Horrr..kutan kantos aya nu mostingkeun...?? punten we atuh teu kaparengkeun maos eta seratan .... ari jalur carios dina eta sasakala mah nya tangtos sami... mung perkawis nyandikeun/nyilibkeun hiji tokoh atanapi kajantenan, eta mah pamendak sim abdi, balas ku sering ngemutan karuhun bangsa Korea anu keukeuh ngaku turunan "Tangun"(manusa dewa anu turun ti langit di gunung Baekdu) sareng biruang bikang, dugi ka di Korea aya hiji agama/kapercayaan anu nyembah ka Tangun. Sabaraha welas taun kapengker, sim abdi kenging kacindekkan yen "Tangun" teh hiji jalmi turunan/kulawargi wangsa "Tang" anu kantos ngawasa di daratan Cina. Malihan eta pamendak teh dugika ngabalukarkeun pagetreng sareng pun bojo, heuheuheu... Nembe dina taun 2000an dina TV KBS, dina acara nalungtik sajarah, aya tim sajarah Korea anu hasil mendakan eta kecap "Tangun" teh, nyaeta hiji jabatan kapala daerah dina jaman karajan Kugoryo, anu ngawasa sabagian daratan China kaler-wetan dugika sabagean daratan Korea palih kaler. Upami biruang ku sim abdi dihartoskeun wanoja gunung, tiasa anak paninggaran (tukang moro) tiasa anak hiji pandita anu ngisat diri, wallahu alam.., dugika ayeuna teu kantos kakuping, duka teu katalungtik, duka teu dibewarakan kanggo ngaragangan ka salah sawios golongan. Tidinya, ras emut bae kana carios/dongeng/sasakala dilembur, anu sok nyabit-nyabit ngaran sasatoan. Sakitu, ssw
Dudi Herlianto <[EMAIL PROTECTED]> wrote: wa apih, sikuring ge pernah maca nu kieu teh dina seratanna kang eddy nugraha, nu dijejeran "munjung ka sato". mangga kotektak dina pabetekan milis us geura... ieu aya penggelanna: (1) Aya oge nu sabab nyilibkeun hiji kajadian 'satire' penting nu kaalaman ku luluhur supaya bisa kaharti ku jalma-jalma budiman wungkul, ari ka jalma-jalma 'bodo' mah 'dipiharep' bakal dianggap sakadar dongeng ubar tunduh jadi moal aya nu ngarasa 'dinyerikeun tur di uar-uar', urang caritakeun salah sahiji conto nu kadua dina carita sangkuriang: Sangkuriang: hiji jalma nu bapana Anjing indungna Bagong. Jalma umum mah geus teu bireuk deui kana Sangkuriang nu jadi carita. Malah pernah rame nyebutkeun yen urang sunda cenah turunan anjing jeung bagong. Ari maksud nu saenyana mah, nu kapanggih, kieu: Baheula aya raja sunda nu hiji waktu 'safari' ka kampung-kampung. Hiji waktos anjeuna kaleresan mendakan wanoja donto matak pantes dikias keun bagong (bagong oge sato leuweung nu dagingna ngeunah pisan kalandepan jaman harita ayeuna ge loba keneh nu moro bagong keur jadi daharan mahal pikeun nu beuki umumna urang tionghoa). Nya dasar raja sagala kenging. Teras weh 'kiih'na di inum 'bagong' (saresmi). Gaduh putra istri geulis kasebat Dayang Sumbi. Sanaos ahirna dicandak ka karaton diangkat janten putra, ieu putri teh ngaraos prihatin margi sanes putra ti menak - putra selir ti kalangan cacah-dugikeun ka dilingkungan karaton ge 'kaasingkeun' seueur 'kapoyok'. Ku papada putra sa Bapa ti istri-istri raja sareng kalangan karaton sok dibentenkeun, da umumna mah sanaos ti selir tapi paling henteu istri raja mah kedah ti putri raja daerah atanapi raja bawahan/patalukan. Nya sadidinten gaduh 'realm' (pagawean umumna jaman harita keur awewe ninun) nyalira tara seueur ngumpul jeung kalangan karaton. Dibaturan ku para pangawal sareng emban wungkul. Diantara pangawal teh aya nu satia (silibna anjing sato nu satia kadunungana). Nya diantawis eta dua jalmi papada 'akrab' tur lunsur asih, sanaos teu tiasa nembrak sabab benten pangkat. Dugikeun ka dina hiji waktos gaduh kasesah nu nulungan teh teu aya deui iwal ti eta pangawal. Ahirna saparantos ngaraos linggih di karaton ge di'bentenkeun' ku papada, nu karaos asih haat nulung sadidinten mung eta pangawalna nya terasnamah mutuskeun anjeun nikah sareng pangawal ngantunkeun karaton. Sok sanaos kaputusan anjeuna 'mahiwal' nikah sareng pangawal, bari asalna oge putra raja mahiwal margi ti 'cacah', ku raja tetep dina ngantunkeun karaton teh dititipkeun di hiji mandala (patapaan) da gaduh pangkat putri raja .di eta mandala mah Dayang Sumbi kenging panghormat somah nu nyugemakeun .terasna mah hiji waktos putrana ge kakoncara gaduh gelar Sang Guriang lain sangkuriang (Guriang hartosna patapa lalaki, lamun awewe ngarana Indang = kongas istrina Wong Agung Cirebon Pangeran Cakrabuana ti gunung marapi jenengan nu kawarti Nyi Indang geulis = patapa istri nu geulis) nu matih mampuh nepi ka ngawasa karaton .. jeung satuluyna (dina bab ulikan mepeg Sanghyang Tikoro). Catetan didieumah nyatana, anjing silib jalma satia, bagong silib jalma cacah kampung tapi dipikabogoh menak da ngeunah. ---- sikuring, dh Recent Activity 8 New Members 2 New Photos Visit Your Group Give Back Yahoo! for Good Get inspired by a good cause. Y! Toolbar Get it Free! easy 1-click access to your groups. Yahoo! Groups Start a group in 3 easy steps. Connect with others. . http://cikundul3.multiply.com Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda