ari ceuk BPK mah laporan diterima tanpa catatan heuheuheu kalobaan maca koran 
bisnis kituw.
rada reueus hate kana kecap "Hayu urang teraskeun program nu urang bisa, taun 
payun".
hayu atuh ka para dulur2 anu gaduh ide naon deui tah taun payun. ngan hanjakal 
euy abdi jauh teuing ka tatar sunda sanajan kari diuk sajam geus neupi ka lembur
inget kecap si kabayan urang sunda tapi urang sunda lain si kabayan
ngan ieu yeuh anu nomor tiluna kumaha tah.....

by

  ----- Original Message ----- 
  From: mj 
  To: urangsunda 
  Sent: Thursday, December 21, 2006 4:20 PM
  Subject: [Urang Sunda] laporan tungtung taun yayasan perceka



  tadi tos dikintun kana email pangulinan, tapi teu dugi2 nya. bilih bisi macet 
di jalan, dikintun deui kana gmail. 

  ------------

  Yayasan Perceka
  Laporan  Tungtung Taun

  Baraya saalam dunya, neda waktos kanggo ngalaporkeun uget Yayasan Perceka
  dina taun 2006. uget yp sapertos nu parantos kauninga, kunu paduli
  utamana, nyaeta: 
  1. Nu kaetang rada mayeng teh Program Pabukon Simpay Katresna, dugi ka
  danget ieu, tos aya 31 tempat.  Data tiasa di toong di
  yp.urang-sunda.or.id/psk.htm atanapi di yahoogroups.com/group/urangsunda,
  file

  2. Dana sesa tujuh jutaan.

  file pabukon sareng kencleng desember ditangkodkeun.

  3. Program KRS, kampanyeu reueus sunda (basa gaya pikeun nyieun kaos che 
  voth jeung Haling Ku Aing tea, tos mayeng oge. mudah2an aya urang kusnet
  utamana nu di bdg-da bdg pabrik kaos- nu tiasa neraskeun program ieu margi
  si andiw sigana semester payun bade tugas akhir.

  4. program beasiswa simpay katresna samentawis teu acan diteraskeun. 

  5. program ngaleler pangajen kanggo inohong kasundaan, kersana apih Siddik
  sareng Ua Sasmita oge nu sanesna alhamdulillah tiasa kalaksana taun ieu.
  tiasa masihan pangajen ka opat urang kuncen sareng inohong kasenian 
  langka.

  6. boh bilih cara si kuring ngurus atawa ngahiap kirang katampi kana manah
  saderek sadaya, neda pangapunten ka sadaya.


  si kuring da ngan seksi ingkig, janten nyuhunekun rido galih bade
  nganuhunkeun ka para wargi:

  Ua Sasmita-Bandung
  Apih Sidik - KBRI Seoul Korkid
  Ua Djatnika S. Puradinata - Jakarta
  Kang Dhany Drajat - Riau
  Kang Hary Bowie Wibowo - BI Jakarta
  Kang Mamat Rachmat- Telkom Japati Bandung 
  Teh Ika Mardiah - Bappeda Jabar, Bandung
  Kang Dede Mardiana-Lemlit Unpad Bandung
  Teh Roro Rohmah-Sidola Bandung
  Kang Oman Abdurrachman –Geologi Bandung
  Irpan Rispandi –Jakarta Garut
  Runa Irawan-Bogor Tasik 
  Kang Soni Rosyan-telkom Bandung Ciamis
  Kangguru Deny Suwarja - Cibatu Garut
  Teh Lies Parish, Essex Inggris
  Teh Netty, Texas Amrik
  Rezza Krisdian-Jakarta Tasik
  Kang Budyana Yogaswara –Balikpapan
  Kang Suteja Amijaya –Cikarang Bekasi 
  Kang Buyung tukang kapal di Batam
  Kang Ahmad Toha, duka dimana, Jakarta nya.

  kum sadayana, punten nu teu kaabsen ulah pundunk

  nu parantos kersa ngiring dina program ieu, boh ku cara ngintun kencleng
  rutin, kakapeungan (temporer) boh nu nyumbang tanaga, milari tempat sareng
  nganteurkeun buku, oge nu sambung du'ana. 

  Hayu urang teraskeun program nu urang bisa, taun payun.

  Sakitu nu kapihatur
  Pupuhu nu nurustunjung udud turunan gunungcupu



  -- 
  geocities.com/mangjamal 

   

  __________ NOD32 1932 (20061220) Information __________

  This message was checked by NOD32 antivirus system.
  http://www.eset.com

Kirim email ke