leres pisan pamanggih Mangsinggih teh da abdi mah meni lier ngabandungan jalma 
anu pro jeung kontra dina masalah ieu (poligami) 
leres pisan poligami mah ti baheula ge geus aya malah ayatna oge ngajegir dina 
suart An-Nisa ayat 3. jadi seuk simkuring mah geus we eren perdebatan masalah 
ieu teh.
ka anu ngadukung poligami ceuk sim kuring mah anu bodo tong tarik teuing 
ngabelana. da mun nepi ka urat pegat oge jalma anu teu narima mah keuekeuh wae 
moal narima, lamun akal jueng pamikiranna can dirubah, masih keneh kena ku 
brainwashing.
angguran ceuk abdimah nurutan anjuran ti mangsinggih hayu urang ngandelan 
kaimanan kayakinan kana hukum-hukum Allah.
lamun sakabeh ummat Islam yakin yen Allah moal ngalarang hiji masalah iwal 
pasti eta masalah teh nyilakakeun ummatna.
sarta Allah moal ngamenangkeun atawa ngarojong hiji masalah iwal pasti eta 
masalah teh aya manfaatna pikeun jelema. sabab Allah anu nyieun manusa anu 
tangtuna Allah anu pang uningana kana naon anu dipikabutuh ku manusa.
tah mun ieu kayakinan teh geus ngancik kana tiap ati, sumarambah dina bayah. 
Insya Allah ieu perdebatan teh moal aya da geus jelas  atuh ayatna. da 
dikukumaha oge tetep menang-menang poligami teh.
saperti zinah dalah dikukumaha oge tetep haram-haram.
maka satuju pisan ka Mangsinggih hayu urang ngaji,kandelan iman kuatkeun 
kayakinan kana agama ieu supaya timbul dina diri urang sami'na wa atho'na.
  ----- Original Message ----- 
  From: mangsinggih 
  To: urangsunda@yahoogroups.com 
  Sent: Friday, December 15, 2006 7:50 PM
  Subject: [Urang Sunda] naon deui anu bakal diributkeub ?


  . 
   

Kirim email ke