Leres panginten kang Dudi, eta tos di waler ku Ua Sas, sami geuning.
Simkuring mah teu ancan kateuleuman.
Dasar we Kang Kumi, dikaitkeun sareng aran kuring.
Aran kuring Toha, wasta pun rama Toto sareng wasta pun aki Hasan janten
TOHA, tah kitu Kang Kumi..!
Simkuring mah nembe terang kecap tohaga, mitoha, anak mitoha sareng incu
mitoha...ha....ha..ha..

emod

On 1/9/07, Dudi Herlianto <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

  rek nyanyahonan.. heuheu rumasa gaduh panyakit kurang pd. cek cenah dina
buku mang saleh nu judulna mah poho bin hilap deui, padahal karek kamari
macana. cenah tohaan teh sasaruanna nyaeta raja atawa ratu atawa pangawasa.

sanes kitu kang emod?

dh

On 1/9/07, kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>   Ieu mah kedah diwaler ku Kang Emod, da kaleresan aslina boga ngaran Tohaan
> di Ahmad. Mangga ka payun, Kang Emod.... Heuheu
>
> On 1/9/07, Siddik Wiradireja <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> >
> >   Upami ngaos puisi dihandap, urang bakal mendakan kecap "Tohaan"....,
> > seueur raja-raja Pajajaran sateu acan diistrenan janten Narpati di
> > Pakuan atanapi Galuh
> > aya anu janten Tohaan di Galuh, Tohaan Sunda Kalapa sareng sajabina.
> > Tah anu janten patarosan ; "naon hartosna Tohaan, naha sabangsa
> > jabatan pangawasa daerah sapertos bhopati, adipati....??
> >
> __
>



--
~:ngadék sacékna, nilas saplasna:~
:.lembur deudeuh.:
http://banjarasih.blogsome.com

Kirim email ke