ngiringan ngawartosanlah abdi gaduh ingpo sakedik wae masih patali jeung kapal cai anu tilelep. lamun dulur2 aya bade nganggo kapal cai anu geus pinuh pisan komo keur lebaran, mendingan ulah naek. aya pangalaman pribadi oge, keur lebaran uih ka pekanbaru (pun bojo made in pekanbaru) ngangge kapal cai, eta mah make bangku cadangan make jojodo. da, rada geumper oge. dina elmu kakapalan aya disebut titik meta center. jadi lamun aya ombak ninggang kana kapal eta kapal kudu bisa balik deui ka posisi semula (jiga babandulan di gantung) ambeh bisa balik deui eta kapasitas/berat kudu sesuai dengan perhitungan. jeung berat (penumpang/kendaraan jsb) kudu merata diluhur dek kapal. ceunah di km senopati tibalik teh pedah penempatan kendaraan di dek teu saimbang ditambahan ku excavator ditendeun digigir. sanes suudzon ka kapten kapal na jeung administrasi pelabuhan. jadi aranjeuna teu ningal kaayaan kapal mean titah geura indit, pedah ningali geus pinuh meureun kawas di leuwipanjang. jadi dulur2 ningal di koran lamun aya kecelakaan kapal cai, bisa dipastikan aya kecap kelebihan muatan.
sakieu heula lah. cape oge ngetik panjang2 heuheuheu ----- Original Message ----- From: arya.hega To: [email protected] Sent: Thursday, January 11, 2007 11:31 AM Subject: Re: [Urang Sunda] AdamAir kapanggih, cenah ... Akur kang.. jadi kebiasaan di urang mah nyalahkeun cuaca, nyandak gampilna wae, padahal sadayana oge parantos ka deteksi, kantun sadaya padamel penerbangan nu nyandak keputusanna, bade terbang atanapi ditunda, pangkal mulanamah tina aparat pamarentah nu teu tegas, ari pengusahamah wajar nyari keuntungan saageung-ageungna, penumpang wajar milari nu murah, tah tugas pamarentah/regulator nu janten wasitna supados aya dina jalan keselamatan, ari mariosna dina dokumen wae mah, gampil, bisa ditanda tangan di rumah makan, teu kedah ditingali pesawatna tos diparios atawa henteu, nu ngagolosor ge parantos seueur, eta pan tos tanda2 teu balener airline teh.. Recent Activity a.. 10New Members Visit Your Group SPONSORED LINKS a.. Culture change b.. Corporate culture c.. Cell culture d.. Organization culture e.. Tissue culture Need traffic? Drive customers With search ads on Yahoo! Yahoo! Mail Drag & drop With the all-new Yahoo! Mail Beta Y! Messenger Want a quick chat? Chat over IM with group members. . __________ NOD32 1971 (20070110) Information __________ This message was checked by NOD32 antivirus system. http://www.eset.com

