Kalintang bingahna abah mendak wartos ti ayi Budy,ti ayi Wily aya anu icalan 
batu has Kalimantan .Rupina upami tiasa hoyong anu tempat usaha
na rada badag kagungan toko,manawi tiasa janten jaminan aya alamat sareng 
tempat usaha anu matuh..
Teu kedeah janten emutan teu aneh perkawis batu seueur imitasina,sami bae di 
toko anu icalan batu di Sukabumi oge .
Ngahaturkeun nuhun,diantos kintunan alamatna.
Manawi ayi Wily sanes ti Sukabumi,leres abah kantos saba nagara ngu-
rilingan dunya manawi pakulian di kapal Tourist Holland America Lines
Ayeuna mulih pakandangan ,tambih ngalamun hoyong nyobian usaha kana icalan 
batu2an .
Abah di Sukabumina caket sakola Benteng, Jl.Babakan Sirna..
Ari ayi Wily dipalih mana ?mamanawian tatanggi caket?

Wassalam,
abah ti sukabumi








----- Original Message ----
From: Budyana Yogaswara <[EMAIL PROTECTED]>
To: urangsunda@yahoogroups.com
Sent: Thursday, December 14, 2006 7:28:45 PM
Subject: Re: [Urang Sunda] " Nepangan warga Kusnet anu aya di Kalimantan "

Di Bpn mah puserna teh di pasar Kebon sayur, mung kaleresan sabaraha taun 
kamari eta pasar kahuruan atuh ayeuna teh janten rada sesah da masih jongko 
sementara tea. Seueur pisan batuna teh, tapi nya sapertos kasauran bah Wily tea 
seueur oge imitasina tah, kumaha atuh da sim kuring mah teu tiasa 
ngabentenkeunana ... palaur masihan info ka abah ari pek teh batuna palsu matak 
nguciwakeun. .., ari dipapay sadayana mah, bakal numpuk geura address bookna 
hehehe ...cikan kumaha Bah? 
 
Salam,
Budyana

 
On 12/14/06, waluya56 <[EMAIL PROTECTED] net.id> wrote: 
Bah, Enya leres di Balikpapan seueur batu. Di pasar naon geuning, 
seueur kios nu jualan batu. Batu wungkul atawa aya oge nu tos 
dirangkaan ku emas (18 karat). Kuring oge kungsi laha-loho kadinya, 
ngan kulantaran teu ngartos, jadi teu wantun meser, da cenah mah, 
aya oge batu imitasi.

Bah Dirman, di Sukabumina dimana? abdi urang Sukabumi yeuh, kacandak 
ku pun bojo. Kapungkur Bah Dirman teh sanes aya di Amrik?

Baktos,
WALUYA

--- In [EMAIL PROTECTED] ups.com, dirman surya <dirmansurya@ ...> 
wrote:
>
> Numawi abah teh hoyong ngagaleuh ,kanggo icaleun deui .
> Nya tangtos bae ari anu teu hobby kana batu ali ,moal patos 
ngartos .
> Nanging rupina upami kaleresan naroskeun batu asli Kaimantan 
rupina 
> diuningakeun batu kucubung kupemilik Toko Batu.
> Anu sae warnana ungu tua .
> 
> wassalam abah,
> 






Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com 

Kirim email ke