Aya anu ngagorowok ti kelompok tengah, teuing saha wae jeung teuing
dimana wae ayana: Ari anu ngali (BInd: menggali)  ajen-inajen poko
tina naon anu jadi kakuatan Sunda baheula bari ngeunteung kana
kamekaran pajaman pikeun revitalisasi ngungkulan panangtang jaman bade
dilebetkeun kana golongan anu mana?

Sabagean US anu masih ngagugulung "Kangjeng Prabu" eta kanyataan,
sakumaha US anu siga bangsa paria oge kanyaataan. Sadaya kudu dirawu,
diasih, diasah jeung diasuh, diajenan salaku sumber daya anu kedah
dilelempeng, sanes diremehkeun (komo "dihujat" dina hiji forum mah,
upamana), ku saha wae anu aya niat ngahudangkeun deui US/kisunda.

Nyanghareupan kalawan frontal kelompok kahiji, moal pihadeeun dan
tangtuna oga baris meunang perlawanan anu lumayan ngagedur. Atuh
ngurus golongan kadua hade pisan dimimitian ku melek budaya. Ngan
kabudayaan teh ngawengku urusan anu lega, ti mimiti urusan maca nepi
ka panghirupan (pangupahjiwa). Sigana, lebah dieu diperlukeunana
persatuan keur revitalisasi budaya teh (dina harti budaya anu jembar,
ngawengku unsur-unsur kahirupan segemblengna).

baktos,
manAR



On 2/6/07, ika mardiah <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Aya dua kubu, US nu terus reueus ku kajayaan baheula (Prabu Siliwangi), jeung 
> US nu ngritik diri ngarasa eleh wae ku seler jeung budaya sejen, ceuk Aki 
> Ayip mah ukur jadi bangsa "paria".
>
> Baktos,
> -ika-
>
>
>
> dudi mulyadi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>
>
> Atuh nu siger tengah we nu sae mah, nyaeta kedahna pinter, teu "cologog", 
> tapi bisa nembongkeun maneh yen manehna teh pinter, bisa gawe jeung aya 
> mangpaatna keur batur.Teu aya hartosna  gelar we rempeg  kawas rel kareta 
> api, tapi  mangpaatna keur balarea  teu katingali. Jadi integritas, 
> kompetensi jeung aktualisasi diri teh kudu saimbang ( naon atuh nya basa 
> sundana mah).
> Perihal nganilai cologog atanapi  sonagar teh sigana  penilaian subjektif, 
> kumaha ceuk pribadi anu menilaina. Nu penting   nu palinter teh ulah kumeok 
> memeh dipacok. Kakara disindir saeutik wae murengked, buntut ngawet kawas 
> gogog nu borangan
>
> Ceuk kuring mah, sakali deui jalma model Ali Sadikin , anu bisa dijadikeun 
> conto keur urang sunda mah. Memang jalma mah euweuh nu sampurna, tapi  
> ngingali Ali Sadikin mah, manten gupernur DKI,  mani asa jadi kareueus urang. 
> Gelar akademisna  sigana mah teu aya , mung saukur Letjen  wungkul, tapi 
> integritas, kompotensi jeung aktualisasi dirina + konsekwen dina ngajalankeun 
> tugas jeung amanahna  mani kacida alusna .
>
> Ceuk kuring mah  malah mah  jalma anu miboga gelar S1,S2 jeung S3 na  summa 
> cum clauda , tuluy  ngan ukur nyirorok dijuru, ngomong  ngenalkeun diri oge  
> ngarasa kateuteu ari. Hirupna asal cukup keur ngabayuan diri, ieu jalma nu 
> kitu teh teu kaasup kana jalma anu amanah.
> Komo lamun  waktu nyokot sakabeh gelarna teh dibiayaan ku nagara.Ku duit 
> ra'yat. Wah  kuring mah mang hanjakalkeun  weh.
> Nu penting pikeun kahareupna kumaha tah. Pikeun  generasi sunda , anak incu 
> urang jeung buyut urang,  kudu kumaha tah alusna . Nya  tingkat keberhasilan  
> turunan urang teh  tergantung kana  usaha urang ayeuna ngadidik maranehanna.
> Minimal kumaha  sangkan urang bisa ngadidik anak incu urang bisa jadi jalma 
> anu solonagar kalawan pinter , kalawan bisa gawe, kalawan  jeung jujurna nepi 
>  ka ku ayana maranehannana teh balarea ngarasa meunang mangpaatna.
>
> Sakitu tah pamadegan sim kuring mah
>
> surtiwa surtiwa <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>
> Saena mah ati2 urang teh..ulah ngabandingkaeun masalah
> "sonagar" sareng prestasi, aya nu cicing euweuh
> kawani..boro2 sonagar..ngenalkeun diri sorangan
> hararese...tapi prestasina S1 Cumlaude, S2 Suma
> cumlaude jeung S-3na high distinction...aya anu hebat
> jabatanna, s-3 deui tapi cologogna menta
> ampun...meuereun beda eta cologog jeung sonagar...
>
> --- ika mardiah <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> > Euleuh, ieu ngaran kuring kasebut-sebut ku sesepuh
> > KUSnet (ge-er, padahal boa Teh Ika nu mana nya).
> > Naha nya baraya di KUSnet jiga kurang pede,
> > ngabanding-banding US jeung seler sejen?
> > Ukuran pede, sonagar, sukses teh nu kumaha, naha
> > urang oge kajebak ku hal-hal materialistik
> > (kakawasaan, harta, selebritas) ?.
> > Seratan MJ di Kompas Jabar nunjukkeun yen US loba
> > nu berprestasi. Ngan meureun kurang disorot media.
> >
> > Baktos,
> > -ika-
> >
> >
> > Reksa Gantra <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> >
> >
> > >
> > > Pamendak sim kuring, urang Sunda nu sonagar
> > > pabalatak: Mochtar Kusumaatmadja, Dodi Tisna
> > > Amidjaya, Erry Riyana Hardjapamekas, Ajip Rosidi,
> > > Arahmaiani, Teh Ika, Teh Neni, sjte.
> > >
> > > Baktos,
> > > MGT
> > >
> > >
> > >
> > > ---------------------------------
> > > Now that's room service! Choose from over 150,000
> > > hotels
> > > in 45,000 destinations on Yahoo! Travel to find
> > your
> > fit.
> >
> >
> >
> >
> >
> __________________________________________________________
> > TV dinner still cooling?
> > Check out "Tonight's Picks" on Yahoo! TV.
> > http://tv.yahoo.com/
> >
> >
> > Komunitas Urang Sunda -->
> > http://www.Urang-Sunda.or.id
> >
> > Yahoo! Groups Links
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> > ---------------------------------
> > Want to start your own business? Learn how on
> > Yahoo! Small Business.
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> > ---------------------------------
> > Be a PS3 game guru.
> > Get your game face on with the latest PS3 news and
> > previews at Yahoo! Games.
>
> __________________________________________________________
> No need to miss a message. Get email on-the-go
> with Yahoo! Mail for Mobile. Get started.
> http://mobile.yahoo.com/mail
>
>
> ________________________________
Don't get soaked. Take a quick peak at the forecast
> with theYahoo! Search weather shortcut.
>
>
>
> ________________________________
We won't tell. Get more on shows you hate to love
> (and love to hate): Yahoo! TV's Guilty Pleasures list.
>
>
>
> 

Reply via email to