Tadi namah disawang nu curhat teh bari ngos-ngosan haharewosan.. dumareda.. ih 
ari bet geuning ngeunaan kutil... (emang edun kang doel mah..!!!)
   
  Tapi kanu kagungan kutil, pami kiat ngambung namah, dikeclakan wae ku cuka 
param (biang cuka) kana puhu kutil na sakeclak.., insya4JJI coplok ka anak anak 
na..!

ndoell <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
          Kamari, ceting jeung salah sahiji wanoja, sami urang Kusnet oge.
ngabahas ngeunaan kutil..

bisi baraya aya anu apal cara ngubaran kutil
diantos..

Kieu eusi cetinganana teh..

Neng Geulis: kang ndoell
Ndoell: ya ! siap !
Neng Geulis: bade curhat yeuuuh
Ndoell: sok atuh
Neng Geulis: isin aaah
Ndoell: iiih kunaon...
Neng Geulis: ieu mah menyangkut masalah pribadi
Neng Geulis: rahasia 
Neng Geulis: teu aya nu terangeun
Neng Geulis: kecuali gusti 
Ndoell: trus...kumaha bade curhatna atuuuh ?
Neng Geulis: he he
Neng Geulis: akang moal kaabotan?
Ndoell: moal...asal tong ditindihan we ku neng...
Neng Geulis: hi hi
Neng Geulis: moallllll
Ndoell: kacipta we mun Neng nindihan akang teh....
Ndoell: emh....
Ndoell: resep...
Ndoell: sok atuh....de curhat mah...
Neng Geulis: hmmm...
Neng Geulis: tapi tong beja2 nya
Ndoell: ka saha ?
Neng Geulis: ka saha we
Neng Geulis: ka media massa - infotainment - milis - YP
Ndoell: enya...beres....tong boro ka batur, kana bulu irung ge moal 
dibejaan....
Neng Geulis: okeh2
Neng Geulis: siap kang?
Ndoell: siap
Neng Geulis: konsentrasi nya kang
Ndoell: siapppp
Neng Geulis: stttt... akang gaduh obat kutil?
Neng Geulis: hehehehe....
Ndoell: hah ?
Ndoell: hi hi ...
Ndoell: geulis-geulis aya kutilan ?
Ndoell: hmmmmm..... memalukan.....
Ndoell: coba mun ieu berita tersebar.....
Neng Geulis: sdikiiiitt
Neng Geulis: pasti geunjleung sadunya persilatan
Ndoell: dunia perkutilan nu geunjleung mah
Neng Geulis: ooh muhun
Neng Geulis: da teu sadaya pendekar kutilan
Neng Geulis: paling ge manuk 
Ndoell: hi hi ... kutilang eta mah
Neng Geulis: 
Neng Geulis: sok atuh mana jawaban curhatna
Ndoell: kutil mah kudu ku naon nya ?
Ndoell: da teu gaduh kutil akang mah, janten teu pangalaman
Ndoell: ke urang taroskeun atuh ka urang Kusnet
Ndoell: karunya kituh Neng Geulis gaduh kutil....kumaha obatna ?
Neng Geulis: iiih akang mah..
Neng Geulis: sudah kuduga.. pasti engke teh mun teu dialungkeun ka 
milis
Neng Geulis: didamel carpon geura
Ndoell: heu heu
Neng Geulis: teras ku MJ didamel novel
Neng Geulis: Kutil Monolog
Neng Geulis: ku runa diseminarkeun di IPB
Ndoell: hi hi hi
Neng Geulis: ku kang oman ditalungtik: Kutil dan pengaruhnya 
terhadap keadaan geografis wilayah indonesia dan sekitarnya
Ndoell: he he he
Neng Geulis: ku kumi dilebetkeun kana wikipedia 
Neng Geulis: der weh dijantenkeun polemik ku ely evalita cantik 
Ndoell: ha ha ha

tah kitu..

-dul-
tukangteuing



         

 
---------------------------------
Never Miss an Email
Stay connected with Yahoo! Mail on your mobile. Get started!

Kirim email ke