 
nyaluyukeun dirina lingkungan. Proses nyaluyukeun diri ieu, ceuk 
Darwin, bisa nepi ka ngarobah bentuk fisik ti mahluk. 

Naha atuh cucunguk ti baheula tepi ka ayeuna angger bentukna? salila 
bentuk fisik eta saluyu jeung lingkungan, mahluk moal robah. 
Sabenerna cucunguk oge ngalaman evolusi, ngan henteu tepi ngarobah 
bentuk, ukur ukuran awakna nu ngaleutikkan.

Janten teori Darwin henteu runtag, malah ayeuna ku ayana elmu 
genetika, teori ieu jadi tambah kuat.

Baktos,
WALUYA  

Reply via email to