Kudu ati-ati ku korong. Aya kajadian nu matak pikareuwaseun. Peuting
tadi pun alo (kakara 2 bulan) awakna lungse taya tangan pangawasa. Ti
beurang keneh ge pun alo teh jeung kuring ngariung jeung si Bagja sare
pagigir-gigir. Kuring jongjon anteng nempoan monitor. 

Poe kamari jam 12 beurang, budak teh (pun alo) ceurik hayang nyusu,
pedah indungna mah gawe da sapopoena ge budak teh dititipkeun ka
ninina jeung diurus ku sarerea (ku bibi-bibina) kaasup nu tukang
ngamandianna mah kuring. Nya ku kuring teh diwewelan dot. Budak
ngagenyol nyusu, bari dotna dicekel ku kuring. 

Ti saprak harita budak ngagogoplek sare, teu kecet-kecet nepi ka
indung bapana mawa budak balik ka imahna (jam 7 peuting). Ngan
diperhatikeun sare we tuluy teu hayang nyusu teu ceurik, nu biasana
mah unggal manehna lilir pasti ceurik hayang nyusu. 

Dipangku tina kasur, budak teh teu kecet-kecet. Ngagogoplek peureum
wae, ngan awakna rada leuleus jeung budak teh jadi pias. Euweuh nu
curiga nanaon. Nya budak teh dibawa ka imahna, ninina oge milu.

Jam 1 peuting kring aya telepon, diangkat ku lanceuk nu keur lalajo
tipi. Kuring mah sare balas mepende si Bagja nepi ka jam 12 teu
daekeun sare kalah ulin wae kokorondangan. Lanceuk ngahudangkeun
kuring. Pokna aya telepon ti indung kuring nu ngendong di imah lanceuk
tea. Kuniang hudang, bari nempo jam, geuning jam 1 peuting, nempo si
Bagja geus sare. Nyokot gagang telepon, sora indung semu dareuda bari
rawah-riwih, nanyakeun kajadian beurang basa pun alo sare di kamar
kuring. Nya dicaritakeun teu nyusu-nyusu ti jam 1 beurang da budakna
ngagogoplek sare wae, ceuk kuring. Cenah budak teh saprak dibawa ka
imahna ge tuluy we kalah sare, nepi ka harita jam 1 peuting teh kalah
sare keneh wae nepi ka teu nyusu-nyusu. Ngan awakna jadi beuki leuleus
teu walakaya. Biur we lanceuk kuring (bapana jeung indungna budak)
indit bari mawa budak ka RS. 

Kuring ngadu'a, nepi ka jam 4 subuh panon teu bisa sare deui. 

Aya berita tadi isuk-isuk, kaayaan budak geus lumayan. Peuting tadi
langsung dibawa ka UGD, cenah budak teh beakeun oksigen, kudu
dikaruang HCU-keun. Kusabab di HCU pinuh, nya budak diteundeun di UGD.
Jalan hiji-hijina budak dizonde. Ari pas rek ngabuskeun selang kana
irungna, budak teh ceurik, tuluy beresin, kaluar korong tina irungna
galalede. Eta nu matak budak hese napas teh, jalan napasna kahalangan
ku korong. Saprak dizonde mah budak teh teu pias teuing. Jeung geus
aya getihan deui pameunteuna.

Matak ari boga budak orok, sing rajin ngaberesihan liang irungna. Komo
nu leutik keneh mah.

~indungna si Bagja~

Reply via email to