Kang Deni, punten: Abdi sanes bade nyungkun ka si Teteh teh. Daria. Abdi peryogi kana eta panalungtikan. Dina sabaraha hal, naon nu diembrakkeun ku si Teteh lebet akal. Kukituna, upami hal eta didukung atanapi pakait sareng hiji panalungtikan, kalintang saena. Boh kangge urang, nu resep mimilisan, boh kangge praktek komunikasi sanesna. Sikep ilmiah ngeunaan milis nu kapendak ku sim kuring sipatna nembe "teori" -- malih masih asumsi nu dipaksa janten teori, ku cara ngalarapkeun eta asumsi dina praktek, bari teu acan puguh hasilna. Malih, duka teras duka heunteu eta panerapan asumsi teh. Abdi mairan posting Akang ieu bilih dianggap heureuy atanapi sarupaning nyungkun. Baktos, Pun Maman
Deni Wahyu <[EMAIL PROTECTED]> wrote: *ngilu ngadepong, ngadagoan hasil panalungtikan* __________________________________________________ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com

