wah panjang kan tan ... tapi tiasa dibuka di
http://www.maff.go.jp/eindex.html

wilujeng surfing ... heu heu heu

budhi
kurono kopo 241

On 1/18/07, tantan hermansah <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

  Hehe. Tah iru anu penting pisan.
Serat ti kang Budhi jadi bahan diskusi Tim di kuring. Hebat.
Cing, tong  kagok. Ari skim kredit ti bank agri tea kumaha? naon wae
saratna? Sabaraha ageungna? Kumaha proporsi jeung tanah anu dikuasai ku
patanina.
Salian ti eta, sakotak teh kinten2 sakumaha legana? Sabau? atawa sakumaha?

Tadi, cenah, sok sanajan over produksi, patani tetep untung. Saha anu
ngagaransi? Pamarentah? kumaha aturana?
Wah seueur teuing. Hatur nuhun tur diantos!

 On 1/17/07, Budhi Setiawan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

>    Aya hiji deui DR alumni IPB nu pejabat teh, malah ayeuna geus Prof.,
> bupati kutai kertanegara jeung rektor univ kutai kertanegara, ayeuna di KPK
> keun ... he he he
>
> Mun ningali SBY, asa ningali ABE, PM Jepang ayeuna, mun ceuk basa urang
> mah loba teuing TP ... tebar pesona, taya kaputusan nu jelas atawa reformasi
> nu puguh alang ujurna ... heu heu
>
> Teu apal siga kumaha RA di jepun, ngan mun teu salah saprak reformasi
> meiji nu ngaleungitkeun sistim tuan taneuh ti daimyo, ngaleungitkeun
> kakawasaan samurai jeung saterusna. nu katempo ieu mah, sawah di jepun teh
> bentukna kotak, ieu oge cenah tina RA tadi. jadi dina sakotak eta teh bisa
> jadi nu saurang patani, tapi duaan atawa tiluan. sabab cenah keur
> ngagampangkeun dina urusan teknisna, makana dijieun kotak. ieu oge peran
> gede ti JA (japan agriculture), boga bank nepi ke desa-desa, jadi patani teh
> dimodalan ku JA. lolobana patani boga lahan, tapi nu ngatur melak naon-naon
> teh ti JA, patani nu ngolahna, nu ngajualna JA, sistim bagi hasilna kumaha
> teu pati apal. ngan nu pasti mah patani di dieu baleunghar ...
> rumah kaca (sanajan tina plastik) upamana, nu nyieunna teh urang JA, mun
> gagal panen upamana, patani mah angger untung. bulan kamari, over product
> kol, di sabaraha wewengkon diancurkeun, keur kaperluan stabilna harga, tapi
> angger patani na mah teu rugi. lolobana nu tani teh aki-aki jeung nini-nini,
> asal daek ngobrol we, dijamin unggal panen meunang sayuran gratis ...
>
> atuh mahasiswa pertanian oge bari prak henteu ngan sakadar teori .. heu
> heu jadi inget bodor di tempat kuring gawe, urang pertanian mah sagala bisa,
> iwal ti pepelakan .. he.. he.. he..
>
> budhi
> kurono kopo 241
>
>  On 1/17/07, tantanhermansah <[EMAIL PROTECTED] > wrote:
> >
> >   Hehe, Kang Bud,
> > Araraneh di Nagri urang mah. Kabeneran kungsi rada apal saeutik
> > ngenaan disertasina.
> > Tapi anu janten hemeng teh, kunaon anu ditulisna, anu meunang pujian
> > di Tim Penguji, jst teh bet teu dipakenya?
> > Sigana, aya benerna oge analisis sababaraha ahli ngenaan anjeuna teh:
> > peragu, kalebet kecapna (tulisana) sorangan. Meureun ta oge.
> > Tapi, terus terang, kuring ayeuna keur ngaapresiasi. Sabab aya program
> > pamarentah anu rek dilaksanakeun di Indonesia teh, kuring sapuk pisan:
> >
> > reforma agraria (RA).
> >
> > Tah sigana kang Budi tiasa ngobrol, kumaha RA di Jepun. Basa
> > sababaraha bulan katukang, kungsi aya Prof ti Jepun: Furukawa Hisao.
> > Ngobrol ngenaan RA di Jepang. Tapi rada hese nangkep logat inggrisna
> > anu siga logat jepang, mung diksina wungkul inggris.
> > Aeh, beuki sabalang bentor ieu teh...
> >
> > baktos
> > tantan
> >
> > --- In urangsunda@yahoogroups.com <urangsunda%40yahoogroups.com>,
> > "Budhi Setiawan" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> > >
> > > Kang Tan ...
> > > SBY teh pan DR jebolan IPB nya, meureun ayeuna tinggal prak naon anu
> > jadi
> > > disertasina, asana teh revitalisasi pertanian di Indonesia ... atawa
> >
> > kang
> > > Tan nu nulisna ? heu heu heu
> > >
> > > budhi
> > > kurono kopo 241
> > >
> > >
> > >
> > >
> >
> >
>
>
> --
> budhi at urang-sunda dot or dot id
>
>


--
tantan hermansah
www.tantanhermansah.co.nr

"jig geura narindak; jeung omat ulah ngalieuk ka tukang!"
--siliwangi--






--
budhi at urang-sunda dot or dot id

Kirim email ke