Bagea Teh Devy, mangga lebet,
nepangkeun oge Wasta Reka Gayantika, lalaki asli ieu mah, landihan "Bohay".
padumukan samentawis di KL. Asli urang Bandung.
naon deui nya? ah, pokona mah diantos postingan Teh Devy...

cag ah,

-Bohay-

2006/12/20, dv_soenda <[EMAIL PROTECTED]>:

  Assalamu'alaikum w.w.
Ngiring reueus ku ayana komunitas urang Sunda di internet. Salaku
urang Sunda anu dumuk di tatar Sunda sim kuring hoyong ngiring aub
dina kasundaan. Da kasebatna we urang Sunda, tapi dina masalah-masalah
kasundaan mah asa kirang pisan.
Nepangkeun wasta pun Devyanti Asmalasari, nenehan devy. Padumukan di
Bandung. Ayeuna nuju diajar deui ngeunaan basa sareng sastra, utamina
mah Sunda. Mudah-mudahan ku ngiringan milis ieu bakal seueur informasi
anu tiasa ngajembaran pangaweruh ngeunaan Sunda urang.

Reply via email to