Ieu mah bade ngadongeng sakedik perkawis kagiatan Sosialisasi Mitigasi Bencana 
nu dilaksanakeun dina Rangkaian Aksi Peduli Kisunda di Kec. Cikalong 
Tasikmalaya. Kagiatan ieu diluluguan ku Hima Tasikmalaya IPB, UI, jeung UNSIL. 
Nu ngadukung kagiatan seueur pisan organisasi/yayasan kalebet Yayasan Perceka.
  Ti dinten Jumaah, Runa tos nga-sms, cenah bade angkat tabuh 20.00. Euleuh 
meni peuting-peuting teuing, hehehe....Kabayang jalan poek meureun. Ah ceuk 
kuring teh asa moal bisa peuting indit mah, mending isuk-isuk poe Saptu. 
  Poe Saptu isuk-isuk tabuh 06.00 babaturan geus kumpul di hareupeun imah, 
langsung wae nyemprung ka tol Cileunyi. Di Ma Ecot eureun heula da cenah can 
sasarap, kuring mah ningalikeun wungkul, da geus dieusi ku apel sasiki. Terus 
mungkus sangu oge bisi teu aya beulieun di Cikalong.
  Tos cekap sasarap bral miang deui muru Tasik. Ti kota Tasik ka Cikalong 
lumayan oge jalanna pungkal-pengkol, tapi resep masih loba keneh tatangkalan 
jeung teu pati loba kendaraan. Tepi ka Desa Cimanuk, lokasi acara pas tabuh 
11.30. Turun di tempat acara, gening masih keneh masang panggung, panggih jeung 
Runa keur riweuh nyiapkeun acara. Lantaran teu nyaho rek mantuan naon, ah 
mending ka basisir da memang niat rek motret pulo pangleutikna nu pangluarna 
(pulau kecil terluar RI di Jabar), Pulo Batu Nusamanuk. Panggih jeung Rezza 
jeung saha deui nya nu geulis teh?. Saanggeus seubeuh papanasan jeung motret, 
kakara ka tempat acara. Kang Oman karek katingali. 
  Pas waktu Lohor, shalat heula berjamaah, terus peserta mah tuang sangu 
bungkus. 
  Kelompok Kasenian Gembyung Dongdo ti Subang ngawitan, sindenna geulis, ibu 
guru, hehehe...panggeulisna. Karunya kapanasan.
  bari nungguan acara, lantaran lapar nya muka heula bungkusan ti Ma Ecot tea.
  Kuring saparakanca kabeneran mawa kamera, jadi ku panitia dipasihan tugas 
keur motret jeung ngarekam.
  Acara dimimitian ku baca Al-Quran, kusaha hilap deui (maklum geus kolot, teu 
dicatet deuih), diteruskeun ku sambutan Runa salaku Ketua Panitia, diteruskeun 
ku Pak Mantri Polisi kec. Cikalong. Inti acara nyaeta sosialisasi dimimitian ku 
Kang Oman, nu ngajelaskeun tsunami ti sisi ilmiah, terus ku Kang Nana Munajat 
tina sisi budaya, terus tina sisi agama ku MUI Kec. Cikalong. Aya pembagian 
poster jeung buku2 ngeunaan tsunami.  Terus aya "kebulatan tekad" miara basisir 
pantai, peserta nawis dina lamak bodas. Saterusna melak tangkal di basisir. 
Ditutup du'a. Gembyung diteraskeun deui. 
  Tabuh 16.00 acara rengse. Kelompok Gembyung sareng panitia difoto sareng di 
basisir.
  Upami bade ningal foto-fotona engke wae dikintun.
  Ayeuna mah tos tunduh.
   
  Wassalam
  Baktos,
  -ika-

 
         


 
---------------------------------
Any questions?  Get answers on any topic at Yahoo! Answers. Try it now.

Kirim email ke