Oh kutan kitu kang ?

Atuh nu ngawangun Bandung dugi ka ayeuna teh bangsa urang nya, pan Jepang oge 
tahun 1945 mulang ka lemburna anu sempit tur tanahna teu subur.

Hebat atuhnya anu ngabangun Bandung dugi ka sapertos ayeuna teh !

Tumaros yeuh !

Aceh bade diteraskeun ka merdeka heunteunya ? Rupinamah langkung sae merdeka 
membangun masyarakat anu homogen dengan sumber alam yang melimpah, wah bakal 
makmur yeuh rakyat Aceh kalau merdeka teh !

Dupi Jawa Barat siap merdeka kitu ? maksadna hirup mandiri, dengan penghasilan 
dari JABAR saja, heunteu ngandeulkeun upeti (sumbangan paksa) ti pusat hasil 
pengumpulan pajak tambang dll dari propinsi anu kaya (Irian, Aceh, Riau dll). 
Rupinamah moalnya ! margi PAD nya JABAR jauh sangat rendah dibanding dengan 
kebutuhan ngurus PN di JABAR. Teu kabayangnya upami JABAR Merdeka, rakyatna 
katalangsara.   JABAR Wantun mandiri heunteu ?

salam
Ely 


----- Original Message ----
From: mj <[EMAIL PROTECTED]>
To: urangsunda@yahoogroups.com
Sent: Wednesday, December 13, 2006 9:12:18 PM
Subject: Re: [Urang Sunda] foto bandung



hehe. ka dinya emutan teh. haha.
teh, harita, di wewengkon Gedong Sate, wangunan nu aya teh nya eta, gedong
sate. teu ayan nu sanes. sabudeureunana masih sawah atawa kebon. aya dina
buku2 karangan suwargina (almarhum) Haryoto Kunto, kuncen bandung. dina
foto eta sigana gedong satena nembe rengse. tatangkalan oge teu acan pinuh
atawa jarangkung.

gedong sate diwangun walanda asalna pisan mah sanes kanggo kantor
gubernur, tapi ngan saukur calon kantor dinas pekerjaan umum. dipayuna,
kenca katuhu gedong sate ka kaler, dugi ka sekeloa kitu, rencanana mah
calon pusat pemerintahan ibukota Hindia Belanda. ibukota hindia belanda
teh bade dialihkeun ka bandung, ngan teu kabujeng, jepang kaburu datang
nyerbu.

mj

http://geocities. com/mangjamal

> Abdimah nembe terang, geuningan Gedung sate kapungkurteh awon pisan nya,
> meni corengcang teu aya tatangkalan pisan, jiga sanes kantor pemerintahan
> nya, etawe tegalan teu kaurus, jukut disapipireun jalan jabrig, naha
> Belanda anu ngajajah Indonesia teh miskin kitu, dugi ka teu sangup ngurus
> gedung nu ngan sakitu.
>
> Komo geuning alun-alun Bandung mah meuni sareukseuk kitu. Jiga sanes kota
> geuningan nya, jigana kumuh pisan kapungkurmah alun-alun teh nya.
>
> Wilujeng atuh ka urang Bandung anu tiasa ngaronjatkeun Bandung janten
> endah.
>
> salam
> ely
>
>





 
____________________________________________________________________________________
Need a quick answer? Get one in minutes from people who know.
Ask your question on www.Answers.yahoo.com

Kirim email ke