Haturan baraya Kusnet,
   
  Teuing pedah nu dibelana selebritis,teuing pedah buruhna badag.
  Geuning basa di tipi disiarkeun kasus ME - YZ , Alda jrrd mucunghul
  ngaran-ngaran 'urang peuntas', mun teu salah mah diantarana Ruhut
  Sitompul, Hotman P Hutapea oge Hotma Sitompul .
  Bari ti poporongos sataker polah maranehna ngabela klien-na masing-masing
  (najan geus ka toong yen klien-na salah/bermasalah),jeung maranehna
  tetep sonagar wani kahareup jeung 'full' pede. Malah teu saeutik
  nu parasea di antara maranehna sorangan, ngayakinkeun publik yen
  klien-na aya di pihak nu bener.Ku sepak-terjangna nu sonagar+ full-pede ,nya 
tungtungna para selebritis oge non-seleb kitu deui jelema-jelema jegud nu 
bermasalah katingalina teh leuwih ngareret 'urang peuntas' batan ka 'urang 
non-peuntas' keur ngabela atawa nyalametkeun oge ngabebaskeun dirina (To-be-off 
the-hook) tina masalah. Singketna mah 
  pangacara urang-peuntas leuwih payu (baca : sonagar) batan non-peuntas .
  Naha bet kitu ? Pedah maranehna mah ngabogaan kasempetan leuwih loba dina 
sagala widang batan US ? Atawa karesep atawa kamampuan US ukur siger-tengah ? 
Atawa memang urang pentas leuwih sonagar batan US ? Ah, duka teh teuing.
  Hapunten baraya Kusnet. Ieu mah kadar pamadegan asli pribadi.
   
  Baktos
  Misan .
   

 
---------------------------------
Finding fabulous fares is fun.
Let Yahoo! FareChase search your favorite travel sites to find flight and hotel 
bargains.

Kirim email ke