Hihihi.... dasar kang Syam mah... ideuna selalu uptodate lah.....  piiiss
ah...
 
-eddy-

   _____  

From: urangsunda@yahoogroups.com [mailto:[EMAIL PROTECTED] On
Behalf Of syamridwan
Sent: Tuesday, December 12, 2006 2:02 PM
To: urangsunda@yahoogroups.com
Cc: [EMAIL PROTECTED]
Subject: [Urang Sunda] Pasanggiri




Pasanggiri
Dina raraga mieling tepung taun, dihiji pasanggrahan diayakeun pasanggiri
"polygami award" hadiahna teu tanggung tanggung, salian hadiah utama bulan
madu ka bulan,oge peserta anu pamajikan panglobana meunang hadiah tambahan,
honda jazz, hiji sewang. Jadi mun pamajikanana aya sapuluh, teu dicoceng
honda jazz-na ge sapuluh sapuluhna dibikeun.
 
Cunduk kana waktu ninggang kana mangsa, pasanggiri polygami award
dimimitian. Minangka bubuka, dipidangkeun lagu pangbagea ka nu kadedemes
kana nyandung nyaeta lagu "beger mindo" jeung "beger pakokolot" teu kaliwat
dipidangkeun oge lagu "alim dicandung, tongtolang nangka, jeung talak tilu"
minangka lagu panggeuing pikeun para istrina. Rengse midangkeun lalaguan,
panyatur acara langsung nyalukan para peserta titah naek ka podium.
"Peserta kahiji, mangga dihaturanan kapayuuuuunnnn!-" sorana aweuhan kawantu
make sound sistem jeung toa anu dipasang diunggal juru. Teu kungsi lila,
kalacat saurang lalaki tegep,kasep ngalempereng koneng, naek kana panggung
diiringkeun ku para istrina.
"Nepangkeun abdi asev gumasev, asli legok hangseur, tah nu ngaderet dipayun
teh sanes sasaha, ieu teh sadayana bojo abdi, punten nu dicandak mung
sapuluh, lima urang deui teu tiasa hadir, abis lagih ginih!" pokna bari
ngabureuteukeun beuteungna. Ngadenge kitu nu narongton langsung surak eak
eakan.
"Kayungyun euy, ngora ngora geus reuay pamajikanana!-" ceuk nu lalajo bari
cruk crek.
"Sanes kayungyun, tapi teu uyahan!" nu gigireunana ngengklokan bari jebi.
 
Rengse midangkeun peserta kahiji, burudul peserta kadua datang, ku salakina
titah ngajejer baris, rapih pisan.
"Berhituuunnng.-....mulai!-" gorowok salakina anteb.
"Cieeeee....-duooooo..-...teluuuuuu.-....opaaaatttt!-"
Dipungkas ku nu panungtung "Lima likuuuuuuurrrrr.-....lapor! Sapuluh deui
nuju on the way...laporan selesai!" atuh ger nu lalajo surak deui ager
ageran tambah tarik.
 
Ayeuna giliran peserta ka tilu, pangawakanana lintuh bayuhyuh, leumpangna
ngagegag, naek ka panggung ge teu sirikna dibeyeng, loba teuing kilir sigana
mah. Ngan aneh, teu ngiringkeun pamajikanana saurang saurang acan, ngan basa
nepi kapodium manehna langsung nyorowok.
"Nepangkeun sikuring, siraja goda tea, samemehna, sikuring bade tumaros ka
parawargi anu ngahadiran ieu acara. Sing saha anu rumasa jadi bojo sikuring
mangga geura ngaracuuuuunnnng!-" na atuh ari bereyek teh ampir satengahna
anu lalajo ngaracung, bari ting gorowok patembalan.
"Hiduuuppp apana si teueul.....hiduuuuu-upppp honey....hiduuuuppp-p
si-aa......muaaachh-hh!" reang patembalan
"Yi....abdi mah sedih tos sasasih langkung teu dikilir kilir ku si-aa!" ceuk
salahsaurang nu lalajo anu tadi pipi lueun ngacung.
"Sanasib atuh sareng abdi ari kitu mah!" tembal nu gigireunana ngalimba.
"Har....da abdi mah benten geuning, ari dikilir saban dinten, ari diajak ka
naib geuning teu acan wae!" ceuk saurang wanoja anu keur sumedeng sumeueul.
 
Mireungeuh pamajikan peserta katilu sakitu ngaleutakna, panyicia polygami
award langsung birat lantaran geus kasawang pisakumahaeun reana honda jazz
anu kudu dipasrahkeun kamanehna. 
"Daripada bandar tekor......mendinga-n buron yuuuuuu...itu geura kalahka
pura pura maca imel...geuwat kabur!" ceuk ketua panyicia bari ngajewang
baturna.
 
syam ridwan
nu teu aya dinu sanes, aya didieu  <http://www.keomsakedap.multiply.com>
www.keomsakedap.-multiply.-com
 
 

 
IMPORTANT NOTICE: 

The information in this email (and any attachments) is confidential. 
If you are not the intended recipient, you must not use or disseminate the
information.
If you have received this email in error, please immediately notify me by
"Reply" command 
and permanently delete the original and any copies or printouts thereof. 
Although this email and any attachments are believed to be free of any virus
or 
other defect that might affect any computer system into which it is received
and opened, 
it is the responsibility of the recipient to ensure that it is virus free
and no responsibility 
is accepted by American International Group, Inc. or its subsidiaries or
affiliates either 
jointly or severally, for any loss or damage arising in any way from its
use.

Reply via email to