Baraya
  Aya wacana di Pusat ngeunaan jumlah provinsi jeung kabupaten/kota di 
Indonesia.
  Dua instansi Pusat, Bappenas jeung Depdagri keur nyusun strategi penataan 
daerah otonom (provinsi jeung kabupaten/kota). Rada aneh oge duanana nyieun 
panalungtikan nu obyekna sarua. Depdagri mah meunang biaya ti APBN cenah 
(didukung ku DPR), Bappenas ti UNDP (PBB). 
  Ti awal geus katingali 2 instansi ieu beda mikirna, Depdagri mah leuwih 
condong kana dimekarkeun (conto: Jawa Barat jadi 2 provinsi), lamun Bappenas 
leuwih condong kana digabungkeun (Jawa Barat gabung jeung DKI Jakarta). 
  Cing kumaha kira-kira mana nu leuwih alus keur urang Sunda? Naha wilayah 
masih jadi masalah? pan urang Sunda mah aya dimana-mana?
   
  Baktos,
  ika

        
---------------------------------
Everyone is raving about the all-new Yahoo! Mail beta.

Kirim email ke