Punten Bah, sakantenan mecakan e-mail yeuh, cenah mah bouncing wae ...

Jalma-jalma nu hirup tiheula samemeh urang nyaeta kolot atawa karuhun urang
leuwih dalit jeung alam. Manusa miara alam nya kitu oge alam miara manusa.
Nya salah sahijina ku ayana sasatoan anu mere totonden siga kieu tea. Aya
deui beja dina pikiran rakyat online sababraha bulan katukang (poho deui pas
na mah) yen di Cina cenah jang ngadeteksi gempa teh maranehna ningali
kalakuan oray sanajan alat deteksi gempa oge nyampak didinya, teuing kumaha
tah carana da beja na ngan saukur kitu.

Ayeuna di urang loba pisan beja banjir jeung longsor pas usum ngijih teh.
Sigana mah kudu ngaca kana kalakuan manusa sorangan anu geus nandasa alam.
Der geura leuweung di ruksak, miceun runtah dimana wae dalah geuning
walungan nu kuduna jadi jalan cai oge kalahka mangpet ku palastik jeung
runtah sejenna. Matakna bener pisan lamun balik kana dalil yen geus kajadian
alam dunya rusak ku kalakuanana manusa. Nya wayahna we lamun alam males ku
sarupaning bencana alam teh.

Siganamah urang kudu diajar wawanohan deui jeung alam supaya
totonden-totonden sarupa kieu tetep bisa kaharti ku urang. Kudu diajar dalit
jeung alam ngarah alam teu ruksak oge teu ngaruksak manusa.

Baraya nu di Jakarta, naha nya ti taun ka taun banjir teh meni asa tambah
hebat? sok ah ulah nyalahkeun wae pamarentah urang koreksi diri. Boa-boa
laku lampah urang sorangan nu ngakibatkeun hal ieu teh.

Salam,
Budyana



On 2/1/07, Siddik Wiradireja <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

   Aya deui, manuk gaok (gagak)...... dikampung upami aya gaok/gagak
ngelak sok digebahan ku sepuh-sepuh, di husss..husss..., dugi ka sok
sibaledogan.....
majar teh totonden yen di eta kampung bakal aya anu maot...
Namung hal kitu teh sanes diurang wae, tetela di Korea oge kitu...
Sababaraha dinten kalangkung (numutkeun warta dina TV SBS) dihiji kota
dipakidulan Korea Kidul kalebet di kota Seoul kantos didongkapan, rombongan
manuk gaok/gagak, eta we upami tos hiber dugika sapertos angkeub, bakat
ku seueur-seueurna.
Tahhh...waktos harita diwartakeun oge, hasil wawancara sareng masyarakat,
tingawitan
murangkalih dugika aki-aki istri pameget....
Hasilna, sadayana teu resepeun kana manuk gaok/gagak teh, salajeungna eta
repoter
TV ngawawancara ahli manuk sareng ahli lingkungan, hasilna tetela patulang
tonggong
sareng anggapan jalmi biasa.
Ceuk ahli lingkungan; daerah anu didongkapan ku rombongan manuk
gaok/gagak, nandakeun hawa di eta daerah beresih/bebas polusi.
Ceuk ahli manuk ; tetela manuk gaok/gagak ngahakanan/ngabasmi hama
tatanen.
Wallahu alam...

ssw


[EMAIL PROTECTED]

 Sora manuk naon nu dipikasieun ku urang Sunda? sigana sora manuk sit
uncuing. Ceuk cenah sora manuk sit uncuing, mere totonden rek aya nu
maot. Sit uncuing disada biasana disada sering pisan, ti subuh keneh
tepi ka sore. Sora sit uncuing biasana paling sering kadenge dibulan
januari-Februari. Loba nu maot di bulan Januari-Februari? ...ah
sanes kitu, ari ceuk beja mah sit uncuing teh manuk migran, lembur
musim panasna lain di tatar SUnda, tapi jauh...jauh di kaler, di
Siberia atawa di dataran Cina. Ayeuna, di bulan Februari, lembur sit
uncuing keur usum tiris (winter), "kaum" sit uncuing ngarungsi ka
kidul ka lembur urang .....

Sora manuk naon nu teu dipikaresep ku "kaum" bangsat? di lembur
kuring mah sora manuk bebence, manuk peuting nu kuring oge acan
nyaho rupana. Sorana lamun teu salah mah : ce ...ce .....ce". Lamun
ngadenge sora manuk bebence, kahade ulah sare tibra teuing, sabab
eta teh totonden aya bangsat kukulamprengan neangan palingeun.

Aya oge sora manuk nu mere totonden meunang wiwirang, nyaeta sora
manuk bueuk. Lamun sora manuk bueuk ngelak wae disada, eta teh
totonden bakal aya parawan atawa randa ......reuneuh ti heula
(reuneuh acan kawin). Baheula di lembur kuring, kajadian nu reuneuh
ti heula teh jarang-jarang pisan. Dina aya kajadianana oge, jadi
gujrud salelembur, ear sajagat, jadi carita mangtaun-taun, nu teu
aya anggeusna, kaasup dongeng soal manuk bueuk ngelak wae disada di
pipir imah wanoja nu meunang "wiwirang".

Cik aya keneh sora manuk nu mere totonden?

Baktos,
WALUYA






http://cikundul3.multiply.com
*Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda*
*Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda*



Kirim email ke