Ngawaler..

Saleresna ma teu aya bobogohan (pacaran) di Islam, sanajan aya istilah
bobogohan nu islami. da teu aya ti dituna.. :)

aya 4 alesan ceuk Islam lamun lalaki nikah ka awewe..

1. ku lantaran geulisna
2. ku lantaran hartana
3. ku lantaran katurunanna
4. ku lantaran kaimananna

Tapi nu sae nikah teh kulantaran kaimananna, sanajan dibaris ka opat tapi.
alesan "kulantaran kaimananna" teh tiasa abadi. sanajan istri teu geulis,
teu beughar, sanes katurunan raja tapi lamun beriman mah Insya Allah
barokah..

masalah geulis mah moal lami paling sababaraha taun ngawitan hungkul..
kaditunamah nini-nini.. :)
harta sareng katurunan ge sami da sipatna sementara

aya deui 3 paktor nu matak Allah ridho:
1. Enggal nikahna
2. Enggal gaduh anakna
3. Mirah mahar na

Jadi lamun eta calon teh tos tiasa kalebet ka sarat di luhur, sok geura
nikah.. ulah nimbang2 masa lalu na.. da sadayana ge gaduh masa lalu nu awon
mah...

Tapi lamun teu acan tiasa minuhan sarat diluhur .. wayahna milari deui.

Saran : lamun tiasa milari nu nganggo jilbab (jilbab nu leres sanes jilbab
gaul) da biasana nu nganggo jilbab mah tara bobogohan, langsung dilamar..
Insya Allah moal dipersulit..


salam

hasbinur.com



On 1/11/07, shaqses purnama <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

  Assalamualaikum ka sadayana....

Pribados sakedap deui bade pangantenan sareng hiji istri org bdg, namung
abi masih aya ganjelan anu matak ngabingungkeun manah. Masalahna kuring
(lalaki paling naip keur wanci kieu) jujur bae salami bobogohan sareng anu
ieu atanapi sareng nu kapengker teu pernah ciuman atanapi langkung ti kitu,
ayeuna kuring ngarasa klick sareng hiji istri cuma kuring masih kurang sreg
sareng masa lalu na anu terlalu gampangan ciuman sareng para mantana mungkin
hal ieu sepele bagi sabagian org tapi henteu bagi pribados, anu jadi
patarosan kanggo sadayana....dugi ka palih mana batasan gaya bobogohan
wanci ayeuna ? saur urang sunda sadayana Naha ciuman, pegang dada atanapi
peting itu masih kalebet wajar ?

Hatur nuhun sateuacana

Anu nuju bingung




__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com



Kirim email ke