Sumuhun leres kang Oman.
  Abdi teh ngemut2 kana warta nu heubeul tea, asa na mah 80 tahun. Ngan Kala 
Sunda anu ku abah Ali teh geuning langkung akurat deui.
  Aya hiji nu sesah di akses dina link na bah Ali. Eta direct akses ka Software 
Kala Sunda website na hang wae. 
   
  Nuhun kang.. Engke ku abdi di koreksi deui na blog na ge. Abdi nuju janten 
Auditor di kantor janten muka email teh tiasa-na sonten hungkul.

oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
          Kang Faisal,

Sakedik koreksi ngeunaan kaakuratan kalender Sunda (Kala Sunda).
Numutkeun data ti Bah Ali, kaakuratan Kala Sunda langkung ti 80 taun
sakumaha kapendak dina websitena:
http://members.tripod.com/~INUG/Kala.htm

Aya dua sistem Kala Sunda: 1. Solar Sistem (anu dumasar kana
panonpoe); 2. Lunar Sistem (dumasar bulan). Dina eta dua sistem,
kaakuratan Kala Sunda langkung ti 80 taun. Urang pedar geura:

1) Numutkeun Solar System Kala Sunda

Kasalahan kalender teh ukur 0,0000022 (= 22/10000000) poe jero sataun.
Hartina, dina Kala Sunda Solar Sistem, ngan dina sajero 454.545, 4545
(opat ratus lima puluh opat rebu limaratus opat puluh lima koma 4545)
taun urang perlu nambahan 1 poe pikeun nutup kasalahan tadi. Harti
sejenna, kasalahan itungan teh ukur sajumlah 1 poe dina jero 454.545,
4545 taun. Tina bakat ku akuratna, Bah Ali anu ngadamel kalender eta
nyieu heureuy dina kalimah sarupa kieu: "...So, the judgement day will
come earlier rather than an expiry date of this calendar! (jokes)" .
Pedaran Bah Ali salengkepna ngeunaan Solar System Kala Sunda tiasa
diaos di alamat ieu: http://members.tripod.com/~INUG/Saka.htm

2) Numutkeun Lunar System Kala Sunda

Kasalahan kalender Lunar System Kala Sunda ukur 1 poe dina jero 2420
taun. Hartina, kasalahan unggal poe kacida kacida kacida leutikna nepi
ka jumlah kasalahan teh ukur 1 poe dina jero 2420 (dua rebu opat ratus
dua puluh) taun. Atawa, urang ukur perlu nambahan 1 poe dina jero 2420
taun. Pedaran Bah Ali salengkepna ngeunaan Lunar System Kala Sunda
tiasa diaos di alamat ieu: http://members.tripod.com/~INUG/Caka.htm

3) Kaunggulan sejenna Kala Sunda

Kamari si kuring disms ku Kang Oca, panitia anu salila ieu ngorbitkeun
Kala Sunda. Saur anjeunna: "salah sahiji kajugalaan (kaunggulan) Kala
Sunda - dumasar hasil panalungtikan - nyaeta yen unggal samagaha
(gerhana) bulan pasti ninggang dina purnama kaping 8 Suklapaksa (paro
caang). Taun ayeuna, samagaha teh ninggang dina 8s Posya sareng 8s
Asada". Kitu saurna. Teu percanten? mangga wae buktoskeun.

Sakitu heula ngeunaan Kala Sunda.

Baktosna,
manAR

454,545.4545
On 1/22/07, Faisal Akbar <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Punten ka baraya sadaya-na.
>
> Ngan hoyong nepikeun ieu topik nu kapendak ku abdi. Ieu ngan postingan kopi 
> paste tina blog abdi di http://kuring.blogspot.com/
>
> Abdi mah janten percanten upami Leluhur abdi Baheula (Prabu Siliwangi), 
> ngawariskeun kalender sunda nu akurat model nu ajukeun ku Ali Sastramidjaja, 
> 1991. Dimana eta kasalahan maca-na unggal 80 tahun sakali. Beda pisan sareng 
> kalender nu ku urang2 di angge ayeuna, kasalahan maca-na 4 tahun sakali.
>
>
> ________________________________
The fish are biting.
> Get more visitors on your site using Yahoo! Search Marketing.
>
>
>
> 


         

 
---------------------------------
8:00? 8:25? 8:40?  Find a flick in no time
 with theYahoo! Search movie showtime shortcut.

Kirim email ke