tapi kang, aya hadena oge kang agus teh, 
urang ciamis mah nyebatna teu epes me'er... :)
 
 
 

-----Original Message-----
From: urangsunda@yahoogroups.com [mailto:[EMAIL PROTECTED] Behalf Of ndoell
Sent: Friday, February 16, 2007 9:51 AM
To: urangsunda@yahoogroups.com
Subject: Re: [Urang Sunda] Fwd: Kumaha KUSNET beuki exlusive



Ari aya nanaon teh hade-na mah bruk-brak we atuh Kang..
tong sampe jadi ganjelan, bisi ngabenghul dina jero dada.
bisi matak batuk..

Apan Kang Agus nu ngamimitian teh, anu nyarita ngeunaan 
exlusive-na Kusnet bari jeung rumpu-rampa da teu jelas tea.
Geus dijelaskeun ku Kang Deni, oge ku Kang Kumi. Can jelas
keneh ?

Mun seug geus kaharti, nya geus bae tarimakeun. Naon hesena ?
teu kudu ditambahan kalimah-kalimah anu nandakeun aya rasa
kapanasaran keneh. 

Jeung deui, teu kudu dikuat-kait kana pasualan nganggur..
ngerakeun. Teu nyambung ongkoh.

-dul-
tukangteuing

--- In [EMAIL PROTECTED] <mailto:urangsunda%40yahoogroups.com> ups.com, Agus 
Pakusarakan 
<[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> hehe ah.. der we.. koma nu garuduh lalakon,
> kuayana iyeu kurang bisa narik kasimpulan 
> kumaha jeung kumahana..
> tapi iyeu kasimpulan moal di pedar 
> keun we cukup kuring... jeng dulur2 kusnet nu sapamikiran jeung 
kuring...
> da' geuning kalah disungkun... bae we lah...
> 
> rumas jelma nganggur teu boga naon2 mah serba salah... (emang gw 
fikiran - ceuk kang deni mah)
> cicing salah majar naha lain nanya atuh..
> protes salah... majar kalah nuduh da' lain nuduh nanya eta mah
> nya mun teu rumas ulah ambek kitu we..
> mun ambek nya teuing.. eta mah....
> 
> heheheh......
> 
> 
> K7/P1 <[EMAIL PROTECTED]> wrote: He....he....
> 
> rame geuningan? hi...hi...
> 
> Abdi mah mangga nyanggakeun sadaya2 ka para saderek, rumaos teu 
tiasa ngabantos, kapungkur kantos di toel ku Kang Deny kanggo 
ngabantos proses migrasi data, saur abdi teh punten pisan teu tiasa 
ngabntos jalaran koneksi internetna oge duh mani watir. Katambih2 
ayeuna mah nuju seueur ku padamelan anu sanesna anu lumayan matak 
nyeepkeun emutan. 
> 
> Nya intina mah urang silih hargaan we...atuh pami kakang Prabu 
bade ngabantosan, mangga kantun nalipun kang deny, he....he...Kade 
we Nyi Ratuna oge ajakan, hi....hi...
> 
> Salam baktosna we nya Kakang Prabu oge Kang Deny kanggo kulawargi.
> 
> Baktos,
> Runa Inawan - Bogor
> 
> 
> On 2/14/07, kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Wa'alaikumsalaam 
w. w.
> 
> Kang Agus, kuring mah bet jadi bingung nyanghareupan tulisan 
anjeun ieu teh, euy. Judulna wae geus kitu... Nanaonan ieu teh?
> 
> Kela... kudu dimimitian ti mana nya ieu teh... Oh, enya. Kahijina 
mah hampura bae, bisi jawaban ieu telat. Alesanana mah 'klasik', 
sibuk ku pigaweeun, teu kaburu 'puar-pair' tulisan anu daria. Ieu ge 
keur jangar pisan sabenerna mah, tapi ngarasa wajib mairan, pedah 
bae kasebut salaku kuncen, boh di milis atawa di lokana kusnet. 
> 
> Nyambung hoghag anjeun jeung Kang Deni dina judul obrolan anu 
sejen, kuring pribadi ngarasa kuciwa kana panyangka & tuduhan Kang 
Agus, komo deui tetela yen panyangka kitu teh dasarna ukur 
kateunyaho kumaha jujutanana eta loka pindah imah & ganti rupa nepi 
ka jadi bentukna anu kiwari. Ku kituna mah Kang Deni wajar ambek. 
Manehna teh geus hese cape ngurus loka, padahal pigaweeun di 
kantorna ge sakitu metungna, kalah dituduh nu lian2. 
> 
> Ayeuna kuring rek ngajawab sababaraha patarosan anjeun di handap, 
mangga regepkeun...
> 
> 1. datasbase nu website urang-sunda. or.id baheula aya keneh?
> > aya keneh, disimpen & diamankeun ku Kang Deni.
> 
> 2. naha diversi anyar wargi-wargi urang teu tiasa daftar kitu? 
atawas tos nutup panto pikeun wargi sunda nu hoyong ngeusi kana 
rohangan? 
> > tiasa pisan, ngan keur dipilihan keneh kumaha format anu 
panghadena pikeun ngawadahan 'wargi kusnet' sakumaha anu kungsi aya 
di loka anu heubeul. 
> 
> 3. cing naon wae syaratna hayang jadi wargi kusnet? 
> > euweuh sarat nanaon, asal puguh bae kahayangna
> 
> 4. pernah ngadangu ti salah sahijikuncen ceunah ayeuna mah mun 
hayang bisa asup kana situs bagian asup keun lalandihan jeung sandi 
kudu laporan heula ka kuncen terus ku kunci di pilih cocok hanteuna 
jadi pengeusi eta situs? 
> > di mana2 ge surang-saring mah wajar bae, ngarah teu 
dimangpaatkeun ku nu teu pararuguh. Lain cocog hanteuna, tapi 
motivasina hade atawa henteu.
> 
> 5. naha engke lila milis oge bakal kitu? nu bisa ngirim e-mail 
ukur jalmai2 anu kasohor anu pinter anu luhung anu balager? 
> > patarosan ieu mah kabina2, Juragan! TI baheula ge sarat posting 
di milis mah teu kungsi robah. jeung deuih kuring mah asa teu wawuh 
jeung kategorisasi anggota kasohor/luhung vs cacah kuricakan, 
anggota pinter vs bodo, anggota bageur vs bangor. kabehanana ge 
sarua. 
> 
> 6. mun ciga web aya kaayan kusnet kiwari lila kusnet teh exlusif 
euy.. lain keur urang sunda tapi keur sababara urang sunda nu 
pinter, nu bageur nu boga duit jeung sajabana
> > nyambung nu nomer lima di luhur, patarosan/tuduhan ieu mah teu 
aya dasarna. 
> 
> ah seueur keneh pertarosan2 sanesna mung da' hoream lain suujon 
teu mentang jawaban, da' bogana tos disuujonan sieun web dieusian 
kunu teu bener
> > peta kitu teh lain suudon, Juragan. Eta mah ajas kawaspadaan, 
ngarah teu dimangpaatkeun ku nu lain2. Nu kieu mah geus galib di 
mamana ge... ulah sok ge'eran asa dituduh kitu atuh... 
> 
> atukna mah... teuing kumaha keur kuring sorangan ngara kuciwa 
euy.. kuayana kitu.. bujeung hayang ninggal database dulur2 urang di 
web kusnet ciga baheula ayeuna mah hayang nempo atawa menerkeun data 
sorangan oge teu bisa 
> teuing dumeh peraturan tinu gaduh hosting kitu? atawa kumaha
> lieur atukna mah...
> > hampura, Juragan... ngaropea loka anyar teh teu acan rengse, 
kuncenna nuju saribuk. Kudu ngarti atuh, ulah kalah nuduh nu 
aneh2... 
> 
> lain belik lain hoream gan jadi kumaha nya' hese nomongna...
> moal maju jeng moal sauyunan we urang sunda ari kieu mah...
> > lah aing mah... los2 kana urang sunda moal sauyunan... ngadegna 
loka kusnet teh justru hasil tina lampah sauyunan, rereongan, rempug 
jukung, atawa naon bae basana. Aya anu sumbang tanaga & waktu, aya 
nu sumbang usulan, aya nu ukur lalajo, teu aya masalah. da dasarna 
ge sukarela, saridona, moal dibere duit atawa kalpataru... Mun boga 
usul, pek usul. salila usulanana hade mah tangtu moal ditolak. ngan, 
lain harti usulan nu ditampa teh terus prak dipigawe, da kudu ngarti 
oge yen kuncen teh salingkuh, ngandelkeun waktu kosong dina sela2 
kasibukan sewang2an... jeung kuncen ge can tangtu bisa migawena, 
matak salawasna butuh dibantuan ku nu sejen ge... atawa rek sakalian 
jadi kuncen sakalian, mangga teh teuing... dibageakeun pisan... 
> 
> sikandar
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> -- 
> ::ri_1::
> Hompage : http://inawan. <http://inawan.blogspot.com> blogspot.com
> http://inawan. <http://inawan.blogs.friendster.com> blogs.friendster.com
> Mobile : +62-818-109410
> www.urang-sunda.or.id.
> su.wikipedia.org
> [EMAIL PROTECTED] <mailto:urangsunda%40yahoogroups.com> ups.com
> [EMAIL PROTECTED] <mailto:tasik%40yahoogroups.com> com 
> urangtasik.multiply.com
> inawan.multiply.com 
> 
> 
> ----------------------------------------------------------
--------------- 
> AGUS PAKUSARAKAN 
> +62 81283 776 62 / +62 81806170432
> ----------------------------------------------------------
---------------
> UWJ | Azzoman | Abu Hafizh | Pakusarakan
> ----------------------------------------------------------
---------------
> 
> KAS I USAHA | FINGERPRINT | SOFTWARE | MultiJasa
> ----------------------------------------------------------
---------------- 
> 
> 
> 
> 
> ---------------------------------
> The fish are biting.
> Get more visitors on your site using Yahoo! Search Marketing.
>



 

Kirim email ke