Sampurasun...
----
Euleuh-euleuh mani rame yeuh...
Teh Ely teh meureun ningalina tina kaca Bisnis, Bahasa Sunda teh teu laku 
dipasaran (Bahasa dipake kaperluan Bisnis)...heheheh
Nuhun teh Ely sareng kang AP, ieu milist jadi rame, ah simkuring oge erek milu 
ngadog-dogan hheheheh
-----
Simkuring waktos wengi Minggon dongkap ka pupuhu Paguyuban Pakusarakan (PP) di 
Tasikmalaya, dina gunem catur eta ngabahas sajarah Sunda, dugi ka Tatar 
Sukapura, tikawit falsafahna sareng nami Raja-rajana di sebatan. simkuring 
ngadakom wae ngabandungan anu keur dipedar, hate geus roronjatan hayang 
nanyakeun...tapi ah cicing we, maksud teh ke geus parat ngalalakonna eta pupuhu 
ti PP teh.
"empah" sebutan ka pupuhu PP nyebatkeun :"yen urang sunda teh asal muasalna 
turunan bangsa Mongolia, tikerajaan Vietnam mun ayeuna mah, pindah nana teh 
kulantaran aya kajadian di nagarana, tuluy ngarungsi ka daratan Sunda (Sunda 
Nami lempengan Bumi)".
Kuring nanya : "keke empah naha leres urang sunda teh turunan Mongolia? anu 
janten alesan tina sejarah yen kungsi kajadian pindahna bangsa sejen arasup ka 
tatar Sunda?. upami kitu mah urang sunda teh atawa penduduk nusantara teh 
euweuh??? da anu ayamah lolobana penduduk Migrasi tea?, saha nu kuat eta nu 
mangawasa, atuh teu aya bedana jeung Walana datang ka tatar Sunda, sarua ngadu 
jajaten?, moal kitu eta sajarah anu dicepeng ku empah warisan Penjajah? anu 
ngabalukarkeun lengitna jatidiri Urang Sunda?.
Empah ngawaler saparantosna ngahuleng ngaraga meneng :"ah jang Agus...teu 
kenging ningali teuing ka tukang, bahaya, kritis boleh, tapi ayeunamah urang 
wangun wae kisunda jst".
Kuring nanya deui :"punten empah..., apan kuat jeung heunteuna Nagara teh, 
kumaha Sajarahna, jadi sajarah salah sahiji anu Nantukeun Maju/Mundurna Nagara 
jeng kabudayaannana?". empah ngahuleng deui wae...nu akhirna "da memang Sajarah 
sunda teh masih keneh keur dikorehan".
---
ceuk pamanggih simkuring Bahasa Sunda baheula geus kungsi dipake alat dina hal 
Ekonomi, Pendidikan dll, kunaon ayeuna teu laku? eta meureun akibat Jajahan 
tea, Sajarah Sundana lolobana anu Do'if jeung Palsu (upama dina Hadist mah) anu 
ngabalukarkeun boga pikiran pikeun urang sunda (anu nyicingan lengpengan Bumi 
Sunda) yen "sakur aya anu anyar datang ti Bangsa dengeun (boh Elmu, Budaya 
atawa Agama) eta leuwih alus tinimang anu aya di Tatar Sunda sorangan".

Asa rada sae oge upami dilajeungkeun kana judul "Perkawis Agama jeung Bahasa", 
wireh aya seratan kang AP yen "Bahasa Arab aya gunana keur di AKHERAT". 
logikana meureun Bahasa Sejen mah ka asup bahasa SUNDA moal aya Gunana piekeun 
engke di Akherat. tah-tah kumaha saur para wagi?
Naha BAHASA ARAB wungkul anu dipake di Akherat teh? pedah Nabi saw anu 
nyebarkeun Islam turunan Arab, tuluy Pangerannana oge boga ngaran ku Bahasa 
Arab (ALLOH) tina hurup Arab Alif-Lam-Lam-He (ha alit), atuh dina Ibadahna 
(dina Sholat) kudu make Bahasa Arab, atuh dijero kubur bakal ditanya make 
Bahasa Arab "Man Robbuka?, saha pangeran anjeun?" upama teu bisa Bahasa Arab 
mah pasti pulungak-palingeuk, moal bisa ngajawab, Pasti asup Narakana.

Tah ieu oge aya pakuat-pakaitna sareng tatarucingan simkuring, Naon Ibadah anu 
teu aya Watesna? da Alloh nyiptakeun Jin jeung Manusa teh pikeun Ibadah. Sholat 
diwates ku 5 waktu, pon kitu poligami diwates ku 4 atawa 9, ayeuna pucunghul 
Bahasa, Bahasa Naon anu dipake di Akherat?

Sakitu heula ti simkuring, mangga...
Rampes
Baktos
Agus Wirabudiman

  ----- Original Message ----- 
  From: Agus K "PAKUSARAKAN" 
  To: urangsunda@yahoogroups.com 
  Sent: Monday, December 18, 2006 11:16 AM
  Subject: Re: [Urang Sunda] Urang sunda kamarana atuh????

  On 12/18/06, ndoell <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
  > Kade kang, ulah teuing ngalajur caritaan...
  > rada direm saeutik, bisi tigebrus..
  > ngomongkeun, komo ngagogoreng seler sejen mah
  > bisi neunggar kana unsur SARA
  >
  > -dul-
  > tukangteuing
  >
  > --- In urangsunda@yahoogroups.com, "Agus K \"PAKUSARAKAN\""
  > <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
  > > ceuk kuring keneh basa nu opat teu aya gunana diakerat mendingan
  > > diajar basa arab aya gunana keur di aherat...
  > > kagok atuh euy...
  > >
  > > diajar bahasa mah nu kieu ceuk aing
  > > 1. basa sunda
  > > 2. basa arab
  > > 3. basa inggris
  > > 4. basa jepang
  > >
  > > cina mah montong.. pasti juragan ely tah cina nu hayang sunda
  > ancur..
  > >
  > > aing keur kehe;l bin nafsu

  On 12/18/06, ely evalita <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
  > Bahasa pergaulan International (salingkup dunya) anu umum dianggo bisnis dan
  > edukasi jsjb kapayun.
  >
  > 1. China
  > 2. India
  > 3. Inggris
  > 4. Jepang
  >
  > Tapi secara umum sadunya tos nganggo bahasa Inggris.
  >
  > Jadi mending ti ayeuna diajar bahasa nu opat diluhur, paling heunteu aya
  > gunana kapayuna.
  >
  > Bahasa sundamah bahasa lokal, anu dianggo sabundeureun tatar sunda, atuh
  > moal nembus JABAR jabar acan, hampir teu dianggo dina urusan bisnis atawa
  > edukasi di Indonesia oge, malihmah di JABAR sorangan bisnis dan eduksi
  > nganggo bahasa Indonesia.

Reply via email to