Huahuahuahuahua....................
Lucuuuuuuuuuuuuu................lah
nuhun kang...............aya-aya wae...hehehehhehe

K Nata
  ----- Original Message ----- 
  From: Ganjar Kurnia 
  To: urangsunda@yahoogroups.com 
  Sent: Wednesday, December 27, 2006 6:34 PM
  Subject: [Urang Sunda] ngawayuh



  I.

  Aya sobat anu ngawayuh dugi ka opat. Barang ditaros naha eta teh numut sunah 
Nabi? "Ah sanes kitu-kitu teuing" waleranana. Ngaitkeun ngawayuh sareng agama 
sok snanos aya ayatna sieun katulah cenah. Ieu mah estuning, tumut kana 
kasauran sepuh waktos akad nikah. Majar maneh :"pamajikan teh tihangna rumah 
tangga". Kikituna kacipta lamun imah tihangna ngan hiji. Ngarah weweg, nya 
kedah opat meureun..........................


  II.

  Sobat anu sejen mah lain deui caritana. Ninggali rame anu ngawayuh, 
katinggalina aya korelasi antawis kabeungharan sareng ngawayuh (utamina anu 
beunghar anyar). Ki sobat oge ari ninggali sareat dunya mah asa pantes manehna 
lamun ngiluan oge orde ngawayuh. Tapi basa ditalek kunanon henteu ngawayuh, 
padahal beunghar? waleranana :"baroraah akang mah Yi, karunya ka si euceu. 
Lamun kolotna masih araya keneh mah, si euceu oge moal burung  dibalikeun. 
Akang onaman, rek ganti wae ku nu anyar............................

  III.

  Aya anu ngawayuh opat disabumikeun. Maklum ahli agama, ari kilir teh sok 
didalilan. Ari sakali ngaladenan salaki teh sami sareng maehan opat puluh 
yahudi cenah. Mantak ari isterina bade ngajak ebog teh sok nyarios :"apa sanes 
bade maehan opat puluh yahudi...................". Sup ka kamar isteri anu 
kadua ditawisan kitu oge. Tapi kusabab tos ngawitan leuleus, walerna teh :"anu 
ayeuna mah ngan 20 Yahudi na " cenah. Atuh basa lebet ka kamar anu ka tilu, 
nyebatna teh ngan maehan sapuluh Yahudi. Barang istri anu kaopat nawisan : si 
Bapak ngadon ambek mureleng:"lain rek maehan Yahudi..................maneh mah 
rek maehan aing............sakieu geus leuleus teh"
      


------------------------------------------------------------------------------
  Yahoo! Mail réinvente le mail ! Découvrez le nouveau Yahoo! Mail et son 
interface révolutionnaire. 

   

Kirim email ke