Haturnuhun ka Kang MG kumargi ngagoongan sareng masihan lolongkrang
kangge sim kuring ngedalkeun ideu. Sababaraha waktos kapengker,
minggon  pengker pami teu lepat mah, sim kuring kungsi naros ka MJ,
naha aya program husus kangge 7 taunan KUSnet (Mei 2000-Mei 2007,
sakantenan 5 taunan YP)? Bilih aya ideu bade ngadamel acara atanapi
bilih bade aya silaturahim (kongres)? atanapi kumaha? Diwaler ku MJ
"nya tulis we di milis" saurna. Ari seug teh di jitak ku Kang MG
:karep YP nu kadua "pok prek prak".

Pok na mah atos, sim kuring hoyong 7 taun kusnet aya cicirenna, nya
kumargi sim kuring mah tukang kaos nya ideu na ge: ngadamel kaos
"kusnet 7 taun". Gambarna aya dina folder milis "Kaos KUSnet". 

Janten prak-prakanana:
1. Gambar aya dina folder
2. Bilih gambarna teu ka anggo, mangga we tambihan gambar deui,
dinatosan dugi ka ping 25 januari (supados teu ngayayay, ke teu janten
deuih), gambar nu aya di dinya mung saukur usulan ti sim kuring.
3. Kaos nu bade di damel model Kaos Polo (meh gaya aya kerahan), bahan
kandel, di bordel seratanna, anu ageung dina dada kede, anu alit dina
panangan kiwa.
4. Pangaosna: Biya Produksi 60 rebu (awis da sae). Biaya Transfer di
Indonesia(tergantung jarak, rata-rata 10 rebu) disamikeun we 10 rebu.
Kangge Kas Kusnet (YP) 5 rebu. Janten pangaosna total kopral 75 rebu
rupia. (matematikana mah, upami aya 100 wargi kusnet nu meser, kas
nambih 500 rebu)
5. Ukuran SS(murangkalih),S,M,L,XL,XXL
6. Panangan panjang tambihan 5 rebu (janten 80 rebu)
7. Ipekahna tiasa ditransfer ka rekening YP BCA, BNI (sms), Mandiri (sms)
8. Warna Kaos aya 2, Bodas sareng Biru Dongker
9. Gambar diantos dugi ka ping 23. Pesenan diantos dugi ka ping 30.
produksi saminggon, ping 8 di pos-keun. ping 9 atanapi 10 Februari
mangga urang angge sasarengan di daerah masing-masing

Diemut-emut mah tos lami Kusnet teu ngadamel kaos (atanapi sim kuring
nu teu uninga?) terakhir teh Kaos Che-Vote na Kang Dulli. Teh Ika nu
ngaborongna kapungkur teh. Kaos kusnet tos aya ti kapungkur (2002),
naha teu maju-maju, naha teu bisa ngajadi "Toko Kaos Urang Sunda?"...

_Andi Adiwiarta
081321283550
02291885124



Kirim email ke