Kuring oge kang Dudi. CIng simpangkeun ka rorompok. Rek langganan lah. Mun
salse, daek oge lah jadi kontributor. hehe. sugan we kaaku keneh sundana.

baktos
tantan

On 2/11/07, MSasmita <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

   Hatur nuhun kang Dudi, sumuhun supados engke kaping 21 tiasa
dijejerkeun dina gundukan buku kalawarta.

MSas

----- Original Message -----
*From:* Dudi Herlianto <[EMAIL PROTECTED]>
*To:* [email protected]
*Sent:* Monday, February 12, 2007 8:32 PM
*Subject:* Re: [Urang Sunda] Majalah Sunda "Balebat"

sampurasun!

hatur nuhun ka sadayana. simkuring ngawakilan tim "balebat" nganuhunkeun
kana sadaya du'a ti sadayana, jadi beuki reugreug. mudah-mudahan ieu orok
beureum teh bisa medal sabulan sakali.

ka kang hermawan aksan sareng kang jb, dina danget ayeuna mah daerah nu
ditojo mung ukur bogor heula. insyaAlloh kapayunna mah.. sajagat. tapi teu
nutup panto kanggo baraya luar bogor nu bade ngalanggan, panginten hubungan
langsung sareng bogor. da teu acan aya agen di luar bogor. kumaha cara
ngalangganna mah ke kapayun ku simkuring dipostingkeun deui (njiir kanyahoan
euy, can nyiapkeunna teh hehe..). hargi eceranna mah kumaha cek juragan runa
we, 50000000 eh 5000 hehehe
kangge ua sas, diusahakeun (kumaha ngarah lemes nya, titadi ngahuleng
kalahka leneng ;D ) dugi ping 21.
kangge kang ndeoll.. hoream ah ngalungkeunna ge, mending susul ka bogor
hehe.... bari mekel es pocong nu di gang kober tea!

alah sakitu panginten, sakali deui hatur nuhun!

sunda jaya!!

dh
--
~:ngadék sacékna, nilas saplasna:~
:.nu dipalar lain pamuji, panyepét nu dipénta!.:

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




--
tantan hermansah
www.tantanhermansah.co.nr

"jig geura narindak; jeung omat ulah ngalieuk ka tukang!"
--siliwangi--

Kirim email ke