Teh,,, sim kuring teu ngalarang saha wae anu rek diajar basa deungeun.
Kuring oge, ayeuna teh aya 3 bahasa anu dicekel ku kuring. Basa Sunda, Basa
Indonesia jeung Basa Inggris.
sapuk jeung teteh, urang teh kudu diajar basa inggris. tapina ieu teu
ngandung harti yen urang kudu mopohokeun basa sorangan, basa indung. Malahan
PBB oge ngeingetan, yen basa Indung teh kudu dimumule, eta kabuktian ku
ayana "hari bahasa Ibu sedunia".

Kuring diimah DIAJARKEUN BASA SUNDA WUNGKUL, tah, palebah ieu kuring teu
satuju jeung teteh. kuring teu ngarasa kurung batokeun, gaul uing teu
terbatas. buktina... ayeuna kuring kuliah di Malaya, enya kitu anu kieu
disebut kurung batokeun???
terus naon relevansina ngajarkeun basa sunda wungkul jeung sieunan??? ceuk
uing mah, TEU RELEVAN.

abdi bade nuliskeun sakedik fakta ttg seler china anu aya di dunya.
ayeuna populasi dunia teh 6,612,811,800 dina detik ieu pas kuring nulis
(sumber: http://www.worldometers.info/). terus populasi poe ieu di cina
nyaeta  1,314,476,794 jelema. (sumber: http://www.cpirc.org.cn/en/eindex.htm
)
terus China diaspora ternyata panglobana aya di Indonesia, nyaeta 7,3 juta
kaduana di Thailand 6,4 juta, anu katiluna di Malaysia, nyaeta 5,5 juta.
terus sesana di nagara lain termasuk USA anu ngan  2,7 juta.
di singapore anu 77,9% wargana Cina hungkul (LAIN 80% anu ceuk teteh),
ternyata ngan 2,7 juta warga anu seler china. (sumber: Cheong Kee, 2006)

Enya kuring ge nyaho yen ayeuna China teh kaasup  nagara kuat, kuring oge
pernah ngayakeun riset perbandingan ekonomi ttg china jeung India.
Tah, teteh tong ninggali ngan hiji sisi, china oge tetep miara bahasana
selerna. malahan, seler china anu aya di Malaysia, masih keneh marake basa
mandarin. ieu nyicirikeun yen China oge miara kabudayaanna, miara jati
dirina sebagai Bangsa China. Seler China anu masih keneh cicing di china oge
masih keneh make basa lokalna salian ti basa Mandarin anu jadi basa
Nasionalna.
Jadi, urang salaku urang sunda, naon salahna urang ngamumule basa sunda.
Terus Naon rugina amun Basa Sunda Punah??? RUGI PISAN!!! Brarti urang geus
kaleungitan Harga Diri.

Naha urang anu kudu jadi urang china? teu kudu!! puguh ayeuna mah ceuk uing
mah, urang sunda kudu ngaregepkeun. kudu bisa nangkal potensi penjajahan
ekonomi ti urang china. urang tong daek di jajah ku china, amun kerjasama
anu mutualisme mah daek. tah, ayeuna kumaha ngarah urang bisa regep nangkal
penjajahan ti seler china? Urang kudu mempertahankeun HARGA DIRI seler
Sunda, salah sahiji carana nya ku ngamumule basa Sunda.

aduh naha jadi ngacapruk wae ieu teh.
Hapunten anu kasuhun.
Cag ah...

-Bohay-


2006/12/18, ely evalita <[EMAIL PROTECTED]>:

  Basa teh hiji alat komunikasi, otomatis bakal dipake kusaha wae
gumantung ku kaperluanana.

Sepertilu leuwih ti eusi dunya anu genep milyar teh china jeung India.
sadunya China jeung India jumlahna 2.5 milyar, otomatis basa komunikasi
maranehna nya china jeung India, tapi maranehna sorangan justru dialajar
bahasa Inggris, sabab realitana bahasa eta anu popoler sadunya kusabab
gampang, jeung science & technologi loba ditulis dina basa Inggris.

Tapi kusabab pertambahan penduduk china mokaha, otomatis nu makena beuki
rea, atuh meureun dina waktuna bisnis, sience and technology  oge bakal make
basa China.

Tapi dina sareatna nepi ka ayeuna basa Inggris teh nunjukeun basa anu
paling gampang sadunya, jadi beuki kadieu beuki populer.

Basa Indonesia oge gampang tapi teu boga tenses, jeung deui bangsa
Indonesia anu lahir tahun 1928 can bisa nunjukeun kaunggulan nanaon, atuh
otomatis basana oge teu payu keur pergaulan di International.

Faktana anu rek sakola di Mancanagara, ujian awal na teh basa Inggris,
geus kitu kakara ditambah basa national nagara nu rek didatangan. ieu oge
hiji bukti deui yen basa Inggris teh basa dunya.

Ari basa arab kumaha ? Basa arab oge pernah dipake ku sababaraha bangsa di
Asia jeung Europa, kusabab harita bangsa Arab punjul elmuna, jadi bangsa
diluar arab kapaksa kudu diajar basa arab sabab hayang nyokot science &
technologi bangsa arab harita.

Kusabab basa arab susah jeung elmuna mandeg, oge bangsana beuki lemah.
Sabalikna Europa beuki maju, beuki kuat, malah faktana bisa nguasai/ngarebut
tanah nu luas (Amerika, Australia, New Zeland, Afrika utara jsb) atuh
otomatis nya dipake basa Ingris anu gampang.

Balik deui ka basa sunda. Basa sunda otomatis dipake ku masarakatna anu
perlu, lamun dirasa beuki kadieu beuki teu perlu, nya otomatis bakal musnah.
Sakali deui aya rugina kitu lamun basa sunda musnah ? ceuk kuringmah moal,
salila urang bisa komunikasi make basa lain anu leuwih gampang jeung leuwih
manfaat, malah faktana di tatar sunda sorangan basa bisnis anu dipakai nya
basa Indonesia. Tapi ari masyarakat didesa masih keneh hayang make basa
sundamah teu aya nu ngalarang.

Tapi lamun aya warga sunda hayang ngadidik supaya budakna diajar basa
sunda wungkul oge teu meunang dilarang da etamah hakna, paling oge engkena
budakna kurung batok, sieunan, rek gaul oge terbatas. Tapi lamun ditambah ku
lancar basa Indonesia, Inggris, atuh paling heunteu wawasan terbuka, bisa
nyedot elmu tina internet jsb.

Kusnet teh salah sahiji wahana keur urang lamun hayang komunikasi make
basa sunda, kitu sanes ?

Nyambung kana hal Sunda Merdeka.

Bangsa Indonesia teh, hiji bangsa anu lahir tahun 1928, kualatan anggauta
boga hiji ciri nu sarua, nyaeta dijajah belanda (ngan hiji anu can pernah
berhasil dijajah ku Belanda nyaeta Aceh), kusabab berjuang sewang-sewangan
teu hasil merdeka, nya antukna ngahiji, tujuanana ngan hayang merdeka, terus
ngawangun nagara disebut nagara Indonesia di tahun 1945, beungkeutan ieu teh
beungkeutan anu paling lemah, sabab lain beungkeutan nu saling nguntungkeun,
jadi sabenerna Indonesia bisa paburantak iraha wae, tah ayeuna geus dimulai
ku sistem otononomi luas.

Saha anu paling diuntungkan kualatan lahirna Indonesia ? Di Indonesia
sorangan, anu paling untung nya orang Jawa + Madura, utamana Jawa tengah,
disusul jawa timur terus Madura.  Sabab kualatan merdeka manehna bisa
nyebarkan turunanana ka saluruh nusantara ku jalan transmigrasi. Atuh
antukna Jawa madura dimana-mana teu bisa diusir da kabeungkeut ku janji
tea. Bandingkeun jeung jaman baheula, Majapahit contona, manehna kudu susah
payah ngirim tentara hayang nguasai Kalimantan atawa tatar sunda teh.

Ari tatar sunda kumaha ?

Nasibna sarua we jeung Kalimantan, Aceh atawa Irian anu didatangan ku
penduduk jawa tengah atawa Jawa timur jeung Madura. Manehna sangsara
didaerahna, sabab tanahna gersang, jeung pangeusina anakan terus jiga
marmot/beurit, jadi jumlahna beuki kadieu beuki mokaha, atuh nya kudu
disebarkeun, tah salah sahiji daerah nya tatar sunda. Kabeneran orang sunda
na lemah malah deukeut-deukeut ka bodo.

Bangsa sunda teu bisa nolak atawa ngalawan jiga keur jaman baheula anu
mandiri (misal dongeng Padjadjaran nu euweuh tapakna anu berarti, pernah
ngalawan Majapahit), kusabab kabeungkeut ku janji ngawangun nagar Indonesia,
nya teu walakaya kudu narima eksodusan ti Jawa.

Kalimantan lain deui, manehna pernah ngaluarkeun eusi hatena teu sudi di
eksodusan ku bangsa lain, nya aya kajadian madura di peuncitan jeung di
usir.

Aceh lain deui, bangsa Aceh teh bangsa anu jasana gede pisan ka
pembentukan bangsa Indonesia, tapi geus merdeka manehna malah meunang
kasangsaaraan, hasil alamna malah dirampok dibawa ka Jawa dipake ngabangun
Jawa (Tatar sunda oge kabagean upetina), manehna teu sudi dikitukeun,
antukna ngalawan terus, tah ayeuna mulai hasil, pimpinana bakal ti GAM,
artina Aceh Merdeka ngan tinggal dua lengkah deui. Kahiji konsolidasi
masyarakat, bari saeutik-saetik ngusiran pendatang (kumaha we caranamah da
gampang atuh), terus bangsa Aceh bersatu nepi ka sepakat menta misah melalui
cara damai, lengkah kadua engke diteruskeun lamun lengkah kahiji geus
ngawujud. Lamun embung Aceh merdeka nya pemeritah pusat kudu daek ngahormati
hak maranehna, sahingga lengkah kahiji wae teu ngawujud.

Irian kumaha ? Ieu oge tinggal tunggu waktu atuh, sabab pribumina oge
beuki lila beuki pinter, manehna sadar tanah irian teh eusina emas, tembaga,
leuweung, tapi eta oge dirampok ku deungeun-deungan nyaeta Amerika,
pemerintah pusat Indonesia mah ngan diburuhan we ku Amerika, sabab
pamarentah pusat ngirimkeun pasukan keur ngajaga perusahaan milik Amerika
diditu. Tapi masyarakat Irian moal neangan jurig nu teu kadeuleu, anu bakal
diusir nya bangsa pendatang anu kulitna heunteu bule. Ari Amerika mah dan
bisnis, teu paduli, lamun Irian geus merdeka nya bisnis we jeung bangsa
Irian langsung, atuh penjaga keamanan Free_port tinggal ganti we anu asalna
tentara Indonesia ku tentara Papua, toh biayana sarua.

Balik deui ka Sunda.

Bangsa Sunda teh, numutkeun sajarahmah bangsa lemah, kusabab daerahna
subur, jadi teu susah dahar, paribasana, lamun diserang mah, daripada
ngalawan nya mending nyalametkeun diri ka leuweung muka babakan anyar, oge
bangsa sundamah sikepna aing-aingan (teu daek bersatu/ngabeungkeut diri)
tapi sok  agul ku payung butut. Kitu jeung kitu we. Antukna nepi ka ayeuna,
kota besar di sanatero JABAR eusina geus lain orang sunda, komo eusi PEMDA
mah.

Hiji conto we lemahna orang sunda mah, can pernah kabejakeun tukang sate
madura atawa tukang kayu bekas Madura anu sangeunahna nyicingan lahan diusir
ku pemda, boh di Bandung, boh di Bekasi boh dimana wae. Komo masarakatna mah
bororaah wani, sabalikna ka bangsana sorangan meuni nincak, contona we
penduduk pribumi anu ngawangun tanahna sorangan diudag-udag kudu menta IMB
bari jeung diperas ku pagawe pemda anu orang sunda. Kitu jeung kitu we. Jadi
kuring percaya lamun tatar sunda moal aya kawani jiga Aceh.

Tapi ayeuna waktuna, sabab ayeuna mah otonomi luas, artina tatar sunda
boga hak ngawangun tatar sunda bari teu perlu dikomando atawa menta ijin ka
pemerintah pusat, tapi kudu ku kemampuan sendiri atuh ulah hayang dibere
wae. Tapi masalahna justru ninggali tina PAD, meuni watir, sabab hirupna
tatar sunda teh geuning ti duit upeti/sumbangan ti propinsi lain.

Tah ieu tantangan keur urang pangeusi tatar sunda, hayu ngawangun tatar
sunda ku kamampuan sorangan, ngentaskeun pangangguran ku kamampuan sorangan,
nya rakyatna anu kudu bergerak, rakyat anu kudu pinter, lamun rakyatna
pinter bakal bisa milih pimpinan, bakal bisa misahkan mana nu salah jeung nu
bener, teu jiga ayeuna anggauta DPRD korupsi wae, rakyat tatar sundaah
bororaah bergerak, sieun we anu aya, tinggali atuh padang, DPRD na korupsi
teu paduli, penjara we.

Hiji conto daerah leutik tapi kasohor sadunya nyatea Singapore, tanahna
sacangkewok, cai wae meuli ka Malaysia, keusik wae meuli ka Riau, tapi
nagarana sukses diakui ku sadunya, eta pangeusina ayeuna 80% china, tah ieu
fakta. teu percanteun China unggul ?

Sakieu heula ti abdi, punten basa sunda na acak kadut, namina oge diajar.

salam
Ely




----- Original Message ----
From: kumincir <[EMAIL PROTECTED]>
To: urangsunda@yahoogroups.com
Sent: Sunday, December 17, 2006 8:17:42 PM
Subject: Re: [Urang Sunda] Urang sunda kamarana atuh????

 Sapuk pisan jeung Kang Dudud...

"Cepeng heula boga sorangan masing pageuh, geus kitu kakara newakan &
ngawasa nu sejen!!!"

Mun can nanaon geus newakan nu sejen, paurna teh urang jadi teu boga
cecepengan.. . Da sakur nu dicepeng... horeng teh deungeun deui, deungeun
deui...

On 12/18/06, datiparang <[EMAIL PROTECTED] sunda.or. id<[EMAIL PROTECTED]>>
wrote:
>
>   sapuk pisan jeung mang oman. nu ti luar kudu dipelajari bari teu poho
> nyepeng boga sorangan.
>



__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com

Reply via email to