Ari ditanggap mah teu burung alewoh Apih ge, heuheu.... becirrrr....

Apih, eh, punten Kang Maman, simkuring nyelang heula naros. Keun wios nya?!!
Piraku teu ngelehan ka anak bawang...

Apih, dupi gondewa anu dianggo teh gondewa damelan urang2 keneh (hasil
tradisi) atanapi kenging ngimpor sapertos gondewa anu sok diangge saembara
papanahan jaman kiwari?

Perkawis sumpit, jaman kuring keur budak leutik keneh sok ulin ka pun uwa
(uwa soteh pedah bae lanceukna punbiang, da sareng punbapa mah tetep
langkung sepuh punbapa) anu kabeukina tara jauh ti lauk. Sakainget kuring
bae, anjeunna teh bumen2 di wewengkon Banyuresmi, Garut, meh bae papeuntas2
jeung situ Bagendit. 'Turut istri', da kaleresan istrina ditugaskeun
ngawulang di sakola peuntaseun Bagendit.

Balik deui kana sumpit, kuring oge kungsi diajar, eh, ngajaran sababaraha
rintakan sumpat-sumpit. Anapon sumpitna... duka tina naon nya nyieunna, da
asana mah hideung2, jeung sigana lain tina logam (poho deuiwww). Tah, lebah
paserna nembe tina logam, sahingga melesurna ge teu bisa jauh2 teuing, da
barina oge eta sumpit teh ukur dipake nyumpit lauk...

On 12/14/06, Siddik Wiradireja <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

  Halaahhhh...geuning nembe sakitu oge tos ngagebay ieu teh, teu acan
waleran anu sanesna, sanes waktos we nya anu sanesna mah.....insya Allah..





--
sikandar
kumincir.blogspot.com
su.wikipedia.org
www.urang-sunda.or.id

Kirim email ke