>> Juringkang si Jay hudang, tuluy leumpang ka beh kulon..Langit beuki ceudeum, hujan pras pris maseuhan alam. _,_._,___
Karek sababaraha lengkah, panon si Jay nu belo-beureum-ceuleuyeu ngadadak buringas nempo tukang bajigur nu keur ngiuhan di tepas imah kang Ma'mur. Solontod nyampeurkeun. "Cik mang menta bajigur sing tegep," bari leungeunna hideng ngarawel boled. Camuil bangun ni'mat naker. "Boga korek, mang?" Leungeunna capa-cipi ngodokan pesak nu geus puguh kopong ti mangkukna oge. Si mamang surti ningali beungeut celong hareupeunana beuki sepa. Lebah deui mah akting si Jay geus manjing piala Citra jigana, nepikeun ka si mamang oge kadeoh. Sor ngasongkeun paneker jeung jarum coklat sabungkus. "Wah nyaan yeuh di dinya pengertian pisan. Kapal api dari tiongkok. Minta api dikasih rokok. Ngan ulah loba teuing ah, bisi pajarkeun majeg. Bagi dua we nya. Di dieu mah genep batang ge cukup. Tah sesana jang didinya. Kop tah tilu batang deui, bae bungkusna mah bonus. Uing mah aya keneh cangkang menak jinggo pamahugi ti ceu Upit," ceuk si Jay api-api teu nolih ka si mang Juha tukang bajigur nu colohok mata simeuteun. Boled dua guruntul gede dipalidkeun ku bajigur tilu gelas, piraku we teu wareg. Lain ge si Jay lamun teu kandel kulit beungeut. "Mang, bisi pajarkeun kuring karung bolong kandel kulit beuteung nu hese seubeuh. Nyaneut mah cukup sakitu ge. Cuci mulutna mah ieu weh katimus jeung bakecrot. Hese mang neangan pamuda intelek siga kuring nu beuki keneh kana kadaharan tradisional." Kekepruk, tapi barang rek jung ngaleos, mang Juha rikat newak leungeun si Jay. "Patlas rebueun tambah roko satengah," ceuk Mang Juha anteb. "Mang, tadi ceuk kuring teh menta bajigur. Atuh eta lalawuhna nya wajar we da nginum teh kudu aya palidkeuneunana. Sedeng eta roko, na saha nu ngasongkeun. Tadi na ge nyampeurkeun teh bane we haat ka di dinya. Bisi teu apal, ieu teh buruan imahna kang Ujang Ma'mur. Apal teu naon hartina ma'mur? Mamad murukusunu ! Kurang-kurangna hade milik mah beak tanggungan akang disasaak kang Ujang Ma'mur. Kabeneran kuring mah diambeuan keneh ku manehna. Moal sieun kumaonam lah pokona ah" si Jay beak dengkak ngolo mang Juha. Deuleu etah, pirage melaan bajigur jeung hui boled tangka kudu dedengkakan sagala. "Paduli aing mah. Bayar burukeun, rek muru haneuteun di kampung Babakan!" Si Jay mimiti humar hemir. Komo ningali leungeun mang Juha siga rek ngalaan awi pananggung. "Buru siah, silaing teu apal ka dewek? Memeh dagang bajigur teh aing geus katelah tukang tarok. Tadi isuk ge geus lima hulu dipapas". Puguh we bujur ipis si Jay beuki rerempodan. Bari luwa lewe si Jay humalengis,"Mang, kieu we atuh. Nu tadi pasti bakal dibayar ku kuring. Bisi teu percaya, yeuh cepengan dompet kuring pikeun tandon." Dompet lecek nu eusina ngan ukur katepe sementara katambah kartu mahasiswa ti Agogo alias Akademi Gobang Gocir di asongkeun ka Mang Juha. Sareret ge katingali ku mang Juha eta dompet euweuh eusian. "Teu butuh ku dompet aing mah. Buru siah bayar, bisi dibabuk. Jaba engke dilaporkeun ka pa Babinsa". Beungeut si Jay beuki sepa. Leng uteukna mikir. Naha barter wae kitu. Tapi kumaha lamun eta bebengok tukang bajigur teh menta dipangnanggungkeun nepi ka Babakan. Mangkaning kudu ngaliwatan heula Warungpeuteuy, aya Ai Patonah nu herang mencrang. Laju ka Pasanggrahan aya teh Ani lanceukna Ira Puspa tatangga kos di Bandung. Memeh Babakan kudu meuntas heula Kiaralawang. Heug di ditu aya Puji Maharani nu mindeng dicetrakan mun pareng ngaliwat tumpak delman. Tetela nyieun pucuk ti girang di alam nyata beda jeung di dunya maya. Ngaliwatan surelek mah, lung taleus ateul, kerelep weh. Moal aya nu nganyahoankeun. Keun we ketang dina ayana ge, pasti neng Elly nu digerewek. Top we lah, bongan atuh nampik sapajodogan. Geus kabayang weh : RAHASIA ILAHI - DIPIKACEUCEB WARGA KUSNET ALATAN TIDEUHA NOLAK TRESNA. Teu kebat lamunan si Jay ningali panon mang Juha beuki mureleng. Untung aya Ma Onih jeung incuna nyampeurkeun. Pesen bajigur dibungkus. Tilu bungkus cenah. Sabot Mang Juha paciweuh, si Jay nguliwed, gorobas, berebet lumpat teu nolih tincakeun. Malah teu inget meueus meueus acan yen eta jalan teh brasna ka astana gede. Astana, anu karek katingali ti jauh ge si Jay geus langsung muriding sa awak-awak.