Hayang seuri heula....hahahahaha...

Capetang si Teteh euy, resep...
Punten ka baraya ngiring medar ah,

Naha leres eta yen anu ngiringan milist teh "Pengangguran"?? naha tos di
talungtik kalayan leres-leres. Data-datana lengkap terus paningalina ti
sagala sisi. Teras milist mana heula nu anggotana panganguran
teh??Tangtoskeun heula targetna supaya teu ka ditu kadieu. Panginten aya
leresna yen nu ngiring milist teh panganguran, tapi seueur oge teu leresna
upami di generalisasi model kitu.

Mugia kauninga, milist di alam dunya (internet) ieu teh balatak pisan loba
pisan, ngabahas sagala rupa lah. Seueur diantara para proffesional anu malah
dugika ngokolakeun milist, malah janten moderator atanapi administratorna.
Cita-cita aranjeuna seueur anu hoyong berbagi elmu, pangalaman jeung nu
sejena. Kang Ono W. Purbo (anu teu terang anjeunna mangga we Googling), tos
kakoncara tah. Upami teu lepat anjeuna aktif di milist pikuen ngabantosan nu
sanes ngeunaan dunya Informatika. Linus Torvald (nu ngadamel O/S Linux),
ngawitan anjeunna ngaluarkeun ide ngadamel Linux, posting ka milist para
programmer jeung hacker. Teras di padungdengkeun, di kembangkeun dugika
ayeuna Linux tos janten O/S nu mapan malah nyaingan Windows ti Microsoft.
Seueur lah nu sanes picontoeun mah. Lamun dipedar hiji2 ke tiasa seep waktos
jam-jaman, aya nu rugi tah. Naha nu kitu di maksad "Panganguran teh".
(Kabeneran kuring loba ulin di area IT/Telekomunikasi, jadi loba nyokot
conto ti arah dinya). Cobi taros ka P' Rohut, Bakrie atanapi Sudono Salim
teh leres teu ngiring milist, rada cangcaya ah......jalma professional siga
kitu nepika teu gabung jeung milist hiji2 acan atwa teu boga email. "hari
gini ga punya email, cape dehhhh".

Naha nu milu milist bet kuuleun, kurang gaul jsb, teu tibalik? Naha nu
ngarana "Komunikasi" kedah direct conversation wae??kan bentukna rupa2 bisa
lisan, tulisan, email, sms isyarat jsb lah. Karunya eta Linus Torvald rek
ngembangkeun Linux, sedengkeun para programmer nu bisa di ajak ngobrolna di
saalam dunya. Rek di teleponan hiji2 da butuh "direct conversation". Tah
milist teh salah sahiji bentuk komunikasi oge, malah leuwih efektif tur
efisien dina hal ieu mah. Cik tah tingali deui, Teh Ely kan ngan ukur
ningali tina segi "direct conversation" wungkul tah.

Kumaha jeung milist US/ KusNet? anu katingali ku kuring mah ieu milist boga
niat nu hade. Salah sahijina miara kasundaan. Naha ieu teu aya mangpaatna.
Mangga we taros ka dirina sewang-sewangan. Sakanyaho kuring member ieu
milist rata-rata boga kaahlian tur professional di widangna masing-masing.
Jadi baraya sadaya ieu teh "Panganguran"?. Nya wajar we lamun dina bahasan
US kadang aya heureuy mah, hirup mah kudu dinamis maenya serius wae. Tapi
kan teu sadayana kitu, aya oge pedaran anu mangpaat.

"Candak saperyogina". Masalah sabaraha waktos anu kudu di seepkeun kanggo
maca milist, eta mah teu langkung ka nu butuh. Muhun we ari sadayana di
bacaan mah, lieur atuh da anggota milist ieu teh sanes saurang dua urang,
seueur sareng rupa-rupa kasang tukangna. Janten dina padungdengan/anu di
obrolkeunna oge pasti seueur teras ti mangrupi-ruppi widang. Tinggal kumaha
urang nyaring mana nu peryogi di baca atanapi teu, kan aya judulna tah
(sugan eusina luyu jeung subject). Lamun dibaca sadayana malah teu efisien.
Abdi ge aya 2100-an email ti US teu acan di baca sadayana. Pang-etangkeun
sabaraha waktos nu kudu di seepkeun maca sakitu??can ti milist nu sanes.

Tapi balik deui, bebas-bebas wae Teh Ely bade ngedalkeun pendapat mah.
Mangga teu langkung.

Ah sakitu heula, lieur. Seueur teuing bilih amburadul, tak mengarah dll.
Bilih kirang merenah, panghapunten sareng mugia aya nu ngalereskeun. Upami
aya nu panasaran mangga japri, langsung ka email kuring..sakali deui
hapunten ka baraya sadayana.

Permiosssss...
-gawe deui ah, bisi jadi pangangguran-
ke dilajengkeun...


On 12/20/06, ely evalita <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

   Wilujeng siang baraya,

Kang BOHAY, kang Waluya, teh Ika, kang Jaka,  neng IVA, kum wae sadaya
warga US,  wilujeng tepang deui didunia maya.

Kamari abdi ngantunkeun warnet wanci kieu, teras ka dalem kaum, ngabaso,
teras kukurilingan, uih sonten, atuh ahirna ayeuna ka warnet deui jam sakieu
oge, langsung muka milist US, tos aya 78 posting.

Abdi maca sadayana, hiji-hiji dibaca, dibaca anca, tapi dibaca wungkul,
upami saur murangkalih  sakolaanmah menangkap informasi, hartosna  masih
tingkat panghandapna, eta informasi heunteu diolah (dianalisa), mung dibaca
wungkul we, janten nu nempel dina pikiran mung 1% kitu oge upami nempel, teu
kairongrong acan hoyong ngadamel sintesa posting kanggo kaperyogian nga
reply.

Sabaraha jam anu diperyogikeun ?

Abdi seep du jam satengah mung kanggo maca wungkul.

Ayeuna mulai permainana:

Saha jalmi anu gaduh waktos sadinteun kersa maca hiji milist dugi ka dua
jam satengah ? Pastina jalma pangangguran, atanapi nu nuju stress, atuh oge
jalmi anu teu tiasa gaul langsung (direct conversation), tangtos dina
kelompok ieu teh aya pensiunan, aya mahasiswa kuulen jsb.

Ayeuna tinjau:

Kaum profesional,  mangga hoyong kelompok mana nu didamel conto, pialang,
dokter, pengacara, rekayasawan, pilot. Candak we pengacara, misalna Rohut S.
Si abang Rohut tarifna US $ 400/jam (tiga juta enam ratus ribu
rupiah/jam), upami dua jam maca posting milist US, hartosna anjeuna ical
artos kinten-kinten 7 juta/2jam/hari, upami sataun sami sareng 1,4 milyar
(untuk 200 jam kerja yang hilang), atuh pamarentah Indonesia oge ical artos
30% tina pajak Rohut. Upami macana weungi, kanggo naon ? mending dianggo
istirahat atanapi membina keluarga.

Kaum buruh, mangga kelompok mana anu bade dianggo conto, naha buruh anu
didamel dinagara nu disebat pagawe negri, atanapi buruh swasta. Candak we
dua-duana.

Misal buruh swasta, anu pang hebatna misalna teh IKA, anu tisusut
tidungdungdung, buburuh nepi kasubuh, kuli nepi ka janari hanya untuk sesuap
nasi. Cobi candak waktosna 2,5 jam kanggo maca milist, sabaraha energi +
artos nu ical, mending dianggo istirahata atuh, pasti teh IKA teu tiasa maca
milist, upami dipaksakeun pasti ngajoprak. upami teh IKA tetep maksakeun,
pasti mukana sakainget curuk mencet nu mana, replyna oge asal jadi, kadang
anu diserat tebih sareng nu aya dina fikiran, antukna sabulang bentor.

Misal buruh nagara, diantawisna guru, dosen, pagawe pemda, pagawe
kecamatan. Atosmah gajih leutik, waktosna 2,5 jam dipaksakeun maca milist,
teu nalar namina, saur pun bapamah teu nalipak maneh, mending oge dianggo
mikir kumaha tiasa usaha diluar sarengsena ngalaksanakeun tugas utama,
kanggo nambih risiko dapur. Upami maksakeun, contona  kang Waluya guru
fisika, atuh hasilna oge upami nga reply pasti seueur lepatna, margi
emutanana pagunyeng-gunyeng sareng kumaha carana ngatur risiko dapur, artina
daya nalarna katutupu ku kasusah, atuh nya replyna oge sahabekna we duka
kamana arahna, anu penting aya we, anu penting kang Waluya posting, padahal
sacara teu sadar kang engke nuju ngawulang murid oge pikiranana kangganggu,
dina pikran kang Waluya nuaya ngan "kumaha carana ngareply Ely nu baong, nu
calutak". Komo pangkat dosen mah moal aya anu kersa ngaluangkeun waktos muka
atanapi maca milist model kieu, upami aya tiasa dipastikeun eta dosen nuju
prustasi atanapi bade kehilangan existensina, bahasa kerenamah menuju "Post
power sindrom"

Usahawan atau kelompok wiraswastawan, aduh akang nu karasep, teteh anu
gareulis, moal aya usahawan maksakeun muka milist, maranehnamah motona oge
"Time is money", kanggo naon muka milist nu jelas miceun artos, tukang cukur
we misalna dua jam maca milist hartosna jam 10000 rupiah ngalayang, hartosna
2 langganan kabur, komo deui usahawan tingkat Bakri atanapi Sudono Salim anu
sajamna tiasa menciptakan 2 milyar, naha kersa miceun waktos maca milist.

Penguasa, misalna direpresentasikeun ku lurah, camat, bupati, walikota,
gubernur jsb, aduh bakal ancur atuh pamarentahan upami penguasa menghabiskan
2,5 jam perhari kanggo mukaan e-mail di milist, bade kumaha ngatur
pemerintahan atuh. Malih kelompok nu kieu mah no HP na oge mung kanggo
sababaraha jalmi, untuk keluarga, untuk atasan, untuk bawahan langsung,
untuk relasi.

Para Mahasiswa, ieu teh calon pemimpin bangsa atanapi calaon penganggur
oge, maranehna boga tugas utama belajar supaya duit ti kolotna manfaat.
Maenya teu karunya ka ema ka bapa, nu kuli macul ngabedug, atawa dagang
bongsang, atawa tani kacang panjang, ari pek duitna ku siujang kalahka
dipakai macaan milist, waktu keur diajar dipakai mukaan milist. Komo kang
BOHAY mah nu sakolana adiministrasi (tata tuliuis) diluar negri LN anu
tangtu duitna lain saeutik, komo lamun make beasiswa ti nagara mah, duh
lebar teuing waktuna dipake mukaan milist, komo dipake ngareply ka Ely bari
hayang kapuji pedah sakola di LN, sing karunya kanu mere biaya atuh kang,
atuh lamun maksakeun oge mukaan milist bisa, ngan hasilna engke jadi BOHAY
MBA (Master Bari Andekak) da mukaan milistna bari andekak.

Para penganggur, pensiunan. Tah ieu anu paling cocok, sabab killing time
namina, waktu terasa cepat, teu karaos nganggur, teu karaos pensiun, terang
terang tos bade maot weh. Cobi upami penganggur teu aktif kana milist, dua
setengah jam itu terasa setahun, upami sabar teu nanaon, upami teu sabar
lumpatna kana DUGEM, kana nyepet, malah bisa-bisa gogodeg sorangan  jsb,
kitu oge pensiunan atuh bisa ngalamun wae gawena mikiran nasib .....

Berapa waktu yang terbuang ?

Upami anggauta milist US 1500, sadayana maca (wungkul) heunteu ngareply,
ditaksir 3000 jam/hari energi warga sunda ngalayang.

Tapi kanggo abdi  anu nuju nganggur meuni asa katulungan yeuh ku milist US
teh, "Killing time" tea atuh. Tuh geuning teu karaos tos opat jam di Warnet,
janten 20000 rupiah eun yeuh.

Tah kitu akang, ceuceu ngacaprukan Ely teh.

Tapi Elly-mah resep gaul jeung sasama sunda teh, sababna karasa urang
sunda mah gede hampura, tara neuteuli, ngambek teh ngambek nyaah, janten
upami ayena Ely dibenduan ku sadaya anggauta milist teh Ely mah bungah,
hartosna para warga masih nyaah ka Ely.

Tapi abdi sebagai urang sundateh ngaraos heran, kunaon dididik sieunan,
jadi we bodo, buktosna urang sunda bodo teh teu bisa milih pimpinan,
buktosna hasilna dimana-mana di tatar sunda seueur pimpinan hasil pilihan
rakyat mun teu korupsi eh kalakuanana ka arah dzolim. Padahal mun urang
dididik pinter, engkena bisa kritis, bisa wani nuduhkeun ka pimpinan yen
tindakana salah, ari ayeunamah pan heunteu !

Tah ayeunamah sebagai tantangan pertama, kumaha upami urang
Galakeun/embarkeun/iklankeun Yen nu kudu diajenan/dipieling ku urang sunda
teh IBU DEWI SARTIKA, urang ayakeun tiap tahun hari Dewi Sartika dengan
meriah ..... sok deur ah.

Sakieu heula atuh ti Ely, ieu patuangan tos kukurubukan, bade ka "SAWIOS"
heula, hayu kang BOHAY, teh IKA, Kang Waluyo ka sadayana di Antos jam
02.30 di SAWIOS.

Sok kang Waluya, kang Bohay seuseulan deui Ely, awas mun heunteu, hartosna
teu nyaah ka Ely wew........

Insya Allah, sanes waktos Ely bade nyobi sadaya posting dibaca, dianalisa,
disintesa teras di reply, mung bade ngayaktoskeun yeun milist teh ageung
pisan gunana kanggo jalmi pangangguranmah.

salam
Ely Evalita nu geulis tea.

Note:
Posting selanjutnya Ely ingin membahas isi posting milist kebanyakan tak
mengarah, amburadul, asal-asalan dll, karena ditulis oleh orang awam atau
orang yang bukan ahlinya, bahkan orang iseng.


__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com



Kirim email ke