Abdi mah meser gula kawung teh biasana ti daerah Pagerageung
Tasikmalaya, mun hoyong gula ti gunung ku pesen heula ka urang
gunung.. Keur naon meser gula kawung? keur nyieun bajigur Nyi Misnem..
asanamah basa lebaran kamari Rp 6000/kg, baheula mah da asa Rp
4000/kg.. Kungsi basa KKL taun 2000, ka Baduy. Ngan kabageanna Baduy
luar di Lembur Ci.... (naon nya hilap deui ngaran lemburna, nu pasti
mah beh ditueun ciboleger).. di dinya aya nu sok nyieunan gula kawung
asli dicitak ku batok kalapa, mun geus jadi mani teuas pisan.. 

Hayang ka Baduy deui..

~ipuP~



--- In urangsunda@yahoogroups.com, Siddik Wiradireja <[EMAIL PROTECTED]>
wrote:
>
> Ieu mah ngiring ngareuah-reuah perkawis pangaos gula kawung..
>   Pangalaman sim abdi unggal wangsul, kanggo oleh-oleh bagikeuneun
ka ibu-ibu teh
>   gula kawung, eta oleh-oleh mangrupi gula kawung, katampi pisan ku
ibu-ibu, 
>   ma'lum di Seoul mah teu aya anu icalan gula kawung, dalah di
Batawi oge sesah saurna.
>   Tempat meser gula kawung teh gaduh dua tempat hiji di desa Cijati,
kacamatan Tanggeung
>   hiji deui di desa Naringgul, kacamatan Cidaun, duanana dipakidulan
Cianjur.
>   tos sabaraha kali wangsulan meser teh tetep we pangaosna Rp.
25.000 sabeungkeutna,
>   sabeungkeut = 10 bonjor, duka sabaraha kilona mah...
>   Mung bae taun kamari (2006) kumargi katiga/halodo na rada rongkah,
seueur leungeun
>   kawung anu diparalingan sateu acan ditinggur, ceuk selentingan eta
leungeun/kembang
>   kawung teh kanggo parab domba/embe.
>   Kuayana hal eta utamina di desa Cijati produksi gula kawung janten
ngirangan.
>   Alhamdulilah taun kamari mah di tempat meser gula kawung teh mung
tiasa meser
>   8 bonjor.
>    
>   Pihatur
>   ssw
>   Nambihan, sim abdi mah meser gula kawung langsung ti panyadap.


Kirim email ke