Kang Ndoel, eta jalmi sigana bureuteu  nya ? Totonggengan teu bisaeun
cingogo ! hi..hi...hi

Ngala / newak undur-undur mah cingogo we, mun geus beunang hiji, talian
huluna eta sakadang undur-undur ku tali  (bola) gebog cau anu meunang maut,
terus asupkeun kana liang undur-undur anu siaga kumincir.......eh kulincir,
tah...undur-undur anu dina liang pasti nangkod kana undur-undur nu ditalian,
tinggal ngeyang we...!

Emod,
Pangalaman kuring, ngala / newax undur-undur ku undur-undur


On 2/7/07, ndoell <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

  aya tatangga hareupeun imah, sok manggihan keur kurah koreh
dipipir kebon bari totonggengan. Sakapeung nonggeng nyaan..
hiji waktu disampeurkeun ku uing teh.

"Lagi nyari undur-undur" pokna basa ditanya teh
"buat apaan pak ?", ceuk uing nanya deui
"Eeeehh...buat obaaat", ceuk manehna bari hayeuh ngorehan
liang undur-undur ku nyere.
"Dimakan hidup-hidup pak ?", ceuk uing teh
"Lho ya iya dong...kalo disayur mah musti sekilo atuh..", bari
nyerengeh.
"emang caranya makannya gimana ?", panasaran oge uing teh.
"ya dimasukin ke pisang, atau kalo berani ya langsung aja telen..",
ceuk manehna bari metakeun.
"Ih...gimana atuh kalo kokorowelan dina tikoro ?", ceuk uing deui.
"Ya gampangnya mah, beli aja kapsul kosong. Trus masukin undur-undur
nya, jadi kayak makan obat ajah..."
"Owh...", uing molohok
"Lumayan, buat obat darah tinggi...", cnah bari neruskeun nonggeng..

-dul-

--- In urangsunda@yahoogroups.com <urangsunda%40yahoogroups.com>, "Jalak
Banten" <[EMAIL PROTECTED]>
wrote:
>
> Undur-undur leumpangna mundur
> Ulah sok nyiksa batur
> Mending we nempo ka luhur
> Hirup urang kabeh saha nu ngatur
>
> Undur-undur leumpangna mundur
> Ieu binatang nu manjur
> Bisa dipake ngobatan batur-batur
> Nu sok dipake ku para leluhur
>
> Undur-undur leumpangna mundur
> Moal paeh mun ngadahar undur-undur
> Sagalana geus ka ukur
> Kabeh panyakit jadi kabur.
>
> Undur-undur leumpangna mundur
> Panyakit naon nu bisa kabur
> Mun ngadahar eta undur-undur
> Panayakit gula nu sok ngalieurkeun batur.
>
> Jalak Banten
>



Kirim email ke