Setia Permana mah Kang, Ketua KPUD (sanes KPK). Teu acan sepuh atuh Setia 
Permana mah. Langkung sepuh Erry.
Upami Ketua PGRI mah Aki Surya tea nya (anggota DPD oge). Ieu mah sepuh pisan, 
hehehe...
Nu ngabongkar kasus kavling mah Yudi Widiana Adia asana mah, anggota DPRD ti 
PKS 1999-2004. Tah ieu mah teu sepuh teuing, 40an jigana mah.
Anggota DPD sanesna nu ti Cirebon, Pangeran Arief, nya lumayan teu acan sepuh.
Katingalna lumayan aktif, dibandingkeun anggota DPD sanesna nu asal Jabar.
Sok atuh urang ngadorong nu anom supados kersa mimpin Jawa Barat.
Nu beresih (anom can tangtu beresih) tina korupsi.

Baktos,
-ika-





----- Original Message ----
From: mamangantra2000 <[EMAIL PROTECTED]>
To: urangsunda@yahoogroups.com
Sent: Thursday, December 14, 2006 9:47:48 AM
Subject: [Urang Sunda] Gubernur Jabar 2008 (Re: nyalonkeun jadi bupati)

--- In [EMAIL PROTECTED] ups.com, ika mardiah <ika_md2005@ ...> wrote:
>
> Oge diantos nu bade nyalonkeun jadi Gubernur Jawa Barat, pan sakedap 
deui, 2008.

Sawatara waktos kapengker, sim kuring "bobogogan" sareng Pa Erry dina 
SMS. Duka ti mana kawitna, bet anjlog kana perkawis ieu: Saha kinten-
kintenna nu pantes janten Gubernur Jabar 2008?

Sim kuring nyebat Ketua KPK Jabar ayeuna, Setia Permana. Alesananna, 
kuring kungsi naros ka ieu inohong ngeunaan perkawis ieu. Anjeunna 
siap -- upami dipercanten rahayat mah. Oge, katingalna, teu gaduh 
cacat permanen. Boh korupsi atanapi sanesna.

Mung, pamendak Pa Erry, Setia Permana dianggap sepuh teuing. Numutkeun 
anjeunna, langkung sae nu anom. 

Harita sim kuring nyela, "Ku naon teu Pa Erry bae?". Anjeunna 
karah "ngaheheh".

Emutan sim kuring, lian ti lami icikibung di BUMN, Pa Erry kapeto 
janten Wakil Ketua KPK. Hartosna, gaduh komitmen kana meresihan 
korupsi -- nu janten bibit buit pagebug rongkah kiwari. Kalih ti eta, 
salaku birokrat, anjeunna kantos dileler Hatta Award -- pangleler, 
upami teu lepat, kanggo kumna birokrat nu dianggap beresih sareng teu 
kapalidkeun ku banjir bandang nu namina korupsi tea.

Nanging, Pa Erry karah nyodorkeun nu sanes. Kawitna Pa Anu, tilas 
Ketua PGRI tea -- namina nuju hilap. (Atanapi masih kitu?). 
Pasangannana urang PKS Jabar, nu sawatara waktos kapengker ngabongkar 
dana kavling tea. Abdi ge hilap deui namina. Ongkoh teu kenal, we.

Mung, perkawis urang PKS ieu, ku sim kuring teh "ditolak". Alesannana, 
harita, sim kuring keur geuleuh ka ieu partai pakait sareng RUU Anti 
Pornografi. (Maos eta draft undang-undang asa diteungteuinganana: 
Urang, salaku rahayat, dianggap teu boga moral sakeclak-keclak acan. 
Eta bae aya ayat nu unina, kirang langkung, "teu meunang silih cium di 
tempat umum". Jalma waras mana nu rek ngalakukeun hal ieu kieu 
patut?). "Mun bade, beresan heula soal ieu," ceuk sim kuring, siga nu 
heueuh. 

Sim kuring nyanggem peryogina ngarawu urang Cirebon khususna, urang 
Pantura umumna: Nu remen luhlah sareng "aral", dugi ka sok pating 
kecewis hoyong misahkeun diri ti Jabar. Nya, ahirna, pasangan nu 
kaemut harita teh: Urang PKS tea sareng Elang Cirebon nu ayeuna janten 
anggota DPD tea.

Duka, tah. Kumaha salajengna. Janji bade nguriling ge teu acan 
kalaksanakeun. Kabujeng pakepuk ku cicing. Hehehe....

Baktos,
Pun Maman





 
____________________________________________________________________________________
Have a burning question?  
Go to www.Answers.yahoo.com and get answers from real people who know.

Kirim email ke