Bade tumaros, manawi aya para wargi anu lenggah manah masihan piwuruk ka sim
kuring anu nuju di ajar basa sunda.

<patarosan>
Anu disebat murwakanti teh anu kumaha..?
Nu kieu kitu..
Sok aya tah dina panutupan pidato teh di pungkas ku kalimah ieu..

Hapunten nya simkuring, sok bilih aya carionsan sim kuring "anu pondok matak
nyogok, anu panjang matak matak nyugak"

Naha.. ari celengkeung teh aya hadirin aya anu ngagorowok, "Kacugak ku naon
atuh kang....?"
Kapaksa we ku sim kuring teh diwaler, "eta..jang, akang teh kacugak ku
gantar".
Ger... atuh hadirin teh pada gumujeng, aya anu ngaledek..aya anu meureun
dina hatenateh..waah lucu euy..

Janten naon atuh ari murwakanti teh, naha sah dina bahasa sunda ngaruntuy
kecap supados raos di dangu nangin ngarobah hartosna..?
Eta teh kalebet kana seni kitu...?

Hatur nuhu..
Yudi

Kirim email ke