Ka anu rek Ka Mekah kabeh wae, tong poho nya du'a-keun baraya kusnet sing
bisa nyarusul kaditu.
Amiin

On 12/13/06, ndoell <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

  Wa'alaikum salam Wr. Wb.

abdi pribados nya kitu keneh, nuhunkeun dihapunten samudaya
kalepatan. Didu'akeun pisan mugia sagalana dipasihan kalancaran,
sing janten Haji & Hajjah nu mabrur, salamet dugi ka lembur deui..
Wilujeng Kang Akos...

Kitu deui Kanggo Kang Yudi Irmawan & ceu Titin, oge Teh Netty..
du'ana mah seragam...

Amiiin....

-dul-

--- In urangsunda@yahoogroups.com <urangsunda%40yahoogroups.com>, "Akos
Kosasih" <[EMAIL PROTECTED]>
wrote:
>
> Assalamu'alaikum Wr. Wb.
> Para wargi milis Kusnet sadayana,
> dina poe Senen ping 18 Des minggu payun, sim kuring sareng pun bojo
> insyaAllah bade angkat ka tanah suci kanggo ngajalankeun ibadah
haji.
> Kukituna, sim kuring sareng pun bojo nyunkeun pidu'a ti para wargi
> sadayana sangkan ibadah haji anu baris dilakonan ku sim kuring oge
pun
> bojo dipaparinan haji anu mabrur.
> Teu hilap, ka kadang wargi anu tos meh 3 taun ieu pagilinggisik boh
> babakan maya oge dina sarupaning kopdar, kempelan, HBH jsb, sim
kuring
> nyunkeun pangampura boh bilih aya kecap anu teu ka tata atanapi
laku
> anu teu ukur.
> Mangga urang silih duakeun, mugia Alloh ngahampura dosa urang
sadaya.
>
> Sakitu heula anu tiasa kapihatur,
> Wassalam,
>
> baktosna akos
>

Kirim email ke