Punten Bah testing sakatenan nambihan.. "..... "Dalem Sawidak". "Sawidak"......didieu lain gelar kahormatan, ngan sindiran ka Dalem nu gaduh istri seueur, tepi ka anakna sawidak (= genep puluh)" Saleresnamah gelar sawidak teh kanggo anjeuna lantaran anjeunna gaduh leuit nepikeun ka genepuluh siki. Bisa kabayang wae upami sa leuitna sagede gudang Bulog anu aya ayeuna...sabaraha lobannya,teu aneh nepikeun ayeuna makam Dalem Sawidak sok rame nu sumping komo uggal bulan mulud mah......eta pan ngalap berkah supados tiasa boga leuit leuwih ti 60 hahaha.....Di Sumedang mah sami sareng Pangeran Sugih, kulantaran nganggo ngaran "Sugih", memang basa harita, jaman anjeuna mimpin Sumedang, Sumedang janten kota anu maju, disababkeun tos rengse didamelna jalan kereta pos ku Deandels sareng Eyang Djamu Suryanagara, janten ceuk bahasa ayeuna mah lantaran infrastrukturna sudah ok investor dararongkap ka Sumedang. Ceuk kuring, saupamina kuring Pangeran Sugih atanapi Dalem Sawidak,teras ningali jelema anu sararumping dina makam kuring, niat rek menta, pasti jero hate kuring kapikir kieu"....lamun maranehanana menta ka kuring......kuring kudu menta kasaha deui ??????(bari bingung jero hate)...mun hasil, isuk pageto datang deui mun heunteu sudi teuing nincak kadieu deui pikir maranehanana...!!! lieur dasar preman...hahahahaha, tapi pikiran kieu mah moal kedal mun nu sumping incu buyutna. Tos heula, nu ieu jeung sakieu wae komentarna. TM
_____ From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED] On Behalf Of waluya56 Sent: 18 Desember 2006 13:51 To: [email protected] Subject: Re: [Urang Sunda] Lalaki Sunda tukang nyandung? --- In [EMAIL PROTECTED] <mailto:urangsunda%40yahoogroups.com> ups.com, surtiwa surtiwa <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Mun ngaguar kana sajarah Menak Sunda baheula...ampir > sadayana etmah langkung ti hiji garwana...cenah mah > tuntutan sosial dina raraga kamenakan.....???? Leres Bah, Urang Sunda baheula nu nyandung, umumna para menak (priayi). Tapi katingalina urang Sunda teu pati resep ka menak nu nyandung teh, tepi ka mucunghul istilah "Dalem Sawidak". "Sawidak" didieu lain gelar kahormatan, ngan sindiran ka Dalem nu gaduh istri seueur, tepi ka anakna sawidak (= genep puluh). Tapi, urang Sunda oge, kungsi boga menak nu "anti nyandung". Bupati Sumedang Pangeran Suriatamaja, kungsi ngaluarkeun larangan ka kaum Priayi Sumedang nyandung (akhir abad ka 19). Mungkin pamimpin di Indonesia nu pangheulana ngalarang nyandung, samemeh aya PP10 di jaman Orba. Naha larangan nyandung ka Priayi Sumedang teh, kumargi Pangeran Suriatmaja sadar yen lamun priayi nyandung bisa mucunghulkeun korupsi (priayi= pagawe pamarentah jaman kolonial) atawa mungkin wae sikep Pangeran Sumedang ieu, kulantaran anjeunna Putra Pangeran Sugih, Bupati Sumedang samemehna, nu istrina seueur jeung putrana "sawidak". Ceuk cenah, kasang-tukang hiji jalmi sok mangaruhan sikepna. Umumna barudak ti kulawarga polygami, sok anti nyandung upami parantos dewasana (pangpangna ti istri sepuh). Dina pro-kontra nyandung, jarang pisan nu nyaritakeun soal/nasib barudakna. Nu nyandung disebut sukses, umpama pamajikan2nana akur, komo lamun disaimahkeun. Peun weh dugi kadinya, barudakna mah teu kacaritakeun, saolah-olah barudak mah lain bagean ti kulawarga. Padahal barudak teh pan nu boga "jaman kahareup" ..... Baktos, WALUYA

