Di sim kuring aya buku kenging Dr J.Noorduyn anu ditajamahkeun ku Pa Iskandar 
Wasid judulna "Perjalanan Bujangga Manik Menyusuri Tanah Jawa : Data Topografis 
dari Sumber Sunda Kuno ( Bujangga Manik's Journeys Through Java : Topogrphical 
Data from an Old Sundanese Source)
Ieu buku medal taun 1984 gawe bareng antawis KITLV sareng LIPI), buku 
ngarupikeun hasil stensilan ukuran kertas A4, aksarana hasil stensilan tea 
kalan-kalan aya nu kirang jelas janten upami di scan kirang sae, upami di ketik 
ulang bet rada haro.....haroream tea.
Dina ieu buku seueur disebat nami nami daerah boh nu aya keneh boh nu tos teu 
aya (robih nami), janten sae pisan kanggo terang kumaha kaayaan nami daerah 
dina abad ka 16.
Sanes bae mung dugi ka Brebes tapi dugi ka Bali, ngacacang lami di Jawa Timur, 
hiji "kelana" anu gemet nyatetkeun perjalanana. Mungkin bae bangsa sanes oge 
(Jawa, Madura, Bugis sjte) tapi onjoyna Bujangga Manik nya nyatetkeun nami nami 
daerah salami ngalalana.
Disebatkeun dina baris ka 80-87 :

Sadatang ka tungtung Sunda
meuntasing di Cipamali
datang ka alas jawa
Ku ngaing geus kaideran
lurah lirih Majapahit
palataran alas Demak
Sanepi ka Jatisari
datang aing ka Pamalang

Waktu harita wilayah karajaan Majapahit watesna jeung Sunda di Cipamali ( 
ayeuna Kali Pemali di Brebes).
Kecap alas, biasana hartina leuweung, tapi lamun nengetan kalimah di luhur 
(baris 83) bisa bae hartina daerah, jste.
Saperti dina baris 595 aya nu disebut Gunung Damalung jeung dina baris 596 aya 
nu disebut Pamrihan, geuning sanggeus ditalungtik sarua jeung Gunung Merbabu di 
Jawa Tengah, kitu deui Pamrihan hiji ngaran keur Merbabu keneh ( saperti dina 
naskah Jawa Tangtu Panggelaran).

Aya nu bade napak tilas Bujangga Manik yeuhhh....?, itung itung ngalalana, kitu 
ge mun boga duit keur inditna....tapi naha kira-kirana Bujangga Manik harita 
mekel duit teu nya...?

MSasmita
  ----- Original Message ----- 
  From: hangjuang bodas 
  To: urangsunda@yahoogroups.com 
  Sent: Wednesday, January 10, 2007 8:24 PM
  Subject: Re: [Urang Sunda] Re: Bujangga Manik---> HartosnaTohaan


  Hatur nuhun ka nu tos ngiring medar hartosna tohaan, jigana naon nu tos 
didugikeun teh leres sadaya saluyu sareng jaman, kaayaan sarta konteks kecap 
tohaan eta.
  Mung sim kuring bade nambihan sakedik, hususon pikeun kasus Bujangga Manik nu 
ngagaduhan gelar tohaan.  Tohaan di dieu sami sareng kecap pangeran pami ayeuna 
mah, nu dina bahasa inggris na "prince", jiga pangeran charles, pangeran 
andrew, pangeran henry jst, nu maksadna katurunan langsung ti raja nu keur 
ngawasa harita (tiasa sabage anak, incu, buyut) nu masih ngagaduhan hak kana 
tahta sanajan sanes putra mahkota oge.

  Bujangga Manik gaduh perhatosan anu langkung daria kana widang agama jeung 
sastra, sahingga tempat-tempat nu dijugjugna seuseueurna mangrupa kabuyutan 
atawa pamujan, katingalna anjeunna teu pati malire kana urusan pamarentahan, 
oge teu ngagaduhan pancen pikeun ngawasa hiji daerah, sahingga tiasa 
aprak-aprakan dina waktu nu lami jeung henteu ngan sawangsulan deuih.

  cag,
  pun hendra


  ".:: kIPeR pERsIb ::." <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
    ngiringan mairan ach.. ngomong soal bujangga manik teh sok ingeut basa
    jabung jeung Kang Mumu, Kang Agus jeung Kang Adit di SBR bogor. Ceuk
    aranjeunna cenah naskah bujangga manik nu asli teh aya di laden .. Hmm
    cenha eta ge teuing fotona teui aslina, tapi basa kuring mogor ka Pak
    Incohi salahsawios pustakawan bogor, kuring nyaho yen Pak Inochi teh
    kungsi mogaan naskah Bujangga Manik didinya kungsi di caritakuen yen
    bujangga manik teh boga tugas kudu nyatet kabuyutan-kabuyutan
    Pajajaran timimiti bogor nepikeun ka Brebes malihan mah Kang
    Hendra,jeung reng-rengan ti UI ge kungsi ka Brebes teh malihan mah aya
    foto-fotona, cag ach ..

    mapag seren taun 3-4 febuari 2007
    http://geocities.com/serentaunsindangbarang
    http://serentaunsbr.multiply.com


Kirim email ke