ceuk cenah ayeuna china teh jadi kapitalis, lain komunis deui ....

bener di shanghai ayeuna loba gedong-gedong jarangkung cenah mah hayang siga
manhattan di asia (jadi boga pikiran suudzon boa-boa nu korupsi di urang
kabur terus nyieung gedong-gedong ieu .. ), ngan rarasaan mah asa di
jakarta, nempo nu kana mobil2 hade, mercy, lolobana vw, ngan loba oge nu
naek sapedah butut, imah-imah susun nu teu kaurus - kumuh, di unggal taman
nu maen kartu, he he he

di jepang mah sagala kagiatan ditungtungan ku pesta, beberes beberesih terus
pesta, rengse presentasi terus pesta, dina sabulan paling henteu aya sakali
pesta ... nya untungna di sakola budak, mun tas aya pesta sok meunang
hadiah, ngurangan biaya dapur ... ha ha ha

cenah mah bunuh diri teh salah sahiji sumanget samurai, tibatan nyandang
wiwirang mending tereh paeh .. sugan engke sangeus reinkarnasi jadi jalma nu
dipihormat ... agama urang jepang: lahir shinto, kawin kristen, maot budha
... ceuk heureuyna urang jepang umurna paranjang sabab biaya keur nyewa
makam kacida mahalna .. he he he

budhi
kurono kopo 241

On 12/19/06, mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote:


china nu majuna ngan di dua tilu opat kota. shanghai, zhen zhen, guang
zou, sesana mah, meureun 800 ratus juta jelema aya dina kahirupan nu
sangsara.
demokrasi teu kaci. cina kawentar nagara tukang ngabajak produk naon bae.
di protes bule, dijawab, punten we da aya samiliyar jelema nu kudu
dipasihan tuang....

india?
beu..india. cenah di calcutta, nu barangmaen teh geus hese diitung. budak
leutik kolot. mombay wungkul nu maju. demokrasi ala feodal. basana hindi,
bengali, urdu. kamajuan teknologi IT teu aya hubunganana jeung kamiskinan
rahayat loba. kapungkur Ibu Theresa dinesna di Calcutta, sanes di Bandung.

inggris teh boga dosa ka nagara2 arab (nu islam) nyaeta mantuan Yahudi
nyieun nagara di palestina nu urusanana teu anggeus2 nepi ka ayeuna.
urang sunda islam nepi ka sok milu demo. poho yen urang ge boga panyawat,
kamiskinan jeung kabodoan (tambah korupsi)

jepang?
saur kang Mikihiro Moriyama, barudak jepang ayeuna geus teu garaduh/ngagem
agama. tapi tiap perayaan agama naon bae nu aya di jepang, siga natalan,
sok miluan, da hartina pesta jang maranehna mah. jepang teh nagara maju.
enya. tapi angka bunuh diri pangluhurna sadunya.

mj

http://geocities.com/mangjamal

> Bahasa pergaulan International (salingkup dunya) anu umum dianggo bisnis
> dan edukasi jsjb kapayun.
>
> 1. China
> 2. India
> 3. Inggris
> 4. Jepang






--
budhi at urang-sunda dot or dot id

Kirim email ke