waduh cilaka...sigana para ahli sajarah amerika teh geus apal pisan  kana adat 
jeung kabiasaan urang anu resep ngagosip, lalajo sinetron  jeung tayangan 
kriminal...! Hebat nya amerika mah...

ely evalita <[EMAIL PROTECTED]> wrote:                                          
            
Wilujeng tepang deui para warga USNET,
       
      Kumargi  minggumah sok aya kegiatan hiburan (week end tea atuh), nya 
maksakeun  dinten saptu we silaturahmi sareng para anggauta milist USNET,  
mugi-mugi we para warga nuju ngalanggur janten  tiasa macaan posting sapertos 
abdi ayeuna.
       
      Abdimah  pepejeuh kapara warga USNET, omat ulah muka milist dikantor, 
nganggo  fasilitas kantor jeung waktu kantor, etateh bibit korupsi, anu 
jelasmah  bakal numpuk dosa.
       
      Kukituna,  kumargi pemerintah RI, khususna pemerintahan Jabar katut 
pemerintahan  Bandungteh miskin pisan jeung bodo deuih teu ngartos fungsina 
internet  kanggo masyarakat umum, antukna teu mampu nyayogikeun internet gratis 
 kanggo wargana, numana ieuteh benten sareng pemerentahan Negara maju nu  
ngartos yen elmu pengetahuan ayeunamah gampil pisan dikerukna lewat  internet, 
nya dinegara majumah dimana-mana internet gratis  disayogikeun, umumna 
ditempatkeun di library umum. 
       
      Atuh  ka para warga USNET di Indonesia anu ngalanggur, upami palay akses  
internet wayahna we ka Warnet, paling awis 5000 rupiah/jam, di Bandung  nu sae 
di JL Pahlawan and Jl. Malabar, aksesna cepet pisan, rupina  pengusahana bodo 
keneh, janten anjeuna teu acan ngartos yen mengeruk  uang ti langgananteh 
melalui jam pakai (elaps-time) sanes CPU time,  atanapi ieuteh strategi 
pemasaran supados langganan sumping teras.
       
      Ayeuna urang teraskeun masalah kehebatan Amerika.
       
      Penguasaan lah/daerah/territorial  make kekuatan militer sabenernamah anu 
paling lila kakuasaana sepanjang  sejarah peradaban, nyaeta kekuatan tentara 
islam sabada Rasul wafat,  khususna saba’da Khalifah ka 4 sahid. 
       
      Dongeng pondokna kieu.
       
      Ba’da  Saidina Ali pupus (sahid, ditubles waktos sholat subuh), bani 
umayah  anu ahli bidang tatanegara jadi nguasaan daerah Arab, malah bisa  
ngancurkeun/ngusir keluarga Rasul (diantarana turunan Fatimah + Ali) ti    
Madinah jsb, nya ahirna keluarga Rasul nyiruruk di IRAN, jeung di Irak, malah  
incu Rasulullah SAW nu namina  Husein  mah dijagalna ku pasukan para sahabat 
Rasulteh di Karbala (IRAK),  tah  kelompok anu biluk ka keluarga Rasulteh anu 
terusir, jumlahna teu pati  loba , kelompokna disebut ahlul bait, dijaman 
kiwari disebut Syiah.
       
      Jadi lamun urang   hayang  dialajar agama islam anu dibawa ku keturunan 
Rasul mangga we tolabul ka  ulama Syiah. Di Bandung oge aya nara sumber 
ngeunaan syiah tapi tangtos  wae sanes Mirza, namina Kang Jalal, nami aslina 
Jalaludin Rachmat, DR  (bidang komunikasi), anjeuna salah sahiji jalmi di 
Indonesia anu  memperkenalkeunana  ahlul bait disebut  mazhab ka lima, jigana 
urang leuwih kenal ka mujahidna nyaeta Jafar   Sidiq.
       
      Cag urusan ahlul bait, fokusna rek nalingakeun kahebatan  Amerika, tapi 
urang tinggal heula kahebatan   militer  islam anu dipimpin ku bani umayah 
(keluarga umayah), supaya urang  reugreug yen Amerikamah sabenerna can nepi 
kakahebatan pasukan islam.
       
      Saenggeusna  memarginalkan kekuatan Ali, ieu bani umayah ( nyaeta 
katurunan Abu  Sofyan, baheulanamah musuh Rasulullah anu serah bongkokan ka 
Rasul  waktu penaklukan Makah, nya jadi islam, duka tah islamna kapaksa  
atanapi iklas) ngalebarkeun kakuasaan ku kakuatan militer nya nepi ka  Afrika 
terus tembus ka Andalusia di Spanyol, atuh keluarga nu lainan  tembus ka 
Kazhakstan, komo Bizantiummah anu harita dibawah kekuatan  Kristen Ortodok 
sakeak dibabad kupasukan islam, malah nepi ka daerah  Monggol sagala, Gengiskan 
bapak/pemersatu Monggol anu sanggup nguasai  China oge islam. 
       
      Kakuatan militer bani umayah ngajajah di Spanyol bertahan  800 tahun, 
tapi  saterusna  dibabad nepi ka akar-akarna ku pasukan ti Europa, nya bersih 
pisan  diabad 15, paribasana teu nyesa sapotong-potong acan orang islam di  
Andalusia Spanyol, jaman haritamah sederhana pisan, islam digantung,  atawa 
dipenggal, atawa kabur atawa ninggalkeun islam. Titinggal  kahebatan islam di 
Spanyol aya oge diantarana benteng Toledo (pertahan  terahir dimana pasukan 
islam ditumpas habis, di gereja di Toledo  dipajang pedang Jabal El Tarik orang 
islam anu naklukeun Andalusia),  General Life dan Alhambra istana Endah di 
Sevilla (baca Sepija), jeung  mesjid Cordoba (mangga geura amengan kaditu 
atuh). Kitu oge di  Bizantium Turki kakuasaan militer islam diahiri di 1921, 
antukna nepi  ayeuna Turki jadi Negara sekuler. Di Monggol teuong tinggal 
sabaraha  ese islamna.
       
      Pesan  anu penting didieu, sabenernamah sakumaha hebat militer menduduki  
territorial nagara sejen awal ahir memang bakal terusir, sabab penduduk  
satempat pasti teu suka, nya bakal terus ngalawan pendudukan.
       
      Nepi ka tahun 1953 mah jelas pisan pengusaan  lahan/territorial  tetep  
make kakuatan militer, contona Europa dikeukeusek ku Jerman, Asia  dikeukeuseuk 
ku Jepang. Ahirna fakta ngabuktikeun yen Amerika jeung  sekutu sebagai 
pemenangna atawa penaklukna, malah nepi kakiwari di  Jerman, Jepang, Filipina, 
Korea, Arab jsb pasukan Amerika teu bias  digomeng-gomeng. Luar biasa hebatna 
ieu nagara nu ngan dihuni 300 juta  manusateh, bisa ngawasa dunia. 
       
      Tujuan  utama penguasaan territorial (ngajajah) sabenernamah saderhana 
pisan  nyaeta ngarebut/keur nguasaan sumber alamna, tangtuna keur  
kasejahteraan pengusaha, penguasa jeung rakyat nagara penjajah, lain  keur 
kasejahteraan rakyat anu dijajah, Satiap penjajahma pasti teu  paduli kanu 
dijajah.
       
      Kusabab  fakta sejarah ngabuktikeun penguasaan territorial ku milter awal 
ahir  ancur oge sabab beuki lila rakyat anu dijajah beuki teu suka, jeung  
deuih dijaman modernmah ngajajah nagara batur anu loba sumber alamna  
kukakuatan militerteh jadi teu popular deui, nya dirubah taktik atuh.
       
      Tah  faktana ti mulai tahun 1960 an Amerika beralih taktik, anu leuwih  
luwes, nguasaan sumber alam disaluruh dunya teu langsung make  kukakuatan 
militer, tapi make hubungan sosio-budaya-perdagangan-teknologi jsb  nu langsung 
nyentuh kahirupan manusia,   carana nyaeta Meng-Amerikakan daerah anu rek 
dikuasaina. Carana  asupkeun  cara hidup Amerika supaya segala sesuatuna jadi 
tergantung ka Amerika,  hasilna luar biasa, hampir duapertilu dunya geus ngilu 
pola hirup  amerika, Cocacola, KFC, Holiwood movie, American idol dengan nama 
lain,  Microsoft  software jsb, produk pertanian, alat tempur jsb di 
Amerikakeun. Tah  nyatana taktik ieu sukses, antukna masyarakatna jadi asa 
gagah lamun  bias hirup cara Amerika. Duit ngalir  ka Amerika,  contona: 
satetes Cocacola anu dijieun di Rancaekek terus diinum kuurang  Limbangan 
Garut, tetep Amerika menang untung (fee). Kitu oge, sapotong  hayam KFC anu 
paduli hayamna diingu di Purwakarta, terus KFC-na  dilegleg ku JAY di Sekeloa
 Bandung, Amerika meunang Frachise Fee-na.
       
      Nu  paling tragis sabenernamah katergantungan terus kana produk canggih  
Amerika samodel software, pesawat, alat pertahanan jsb, anu  ngakibatkeun 
Negara anu dikuasaina teu bias berkutik anu ahirna  rakyatna beuki bodo (paling 
bisana ngan tapi make wungkul). Keur  Indonesiamah karasa pisan, contona lamun 
bidang komunikasi di jam ku  Amerika Indonesiamah teu bias nanaon pisan (telpon 
parareum), kitu oge  pesawat teu dibere sukucadang we nya jadi besi tua, 
alhasil  Indonesiamah bener-bener jadi sapi perahan Amerika, sabab sakabeh  
kanikmatan nu ayeuna ayateh sabenerna ditukeuran ku hasil tambang nu  aya di 
Nusantara (dengan kata lain, sabenernamah sumber alam di  Nusantara nepi ka 
tahun 2040 geus milik usahawan Amerika dibawah  kontrak resmi).
       
      Kiwari  kahebatan Amaerika dina sagala segi memang luar biasa bari jeung 
euweuh  anu bias ngalawan, cikenehwe Somalia dibom saratus sipil tewas, nagar  
sadunia teu bias nanaon, Europa oge teu bias berkutik waktu di WTO keun  
persoalan Airbus A380, kitu oge bidang sience Amerikamah wahana angkasa  luarna 
geus nepi ka mars.
       
      Ari  Irak kunaon atuh dikuasai kukakuatan Militer ? ah ieumah teu kudu  
difikir panjang, sabab ti 1991 Sadam geus dititah turun tapi mumul,  akibatna 
produk Amerika teu bisa asup, dollar teu diberlakukan di Irak,  sedangkeun 
minyak Irak dijual ka Jerman, nya hiji-hijina jalan, ambil  alih paksa we 
kukakuatan militer, hasilna sukses bari jeung korban  nyawa jumlahna saeutik, 
Finalna Sadam digantung ku rakyatna sorangan,  anu jelas ayeuna cocacola, KFC 
geus aya di Irak bari jeung duit nu laku  dollar, artina lamun urang irak boga 
duit Irak sakoper paling dipake  berguna keur siduru.
       
      Waas  pisan, kecerdasan ahli perang Amerika memang luar biasa, keur  
ngancurkeun Irak cukup ku pilot pesawat tempur jeung rudal ti kapal  induk, 
perang ngancurkeun hiji nagara cukup ngan ku sabaraha urang,  hebat pisan tah 
Amerika, anu leuwih waas, ahli perang Amerika make ahli  sejarah 
(sosia-budaya), dimana fakta sejarah mere info yen musuh  bubuyutan Arabteh 
Israel, supaya pemboman ku pesawat hasilna sugema,  atuh pilotana anu dipilih 
nya etnis Israel, jadi semangat ngancurkeun  irak salaput hulu, paribasanamah 
dititah ngancurkeun saluruh Irak  unggal isuk wae daek..
       
      Cag nepi kadieu heula, 
       
      Kanyataana  Amerikamah ayeuna teu bisa dilawan, sabab manehnamah 
hiji-hijina nagara  didunya nu bisa mandiri (bisa hirup sorangan).
       
      Keur  Indonesiamah anu perluteh kudu soson-sosonteh mempersiapkan diri 
supaya  mandiri, sabab Amerikamah ngacir lamun sumber alam Indonesia geus  
garing. atuh sagala suplay ti manehna oge bakal eureun sorangan. Tangtu  ieuteh 
jadi tanggung jawab bangsa Indonesia.
       
      Tapi  sakali deui anu kudu difikir ku urangmah lain ngalawan hegemoni 
Amerika  atawa mempertahankan budaya adat, hamper teu aya gunana, sabab  
manusamah maju kahareup budaya adat baheula anu teu praktis bakal  otomatis 
leungit, atuh niat ngalestarikeunmah hade keur sasakali  pagelaran we. Nu 
pentingmah justru urangteh kudu ngabangkitkeun  semangat nguasai Science and 
Technologi, paling heunteu keur  nyanghareupan hirup kahareup  Indonesia supaya 
bisa  mandiri lamun kanikmatan ayeuna hasil belas kasihan Negara maju di  
cabut. Contona lamun fasilitas Yahoo, Google dicabut ku Amerika, cing  bade 
kamana anggauta USNET ngawadulna !
       
      Omat, para pensiunan katut   pengangguran,  daripada pikiran kamana-mana 
mending macaan posting dimilist model  kieu, anggapwe ubar bosen, lumayan keur 
killing time. Tapi ka para  buruh (karyawan pabrik/pegawai negri) atawa 
mahasiswa nu pinter tur  bageur jangan habiskan waktu untuk lihat posting, 
cukup sejam-dua jam  dina samingguteh, kitu oge lamun kapaksa kusabab euweuh 
kagiatan lain  anu leuwih berguna.
       
      Wilujeng malem mingguan.para warga USNET.
       
      Salam baktos
      Ely Evalita.     

---------------------------------
Bored stiff? Loosen up...
Download and play hundreds of games for free on Yahoo! Games.
      
                                    


-+zupardi+-
 
---------------------------------
Never miss an email again!
Yahoo! Toolbar alerts you the instant new Mail arrives. Check it out.

Kirim email ke